[Panganteur: Ieu rada sensitip, keun we nya? WLY]

Kocapkeun balad Banten.
Nu ngarurugna,
bari nanggoan balad ti wetan.
Balad Banten ting araleut,
ngaleutna barian surak.
Dipapag ku Si Lengser!
Dipapag ku baladna si Lengser!
Burudul musuh ti kaler,
Dipapag ku baladna si Lengser,
Burudul musuh ka kidul,
eudeuk nyabrang Tipinanggading,
Eta mah dipapagna
Ku ki Raden Bagus Setra,
nu dibantu:
Ku rakean incu si Lengser!

Der perang.
Perang, batur, perang deui!
Perangna rosa jasa!
Kadeuleu ku Si Lengser aya nu ngaringkang,
jangkung kuru, kulit hideung.
Kawahuan(?) ku si Lengser
Tina tapak luah dina jubah inyana!
Ceuk pikir si Lengser:
"Tuh inyana si Langkawarah!,
Nu ti heula ngabedol kanjut!,
Ti heula sia make SORBAN,
Ayeuna sia make KOPEYAH BEUREUM,
jiga petasan kari nyeuneut,
tapi ngaing moal pangling!"

Der perang!
Si Lengser jeung nu jangkung kuru,
perangna rosa jasa,
saling cabok, saling takol,
saling sered, saling gegel,
saling kadek, saling cekek,
salin rawel nu dibunian!

Perang, perang!
Perang sakuriling bungking,
ngan Raja urang masih keneh ngawurkeun!
Perang, batur, perang!
Si Lengser perangna rosa!
Datang ka wayah srangenge nyorot manceran!

Ceuk nu jangkung hideung:
"Ke eureun heula!"
Ceuk si Lengser:
"Kumaha eureun heula?"
Ceuk nu jangkung hideung:
"Ayeuna wayah lohor!,
ngaing mudu salat heula!"
Ceuk si Lengser
"Jor!"
Laju nu jangkung hideung teh salat Lohor.
Ari si Lengser?
Inyana mah mumuluk heula.
Mani beak tilu boboko!

Anggeus salat, anggeus mumuluk,
der bae perang deui!
Ceuk nu jangkung hideung:
"Wani?"
Ceuk si Lengser:
"Wani!"
Der galungan deui,
jiga munding digulung lutung,
perangna rada lilaan.
Datang ka wayah srangenge dengdek ka kulon.
Ceuk nu jangkung:
"Ke, eureun heula!"
Ceuk Si Lengser:
"Ku naha eureun heula?"
Ceuk nu jangkung hideung:
"Ayeuna wayah asar!,
ngaing mudu salat heula!"
Ceuk si Lengser:
"Jor!"
Nu jangkung laju salat asar.
Ari Si Lengser?
Inyana ngagidig kasisi susukan,
Ngawelu,
mani tujuh tumpukan!

Anggeus salat, anggeus ngawelu,
laju pahareup-hareup,
pahogor-hogor cara kunyuk!
Ceuk nu jangkung:
"Wani?"
Ceuk si Lengser:
"Puuuuguh!"
Nya der perang deui!
Perangna leuwih rosa!
Saling banting, saling tampiling!
Saling gorogot punduk ku hanteu!
Datang ka wayah srangenge eudeuk surup!
Ceuk nu jangkung:
"Ke eureun heula!"
Ceuk Si Lengser:
"Eureun deui?"
Ceuk nu jangkung hideung:
"Heueuh!"
Ceuk Si Lengser:
"Los!,
ongkoh meujeuhna sanekala bisi katonjok jurig!"
Nu jangkung hideung laju salat,
Si Lengser laju sila tutug.
Sila tutug mencetan bitis!
Ari silana?
Gigireun anu keur salat!

Saha nu nyaho perang di jaman baheula?
Perang jaman baheula mah hanteu cara perang jaman kiwari!

Anggeus salat,
Nu hideung laju asamualaikum ka si Lengser!
Puguh ceuk tadi geh, perang jaman baheula mah hanteu cara perang kiwari!
Ceuk nu jangkung hideung:
"Wani?"
Ceuk si Lengser sabari ngorong:
"Keneh!"
Nya der perang deui!
ngan perangna hanteu lila,
sabab matapoe anggeus surup,
geus teu puguh deudeuleuan!

