> "Rahman" <rsyaif...@...> wrote:
> Bisa jadi UUB jadi panghalang manusa Sunda jadi resep maca. Anu 
> utama na mah hese pikeun urang Sunda nulis make UUB. Jadi weh 
> mugen... Kulantaran jarang bahan bacaeun na... jadi weh dianggap 
> kedul maca.

Kuring kungsi maca dina Tempo di taun 1980'an, artikelna perkara ulang taun 
Mangle. Ceuk Tempo, Mangle teh kungsi jadi majalah nu oplahna panggedena sa 
Indonesia di taun 1960'an jeung awal 1970'an, ngelehkeun majalah Varia jeung 
Selecta. Padahal Mangle mah make basa Sunda sedengkeun 2 majalah eta make basa 
Indonesia. Ieu hartina di taun 1960'an jeung awal 1970'an sabenerna urang Sunda 
teh masyarakat nu paling RESEP MACA sa-Indonesia!

Anehna di taun 1980'an terus tepi ka ayeuna, jadi melempem. Sigana mah eleh ku 
televisi nu siaranana sifatna nasional,"Jakarta centris" jeung ngan sachannel. 
Nya lambat-laun jelema2 teh ninggalkeun karesep kana maca (bacaeun henteu 
gratis beda jeung TV) jeung pangaresepna oge lila-lila mah ampir jadi saragam 
.....

Baktosna,
WALUYA




Kirim email ke