> From: Dian Nugraha
> Abdi gaduh conto sapasang adi lanceuk di Jerman anu inses. Duanana
> sawawa tur suka-sama-suka teu ngabahayakeun sasaha. Tapi angger
> lantaran hukum di Jerman inses teh ilegal, duanana dipisah sacara
> paksa. Nu poligami di Jerman bakal dipaksa misahkeun salah sahiji. Ieu
> nuduhkeun yen sok aya wae standar ganda di nagara-nagara anu ku urang
> sebat 'maju' tur 'moderen'.

Punten kakara kabaca, kuring kamari kaluar kota heula. Inses sareng polygami 
mah sanes kulantaran kelainan genetik, jadi teu tiasa dibandingkeun jeung 
homoseksualitas nu diakibatkeun ku kelainan genetik. Kuring oge ngartos kana 
tulisan Kang Dian, yen nu boga sifat homoseksualitas LEUWIH HADE nahan 
dirina. Satuju Kang Dian, ngan masalahna tingkat libido manusa teh pan 
beda-beda. Aya nu bisa "selibat" siga pastor atawa pendeta Budha, tapi aya 
oge nu teu bisa. Tah palebah nu teu bisa, kumaha nyalurkeunana?

Geus lain carita deui, penularan HIV/AIDS lolobana kulantaran gunta-ganti 
pasangan. Kulantaran geus aya etikana, gunta-ganti pasangan keur manusa 
normal, jarang dilakukeun jeung lamun dilakukeun aya "sanksi sosial" ti 
masyarakat. Ieu beda jeung kaum Homo, kulantaran etikana teu aya, maranehna 
sering ngalakukeun gunta-ganti pasangan, nu ngakibatkeun penyebaran panyakit 
kelamin. Jadi kaharti oge lamun aya nagara ngalegalkeun kawin pasangan 
sejenis, nu salah sahiji manfaatna kaum homo henteu gunta-ganti pasangan.

Tapi ieu ukur pikiran obyektif  kuring, da ari hate mah, kuring oge sarua 
jeung Kang Dian, teu bisa narima, komo kuring mah cicing di lembur, ditambah 
didikan "konservatif" ti kolot .....

Baktos,
WALUYA




Reply via email to