Ceuk nu jangkung:
"Ke eureun heula!"

Ceuk si Lengser:
"Teu deuk!
Ma enya perang eureun-eureunan?
Pamali, nyang!
Matak panjang teuing lalakon"

Ceuk nu jangkung bari tulak-cangkeng:
"Najan perang ogeh,
ari aturan agama mah
mudu diturut.
Ayeuna geus wayah isa,
ngaing mudu salat!"

Ceuk si Lengser bari tulak-cangkeng:
"Sia, perang teh pikeun Agama!
Dewek oge
Perang teh pikeun Agama!"

Ceuk nu jangkung bari mendelik:
"Matakna geh!"

Ceuk si Lengser bari mendelik:
"Salat mah urusan Agama,
perang mah urusan Nagara,
Perang sia ngan urusan Agama,
tapi perang dewek,
pikeun Agama jeung Nagara!"

Ceuk nu jangkung hideung:
"Hade ngaing teu meunang salat,
tapi perangna mudu eureun heula.
Urang tuluykeun isukan bae!

Ceuk Si Lengser bari tutunjuk:
"Ku naha mudu isukan bae?"

Ceuk nu jangkung hideung:
"Geus poek djasa!
Geus teu kadeuleu!"

Ceuk Si Lengser:
"Damaran!"

Laju nyarieun obor!
Ari Si Lengser mah,
oborna teh
Di selapan cabe rawit
Lobana satengah kaneron!
Atuh barang geus disundut teh
Nu jangkung hideung
Bolor injati mani peuriheun
jeung laju kabesekan terus!
Der perang deui
Perangna marawa obor
saling sundut, saling puput
Saling sundut keuna kanjut
lajuna mah,
nu hideung teh kawalahan,
lain kawalahan perangna,
tapi kawalahan ku gigisik,
kabesekan jeung nolol leho,
jeung teu eureun-eureun
sisidueun!

Barang keur kabesekan deui,
laju inyana ditubruk ku si Lengser,
laju ditilepkeun.
Digulung ku jubah inyana keneh,
digubed dijieun buntelan,
dipangkekna nya ku tasbe!
Ceuk Si Lengser bari nyerengeh:
"Hag siah!
Montong teuing salat Subuh,
salat Isa geh
Moal sia bisa ka Pajajaran!"

Laju buntelan dibalangkeun!
Tapi lantaran si Lengser,
geus meh beak tanaga,
nya buntelan teh,
muragna hanteu sabaraha jauh.
Muragna di gunung Sinalang kiwari,
ngagulutuk nyangsang di lebak!

Nya jadi sasakala,
engkena,
di suku eta gunung,
loba CAWENE,
nu ku bapa inyana,
DILAKIANKEUN ka semah nu marake JUBAH!

Si Lengser laju ngingkig,
ngagidig ka sisi Sipatahunan.
Ngagidig bari keupat,
Keupatna keupat nu gagah,
Iketna campay dina taktak,
cara jawara meunang perkara!

Ceuk si Lengser:
"Matakna geh,
ari urusan agama,
dijieun lulugu,
pikeun ngurus nagara teh,
tah, sok kitu jadina.
Cara si hideung tadi!
Agama matak cambal,
engkena jadi kawalat!.
Nagara teu matak beres
engkena jadi pajeujeut!
Urusan agama
jeung urusan nagara
teu meunang dicampur aduk.
Hadena direndengkeun,
tapi ulah patumpang-tumpang.
Mun nagara geus pajeujeut,
ulah agama dijieun gagaman,
pikeun ngabereskeun nu pabeulit.
Tapi mun nu pabeulit hayang leungit,
nu pajeujeut hayang udar,
nu dijeun gagaman teh,
ulah Agama.
Tapi,
gaganden anu gede,
takolkeun ka nu arumangkeuh,
ari kuring bisa ngaheunteuk nagara!"

Si Lengser ngagidig terus,
Ngagidigna gancang teuing!
Laju wae inyana tikudawet keuna areuy .....
Gebut!
Gorolong bae inyana ka landeuhkeun,
ka lebahan Raja keur ngawur!

Tunda heula nu keur ngagorolong!

[Lajengkeuneun]


 

Kirim email ke