tah anu kieu Akang anu dipimaksad teh...
margi upami ngadamel proposal ka LN mah can kantos,
biasana tempat anu mangrupi samsat-na pendidikan luar sekolah
teh kasebatna community learning Center (istilah Unesco)
kuring teh minangka direkturna
(muhun direktur teu boga nanaon tea, he he he)

sok diantosan ka mana sakadang eminx kedah ngontak ?
da secara organisasi oge Akta Notarisna -na ti tahun 1975
mun CLC-na ti kawit 2 Agustus 2002
moal sieun ah dina bebeneran mah

ke, ke dupi Kang Rahman ti Sukabumi ,
naha da abdi ge urang Nyagkowek Cicurug
aya keris warisan aki can dicandak dugi ka ayeuna di Benteng
apal ?

nuhun kang Rahman,
diantos eta foundation mana nu kedah dikontak teh

baktos,


On Thu, Jul 24, 2008 at 5:23 PM, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>,
> "Ema Sujalma" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > kuring jeung pamajikan ti taun 1992 ngurusanan pendidikan luar sekolah
> > yayasan anu diurus ku kuring mimitana mah ngahususkeun pendidikan
> sekolah
> > (formal)
>
> Karya nyata tah Kang! Hade pisan! :))
>
> Sarua, kuring di Sukabumi oge ngadegkeun yayasan dina widang atikan.
> Adi2 kuring anu ngageroh na! Ayeuna mah keur digawekeun teh kagiatan
> pra-sakola. Kahareupeun kuring boga niat nyieun bale ktatrampilan anu
> nyambung jeung kaperluan hirup, utama na mah keur jalma anu kurang
> beruntung.
>
> Keur digarap leuleutikan ieu ge.
>
> Kang, kuring geus ngontak hiji yayasan di NL anu sok nyalurkeun barang
> urut tapi masih keneh alus. Anu jadi inceran kuring samisal mesin
> jahit, komputer urut, peralatan pertukanngan jlte. Mun kabeneran butuh
> nu kitu, coba kirim proposal na ka kuring, engke diteruskeun.
> Susuganan bisa nambah alat2 jang pendidikan keterampilan tea? Syarat
> permohonanan KABEH kudu formal. Ti organisasi ka organisasi.
> Permohonan perorangan mah moal dilayanan.
>
> Susuganan ku upaya siga kieu bisa ngurangan kamiskinan bangsa urang?
>
> baktos,
>
> Rahman
>
>  
>



-- 
Ema Sujalma


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke