> From: "mh" <khs...@gmail.com>
> Cing naon nya masalahna, RMS jiga leuwih mahal ti RMD? Moal kitu nu boga 
> RMS
> sabenerna mah lain US?

Enya MH, aya sabagian RMS dipiboga ku etnik non sunda. Biasana mah urang 
Tionghwa, tapi aya oge urang Jawa (UJ). Batur kuring, UJ, pamajikanana  ge 
urang padang, muka resto Sunda make merk "saung bandung" di Cikampek. 
Hanjakal bangkrut, pangpangna hargana mahal jeung nyajikeunana lila, padahal 
ari resto di Cikamnpek mah konsumenna sanes nu niat ulin rek barang dahar, 
tapi nu diperjalanan. Nu di perjalanan tea ....lolobana mah asal dahar, 
gancang penyajianana ditambah murah, teu pati malire ngeunah henteuna .....

Baktosna,
WALUYA 

Reply via email to