2009/7/15 Rahman

>   --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>, Aa
> Ican wrote:
> >
> > Teu diwarona pidawuh para ajengan bisa ngandung harti dua: (1) para
> ajengan
> > geus ilang wibawa dianggap teu cukup elmu atawa (2) masarakatna beuki
> > bedegong wangkelang ka dawuhan para ulama.
>
> Haturan Kang Aa! :))
> Gantai alias Kang? Kudu ngawuduk heula tah! Heg ondang baraya kabeh!!!;))
>











-----------
pariasi we atuh... :P

>
> Poin ka hiji kuring satuju. Ngan lebah poin kadua rada galigeuh oge.
> Istilah bedegong jeung wakngkelang kaaspu negatif oge. Biasana mah anu
> bedegong jeung wangkelang teh hiji sifat anu dilarapkeun ka jelema anu
> merekedeweng, ngarasa maneh pangbenerna. Koreksi kuring mun salah tafsir.
> Poni hiji jeung dua rada patumpang tindih. Mun masyarakat nganggap atawa
> boga anggepan kiai ilang wibawa, teu bisa dihartikeun umat jadi bedegong?
>
> Tapi ketah... bisa oge dua nana. Jurus hiji jeung dua sajalan. Ngan kunaon
> atuh umat jadi bedegong? Naon kira2 na alesanana? Kulantaran umat geus
> beunta... bisa ngakses informasi (kaagamaan) langsung tina sumberna? Eta
> situasi bisa dianggap ... umat jadi bedegong?
>













-----
yeh... si kang rahman mah, sakitu geus eces. nu kahiji nu ngaku ulama teh
lain ulama, ku kituna teu diturut ku umat. nu kadua ulamana bener, tapi
masarakatna teu nurut, boh kusabab geus kuma-aing atawa geus palinter
ijtihad sorangan...

>
> > ngeunaan fatwa haram, sakaterang mah samemehna sok murudul dalil-dalil >
> anu nguatkeun eta fatwa, jadi tangtu JELAS ALANG-UJURNA.
>
> Nu ieu mah rada kawajawab, nyambung jeung pertanyaan Kang MH... asana! Mun
> kurang nyambung... urang purak deui. Tamba ngalamun... :))
>







----
sumuhun, naonana ku teu puguh alang-ujurna teh? dina conto kasus yoga, kapan
eces aya masalah nalika ieu ritual-meditasi-senam populer di masarakat. yoga
teh pan bagian tina ritual ibadah hiji ageman, ayeuna populer senamna.
meunang kitu hiji muslim senam yoga? ceuk fatwa teh (1) pek bae, asal ukur
senamna (anu diadaptasi tina yoga), (2) ulah, lamun dina prakprakanana make
du'a-du'a/mantra anu aya dina tungtunan ritual yoga...

analogi anu mirip pisan nyaeta anu kiwari mimiti mucunghul: senam anu
diadaptasi tina gerak/posisi solat. sing saha bae jalmana--rek naon bae
agemanana--tangtu taya halanganana ngiluan eta kelas senam, tapi lamun
ngiluan solat? ke meureun ditanya ku dulur-dulurna saageman, "*Ari maneh
nananoan..?*"

Kirim email ke