--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, Aa Ican <ia.ad...@...> wrote:
>
> Teu diwarona pidawuh para ajengan bisa ngandung harti dua: (1) para ajengan
> geus ilang wibawa dianggap teu cukup elmu atawa (2) masarakatna beuki
> bedegong wangkelang ka dawuhan para ulama.

Haturan Kang Aa! :))
Gantai alias Kang? Kudu ngawuduk heula tah! Heg ondang baraya kabeh!!!;))

Poin ka hiji kuring satuju. Ngan lebah poin kadua rada galigeuh oge. Istilah 
bedegong jeung wakngkelang kaaspu negatif oge. Biasana mah anu bedegong jeung 
wangkelang teh hiji sifat anu dilarapkeun ka jelema anu merekedeweng, ngarasa 
maneh pangbenerna. Koreksi kuring mun salah tafsir. Poni hiji jeung dua rada 
patumpang tindih. Mun masyarakat nganggap atawa boga anggepan kiai ilang 
wibawa, teu bisa dihartikeun umat jadi bedegong?

Tapi ketah... bisa oge dua nana. Jurus hiji jeung dua sajalan. Ngan kunaon atuh 
umat jadi bedegong? Naon kira2 na alesanana? Kulantaran umat geus beunta... 
bisa ngakses informasi (kaagamaan) langsung tina sumberna? Eta situasi bisa 
dianggap ... umat jadi bedegong?
> 
> ngeunaan fatwa haram, sakaterang mah samemehna sok murudul dalil-dalil anu
> nguatkeun eta fatwa, jadi tangtu JELAS ALANG-UJURNA.
> 
> 

Nu ieu mah rada kawajawab, nyambung jeung pertanyaan Kang MH... asana! Mun 
kurang nyambung... urang purak deui. Tamba ngalamun... :))

baktos,

Rahman

Kirim email ke