Nambihan deui argumen naon sababna perkara genetik teu tiasa
dijantenkeun alesan pikeun nganggap kalakuan homoseksual teh bener
atawa normal, nyaeta lantaran perkara genetik ieu tiasa dijantenkeun
alesan oge ku:
- anu hiperseks, pikeun sagawayah nyalurkeun hasratna ka sambarang jalma.
- anu pedofil, pikeun sagawayah nyalurkeun hasratna ka budak nu tacan sawawa.
- anu inses, pikeun sagawayah nyalurkeun hasratna ka dulur sakocoran
getih (ka anak atawa lanceuk/adi).

Salam,
Dian.


2008/7/5 Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]>:
> 2008/7/5 Rahman <[EMAIL PROTECTED]>:
>>
>> Haturan Kang D,
>>
>> Hampura nganjuk nya, rek mairan hese nyolong waktu. Ma'lum ari jadi
>> satpam mah, ngan ukur bisa diituh etah ku komandan he he he.
>>
> @
> Salse we kang. Teu aya nu rarusuh, da. :-)
>
>> ....Wah, kuring mah teu sanggup judgment Kang! Bisi salah... salah
>> interpretasi eta ayat he he he. Hanas nyangka manusa homoseksual dosa,
>> pek teh maksud Pangeran sabenerna lain kitu. Kumaha tah? Kuring mah
>> rada palalaur neumbleuhkeun dosa ka batur. Bisi nyalahan!....
>>
> @
> Henteu bisi nyalahan lamun nganggap teu doraka ka hal doraka?
>
>>
>> Balik kana pertanyaan maling vs homo anu dianggap dosa.
>>
>> 'Dosa' na maling. Aya dua kompnen:
>>
>> 1. aya nu dirugikeun
>> 2. kalakuan dihaja, sabab taya istilah dilahirkeun jadi maling
>>
>> Lebah 'dosa' na homo. Eta dua komponen teh TEU hadir. Jadi, bisa
>> disimpulkeun yen konsep dosa teh ULAH diTAFSIRKEUN sarua. Kudu ditempo
>> deui konteks na.
>>
> @
> Dina hal kalakuan homoseks ieu, naon anu robih ngeunaan konsep
> homoseks jaman Nabi Muhammad sareng abad ayeuna? Sami-sami
> didefinisikeun yen 'homoseks' teh 'neumbleuhkeun hasrat seksual ka
> sasama jenis' ditambihan ku disebat yen eta teh kalakuan hina/nista.
> Sanaos kapendak yen eta teh bawaan genetik, nanging konsep homoseks
> nyalirana mah tetep kitu.
>
> Teras abdi gaduh perbandingan kieu.  Aya jalmi nu ku bawaan genetik
> kagungan hasrat seksualna ageung. Sok wae teu ngaraos cekap ku hiji
> pamajikan. Nanging naha kedah maksakeun neumbleuhkeun sambarangan
> lantaran pami teu disalurkeun janten teu sehat? Pan henteu oge. Kadali
> diri tetep penting. Kukituna pikeun nu homoseks oge kedah diajar
> kadali diri eta.
>
> Di sisi nu sanes parantos diguar oge ku kang Gusaeni yen anu
> dilahirkeun banci (teu sampurna raranganana atanapi langkung ti hiji),
> kedah nyampurnakeun janten salah sahiji isteri atanapi pameget.
> Gumantung ka nu mana nu langkung caketna. Ieu sanes ngarobih, tapi
> nyampurnakeun. Sapertos anu bibir sumbing dioperasi atanapi nu
> sampeanana cacat disambung nu palsu sangkan fungsina normal.
>
>>
>> Mun disambungkeun jeung poko bahasan Kang W. Pan pabaliut oge ... kudu
>> kumaha NAFSIRKEUN kecap 'hinjir' anu dianggap haram tea. Famili,
>> Species, Ordo, atawa spesifik juragang babi tertentu?
>>
> @
> Parantos dituduhkeun kumaha metodena. Janten henteu pabaliut deui.
> 1. Pasti AYA spesies babi nu haram dituang (moal aya dina teks kitab
> suci lamun teu aya)
> 2. Pami teu yakin spesies nu mana, mangka sa Famili Suidae janten
> syubhat dituang.
> 3. Pami yakin sa-Famili Suidae teh babi anu di maksad Al-Hinjir,
> mangka sa Famili janten haram dituang.
> 4. Sikep urang kana hal syubhat sareng haram teh sami, mangka sa
> Famili Suidae ditebihkeun tina kadaharan urang.
>
> Kacindekan:
> Sa-Famili Suidae ditebihkeun tina kadaharan urang (, teu dijantenkeun
> kadaharan).
>
>
> Dian.
>

Kirim email ke