Abdi masih teu yakin lamun homoseksual teh turunan sacara genetik.
Mangga dipangjentrekeun ku Teh Maria atanapi Kang Rahman, gen anu mana
anu ngakibatkeun homoseksual teh. Kukituna, lamun teu acan yakin
perkawis masalah gen ieu, abdi moal waka tebih-tebih ngabayangkeun
bakal aya nu ngaborsi. Sabalikna lamun disebatkeun homoseksual
dipangaruhan lingkungan, abdi satuju.

Perkawis maling tea, mugia diemut. Patarosan abdi sanes, "ari maling
teh ngarugikeun batur teu?", nanging "ari maling teh dosa teu?" Leres
pisan maling ngarugikeun batur. Tapi naha maling teh dosa? Uih deui ka
patarosan kang Rahman baheula, "naon ari dosa teh?" Naha urang tiasa
ngahukum nu maling teh dosa? Sanesna dosa mah urusan Pangeran? Janten
dina logika abdi mah, lamun urang teu yakin homoseksual dosa, urang ge
moal yakin yen maling teh dosa. Mugia dilereskeun bilih abdi lepat
ngadamel kasimpulan.

Teras abdi nyebatkeun homoseksual teu aya mangpaatna kumargi teu acan
aya nu nyebatkeun mangpaat homoseksual. Mangga cobian ku Teh Maria
disebatkeun ka abdi naon mangpaatna homoseksual teh. Sugan abdi tiasa
robih pamadegan. Leres pisan ku kalakuan homoseksual teh urang moal
tiasa gaduh turunan. Cobian pami hal ieu kaalaman ku budak urang, naha
urang teu ngaraos handeueul?

Salam,
Dian.


2008/7/3 Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]>:
> Pami maling mah da puguh langsung katingali karugianana ka jalmi nu
> dipalingna, tah ari perkawis homosexual mah teu acan tangtos, sareng bisa
> jadi teu memang ngarugikeun batur. Ditempat dimana homosexualitas teu
> ditabukeun, kulawarga nu ngagaduhan anggota kulawargana homosex teu ngaraos
> isin deui, teu ngaraos aya tekenan di masyarakat.., janten ari tos kitumah
> nya..ning biasa wae.., teu singna kagaranggu.., mung enya perlu waktos
> kangge nampina..
>
> Didideu, saatosna tiasa kauninga ti masih dina kakandungan janin nu keuna ku
> down syndrome, spina bifida jsb.., jumlah anak nu kasawatna ngurangan
> drastis pisan ti taun2 sateuacanna, kumargi seueur sepuh nu akhirna milih
> ngagugurkeun kakandunganana pami tos kanyahoan yen anakna bakal kasawat
> panyawat2 eta.., Tah.. ke pami tos leres2 memang kanyahoan yen ti masih
> keneh dikandung tiasa kanyahoan pibakaleun homosex .., meureun tiasa kawas
> kitu oge.., si ibu tiasa ngagugurkeun kakandunganana, meh nu lalahir teh
> manusa super sadayana.., pami kasusna kawas kieu.., kenging kitu dina ajaran
> Islam maehan janin? boa2 ke mah dihalalkeun aborsi nu sateuacannamah
> dilarang kacida da teu nampi homosexualitas, benten sareng down syndrome nu
> abdi uninga mah.. teu kenging di gugurkeun..
>
> Nu abdi teu ngartos saur kang Dian : homosex teu aya mangfaatna kangge
> kamanusiaan.., maksadna kumaha? naha kulantaran teu tiasa neruskeun
> katurunan? salian ti eta naon bae tah?
> Ari pangemut abdimah.., musnahna manusa sanes kulantaran janten homosex, nu
> jumlahna heunteu dugika satengahna2 acan ti jumlah manusia hetero.., nu
> paling ge saurnamah teu dugi ka 10% tina populasi manusa, puguh nu janten
> musnahna manusa mah sigana ku perobihan alam, ku pemanasan global.., ieu nu
> nuju dipikahawatirkeun ku umat manusa ayeuna.., anak incu urang teh boa2
> hirupna engke bakal susah pisan!!!, teu aya cai, teu aya minyak, teu aya
> kadaharan.., ih...mudah2an ulah dugi ka kitu!!!
>
> Baktos,
> Maria
>

Reply via email to