> From: Rahman
> Mun nempo mitologi Sunda mah, pan aya hubungan manusa Sunda jeung
> hewan. Si Tumang teh bapa na Sangkuriang lin. Dayang Sumbi ge pan
> indung na bagong anu dianggap harrrooom... ;))

Komo urang Kalimantan jeung Sumatera mah, aya monyet gede di leuweung, malah 
diaranan "Orangutan", "orang" pan manusa. Jadi keur luluhur urang Kalimantan 
jeung Sumatera mah, teu aya masalah monyet disaruakeun jeung manusa oge. 
Keur etnik-etnik nu hirup di lingkungan nu beunghar ku mangkeluk hirup, 
mitologi nu nyampurkeun manusa jeung sato teh loba pisan. Di urang SUnda, 
sato nu sok disebut-sebut teh maung, monyet, bagong, oray jeung kalong. 
Prabu Siliwangi tilem jadi maung. Lamun neangan kabeungharan ku jalan 
munjung, biasana ka siluman sato. Ngipri ka oray, nyegik ka bagong, ka 
monyet oge aya istilahna, ngan poho deui aranna. Jurig nu sok ngarawu budak 
leutik ba'da magrhib di lembur kuring disebut Kelong (sigana tina Kalong). 
Jelema nu robah jadi sato atawa sabalikna disebut kajajaden .....

Baktos,
WALUYA




Kirim email ke