Nuhun Kang W,

Kuring teu apal kana sarsilah istilah Sunda dina widang gegeolan mah
he he he. Duka mana nu paling ti heula. Ngan memang aya kamungkinan
gede istilah Sunda dipake (deui) dina widang geologi kulantaran geus
dipake sabage istilah wilayah dagang? 

Ari urang Portugis nyebut Banten (Bantam) teh Sunda deuih?

Anu jadi pertanyaan kuring, istilah Sunda na Portugis teh nunjukkeun
Sunda mana nya? Mun Tom Pires nyebut Sunda teh ngan ukur ngacu ka
Pajajaran? Atawa ka karajaan Sunda sejen na?

Ari kapuloan SUnda nu mana jelas na?

Wah, loba tanyakeuneun euy. Tulung atuh euy, tukang geol... kamarana
yeuh? :)))

baktos,

Rahman

--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > From: Rahman
> > Kuring mah kurang satuju mun ieu istilah 'amparan Sunda jeung amparan
> > Sahul (AS)' tea geus dipake dina abad 15/16.
> 
> Enya Kang ari palebah amparan (paparan) Sunda mah,   tapi sigana ieu
nyokot 
> tina istilah nu leuwih heubeul  "Kapuloan Sunda" ( Greater Sunda &
Lesser 
> Sunda). Kuring nyangka para pelaut Protugis/ Eropa baheula di abad
ka 15/16 
> nyebut pulo-pulo di urang teh KAPULOAN SUNDA. Istilah "Sunda" ieu nu
asup 
> kana dunya ilmiah (geografi, geologi jeung biologi). Jadi weh aya
istilah 
> Paparan (Amparan) Sunda jeung sondaicus keur aran-aran flora-fauna khas 
> (endemik) di kawasan ieu. Sabaraha aran fauna make aran sondaicus,
sanajan 
> aya nu dikoreksi jadi javanicus, tapi ari badak mah tetep sondaicus
......
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Reply via email to