2008/7/3 Rahman <[EMAIL PROTECTED]>:
>> Naon wae anu teu akur dina Qur'an pikeun manusa moderen?
>>
> Halow Kang D,
>
> Urang mailkan conto homoseksualitas deui. Ceuk buku manual Islam (buku
> manual Yahudi jeung Kristen oge!) homoseksualitas teh dosa, sabab
> dianggap panyimpangan KALAKUAN.
>
> Ayeuna (jaman moderen) geus kabuktian yen eta 'kalakuan' teh diatur ku
> genetika.
>

DN:
1. Naha perkawis gén ieu parantos sapuk mayoritas ilmuwan teu acan?
2. Sanajan urang gaduh gén homoséksual, urang tetep tiasa milih pikeun
kawin ka lawan jenis. Lamun teu tiasa ngadalikeun kalakuanana, naon
gunana janten manusa?
3. Naon mangpaatna homoséksual pikeun manusa jeung kamanusaan? Lamun
taya mangpaatna, hartosna nu homoséksual sakiatna kedah ngalawan atawa
ngarobah sipat (bawaan) éta.
4. Teu sadaya nu diatur génétik téh sae, contona anu cacat suku,
disambung ku kreuk, atanapi bibir sumbing, dioperasi. jsb. ditarékahan
sangkan cageur, lantaran organ-organ éta jalan teu sasuai fungsina.

> Conto kadua. Mun dina manual Islam, Yahudi jeung Kristen (hanjakal
> sarua kabeh!) nganggap yen panonpoe ngurilingan bumi (inget kasus
> Galileo jeung Copernicus?), terus ayeuna kabuktian yen bumi
> ngurilingan panonpoe. Doktrin anu kitu MASIH keneh luyu jeung budaya
> moderen?
>
> Atawa kuring salah nyokot kasimpulan? :))
>
DN:
Henteu sadaya ulama Muslim sapuk yén Qur'an nyebatkeun kitu, janten
kamungkinanana nyaéta aya nu lepat dina interpretasi, teu acan tangtos
lepat dina Qur'anna. Ayeuna cobian heula ku kang Rahman dipedar, ayat
Qur'an mana waé anu nyebatkeun panonpoé ngurilingan bumi teras urang
sami-sami nyandak kasimpulan.

Cobian baca pedaran ustadz Ahmad Sarwat:
http://www.eramuslim.com/ustadz/dll/6615112815-benarkah-quran-menetapkan-bahwa-matahari-mengelilingi-bumi.htm

>
> Pertanyaan kuring.... eta manual heubeul teh masih keneh tetep bisa
> dipertahankeun?
>

DN:
Lamun aya nu lepat dina Qur'an, mangka urang kedahna tong ningali
Qur'an deui. Nanging pami nu lepatna dina tarjamah Qur'an, mangka anu
kedah dilereskeun téh hasil tarjamahan éta.

--
Dian.

Kirim email ke