Ayeuna kocapkeun di sisi leuwi.
Ceuk Raja:
Buru Lengser!
Buru!
Deuleu ituh kalang di langit!"

Si Lengser tanggah!
Burulu ........
nyiru, karung jeung boboko
Nu disuhun patumpuk-tumpuk,
burulu murag ti hulu,
Ceuk Si Lengser:
Ituh, ituh!
Ituh kalang laleungitan!
Deuleu!
Mimiti luar nu bodas,
laju kalang nu hejo,
kari kalang nu beureum,
bodas eujeung biru
Deuleu!
Leungit
nu biruna
Kari beureum eujeung bodas!
Ambuing!
Leungit kalang nu bodas,
kari nu beureum ....
Kalang beureum!
Buru Gusti, buru!
GEURA SUMPUTKEUN!
Laju si Lengser eujeung Raja,
nyahiar lebah anu singkur,
Nu buni moal kapanggih,
ku sakur nu lain mudu mangihanana!

Laju
Wur, wur
Wur, diawur-awur
sakabeh bawa si Lengser!
Ngan si Lengser nu nyaksian,
ngan si Lengser anu nyaho,
Palebahna lebah mana....!

Laju ceuk Raja:
He Leuwi K(s?)ipatahunan!
Ieu kawula mihape!
Ampihan!
Engke,
Mun geus nepi ka mangsana,
Ku dia bikeun deui,
kanu jauh tapi deukeut,
anu deukeut tapi jauh,
Ja bikeun ka inyana!

Iraha nya mangsana?
Engke,
mun mayang jadina pare,
Mun beas dibeulina ku emas,
Mentas ngadeg deui bale kambang,
anggeus ki pare nu sapasang,
tetengger di Lawang Gintung,
Dituar Raja panyelang.
Engke,
Kadieu bakal datang hiji jelema,
nu ku ngaing dithirian(?)
Hanteu jeneng jadi Raja,
sebut buta tapi neuleu,
Ari Hirupna?
Balangsak euweuh kaboga,
dihina ku tatangga,
tapi,
diajenan kunu jararauh!

Tah inyana dia bikeun!
Sabab nya inyana,
nu baris nuluykeun deui,
Raja-raja Pajajaran.
Ayeuna ngaing mihape!
sabab ieu kila-kila,
geus nuduhkeun jalan lalakon,
boa-boa,
PAJAJARAN BAKAL PINDAH ALAM!

Tunda deui, bari nungguan pindahna alam!

[Lajengkeuneun]

Kirim email ke