Boga eupan ngarahul euy! :))

Aya nu rada aneh kana sikep urang Sunda. Dina perkara teori evolusi
LOBA urang Sunda anu kekepehan dianggap manusa saturunan jeung monyet.
Ngan lebah dongeng Siliwangi mah, urang Sunda sok narima ngahiang na
Siliwangi JADI maung. Malah mah AYA anggepan yen manusa teh TURUNAN
maung. 

Maung kajajaden dianggap aya, ngan lebah monyet kajajaden kekepehan
nolak. Kunaon bet kitu nya? Aya nu apal kana sikep midua na urang
Sunda siga kieu?

Mun nempo mitologi Sunda mah, pan aya hubungan manusa Sunda jeung
hewan. Si Tumang teh bapa na Sangkuriang lin. Dayang Sumbi ge pan
indung na bagong anu dianggap harrrooom... ;))

Kumaha tah?
Wilujeng ngarahul...

baktos,

Rahman

Kirim email ke