mana nu leuwih ti heula aya pulau jawa heula atawa urang jawa heula?
--

kuring mah boga teori nu ngaranna urang (bangsa--nu tuluy sawareh mah aya nu
nyukuan, nepi ka bangsana leungit tinggal sukuna haha) muncul gara-gara aya
(sababaraha) jalma nu nempatan hiji wilayah. jadi aya wilayahna heula kakara
mucunghul hiji urang.

ngaran-ngaran 'urang' biasana sarua jeung ngaran nu dicicingan ku maranehna.
misalkeun urang sunda nyicingan karajaan sunda. urang malayu cicing di
karajaan malayu. urang mataram nu nyicingan mataram, urang majapahit nu
nyicingan majapahit. urang jepang nyicingan nagara jepang. jrrd.

tah nu jadi pertanyaan kuring naha urang jawa, mun make teori kuring kuduna
nuduhkeun urang nu nyicingan pulau jawa, ngan ukur nuduhkeun ka urang-urang
nu ayana bah wetan? ngan ukur sebutan keur turunan urang karajaan mataram,
singasari, majapait, demak, pajang, mataram, surakarta+jogjakarta wungkul.
sedengkeun urang karajaan sunda diiwalkeun. padahal sarua pada-pada karajaan
nu aya di pulau jawa, nu eta pulo geus dingaranan kitu ku urang india ti
memeh eta kabeh karajaan aya. naha memang ti baheula nage urang karajaan beh
wetaneun karajaan sunda mah geus nyebut maneh urang jawa? atawa naha di
dinya aya konspirasi keur ngusir urang sunda ti pulau jawa?

haha... ua duq ngawadu(q)l

On Tue, Jul 8, 2008 at 7:37 AM, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Laut Sunda mun teu salah mah gabungan antara Selat Malaka jeung Laut
> Jawa, laut anu kabentuk satutasna Amparan Sunda (Sundaland) tilelep sawareh.
> Laut Jawa tiasa leres disebat kitu, da memang nganteng kalereun pulo Jawa.
> Pon kitu oge selat Malaka, da ayana antara Tanjung MALAyu jeung KAlimantan
> (heuheuheu... ngarang).
>
> Kade etah urang kedah ati2, bisi enya robah sebutan Jawa teh pedah memang
> leuwih pas disebutna kitu (ayana di pulo Jawa). Tapi mun memang leres
> nujulna ka Amparan Sunda, urang bisa ngeukeuhan. Kari prakna bae atuh,
> jung... heheh
>
> 2008/7/7 Roza Rahmadjasa Mintaredja:
>
>>    Leres piiisan , seueur anu kedah dikoreksi teh...
>> perkawis sagala penamaan2 anu direkayasa....
>> sakawitna mah panuju2 bae kana istilah teh.....
>>  tapi saparantos di aos dina aksara Latin na...
>> BOS SONDAICUS- Banteng Suuunda atuuuh...
>> RHINNOCEROS SONDAICUS,.Badak Suuuunda atuuuh...
>> sadaya sato anu aya kecap Sundana sok di Jawa keun...
>> Cobi tengetan,..........
>> Ari Laut Jawa aya,........
>> ari.....Laut Sunda dileungitkeun...???
>> dimana cing ayana?
>>
>

-- 
d-: dudi herlianto :-b
~karék cénah~


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke