Pami maling mah da puguh langsung katingali karugianana ka jalmi nu dipalingna, 
tah ari perkawis homosexual mah teu acan tangtos, sareng bisa jadi teu memang 
ngarugikeun batur. Ditempat dimana homosexualitas teu ditabukeun, kulawarga nu 
ngagaduhan anggota kulawargana homosex teu ngaraos isin deui, teu ngaraos aya 
tekenan di masyarakat.., janten ari tos kitumah nya..ning biasa wae.., teu 
singna kagaranggu.., mung enya perlu waktos kangge nampina..

Didideu,  saatosna tiasa kauninga ti masih dina kakandungan janin nu keuna ku 
down syndrome, spina bifida jsb.., jumlah anak nu kasawatna ngurangan drastis 
pisan ti taun2 sateuacanna, kumargi seueur sepuh nu akhirna milih ngagugurkeun 
kakandunganana pami tos kanyahoan yen anakna bakal kasawat panyawat2 eta..,  
Tah.. ke pami tos leres2 memang kanyahoan yen ti masih keneh dikandung tiasa 
kanyahoan pibakaleun homosex .., meureun tiasa kawas kitu oge.., si ibu tiasa 
ngagugurkeun kakandunganana, meh nu lalahir teh manusa super sadayana.., pami 
kasusna kawas kieu.., kenging kitu dina ajaran Islam maehan janin? boa2 ke mah 
dihalalkeun aborsi nu sateuacannamah dilarang kacida da teu nampi 
homosexualitas, benten sareng down syndrome nu abdi uninga mah.. teu kenging di 
gugurkeun..

Nu abdi teu ngartos saur kang Dian : homosex teu aya mangfaatna kangge 
kamanusiaan.., maksadna kumaha? naha kulantaran teu tiasa neruskeun katurunan? 
salian ti eta naon bae tah?
Ari pangemut abdimah.., musnahna manusa sanes kulantaran janten homosex, nu 
jumlahna heunteu dugika satengahna2 acan ti  jumlah manusia hetero.., nu paling 
ge saurnamah teu dugi ka 10% tina populasi manusa, puguh nu janten musnahna 
manusa mah sigana ku perobihan alam, ku pemanasan global.., ieu nu nuju 
dipikahawatirkeun ku umat manusa ayeuna.., anak incu urang teh boa2 hirupna 
engke bakal susah pisan!!!, teu aya cai, teu aya minyak, teu aya kadaharan.., 
ih...mudah2an ulah dugi ka kitu!!!

Baktos,
Maria

  ----- Original Message ----- 
  From: Dian Nugraha 
  To: Baraya_Sunda@yahoogroups.com 
  Sent: Thursday, July 03, 2008 4:03 PM
  Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: Bener vs salah


  2008/7/3 Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]>:
  > 2008/7/3 Rahman <[EMAIL PROTECTED]>:
  >>>
  >> Wah, kuring mah teu sanggup judgment Kang! Bisi salah... salah
  >> interpretasi eta ayat he he he. Hanas nyangka manusa homoseksual dosa,
  >> pek teh maksud Pangeran sabenerna lain kitu. Kumaha tah? Kuring mah
  >> rada palalaur neumbleuhkeun dosa ka batur. Bisi nyalahan!
  >>
  > Atuh kieu we. Ari kalakuan maling dosa teu?
  >

  Maksad abdi naros kitu teh pedah abdi mendakan yen duanana kalebet anu
  dihujat dina Qur'an.
  Lamun misalna hiji kalakuan dihujat Qur'an ku urang anggap dosa, tapi
  nu sanesna nu dihujat oge teu dianggap dosa, asana teh janten teu
  konsisten kana pamahaman urang nyalira. Padahal sami-sami dihujatna.

  Baktos,
  Dian


   


------------------------------------------------------------------------------



  No virus found in this incoming message.
  Checked by AVG. 
  Version: 8.0.134 / Virus Database: 270.4.4/1531 - Release Date: 2008-07-02 
19:02


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke