> "Rahman" <rsyaif...@...> wrote:
> Ari koran Giwangkara masih keneh aya di kieu na teu? Jaman keur 
> budak mani sok apik macaan eta koran. Kabeh dibaca, tara aya nu 
> nyesa... :))

Tara ningali Kang ayeuna mah, sigana mah parantos "pupus". Di Bandung rada hese 
nempo tukang koran, boh nu disisi jalan atawa nu ngasong-ngasongkeun kana 
mobil, nanawarkeun koran/ majalah Sunda. Di deukeut kantor kuring, di Simpang 
Dago, loba nu jualan koran/ majalah. Tapi umpama nanyakeun majalah Sunda, 
rata-rata gigideug, euweuh cenah, omongna teh haroream mamawana oge da teu laku!

Baktos,
WALUYA 


Reply via email to