2010/3/12 Irfan Ubaidilah <fivan...@yahoo.com>

>
>
> lain kang, kuring kungsi kapareng lalajo film upin&ipin, di caritakeun, rek
> lebaran, di imah2 na nyarieun kupat. kuring jadi rada mikir, naha di malaya
> ge sarua kawas di urang, aya kupat mun rek lebaran?
>
>
Oh kitu, gara-gara "Upin jeuing Ipin", hehehe. Urang ngadongeng heula
saeutik atuh nya. Tanah Malaya baheulana leuweung geledegan jeung tanah
rawa. Numatak aya tempat ngaranna Kuala Lumpur. Loba ngaran sejen nu
ngagambarkeun hal sarupa. Penduduk Malaya kiwari sabenerna hasil migrasi,
salian ti India jeung Cina nu digarawe di pertambangan, utamana mayoritas
penduduk pendatang nu asalna ti kawasan Indonesia.

Numutkeun salah sahiji sumber sajarah, kaum Malayu asalna ti Sumatra. Toong
geura sajarah perkembangan bahasa Malayu. Salian ti eta, oge imigran ti
tanah Minang. Penduduk Nagri Sembilan, salah sahiji kawasan satingkat
propinsi mayoritas pendudukna suku Minang. Malah Raja-na pisan numutkeun
sejarahna di-impor ti Minang, nu katelah Raja Melewar.

Salian suku Minang, suku Jawa oge kaasup badag prosentasena. Suku Jawa jeung
Sunda loba tumetep ti Nagri Johor. Raja Johor asalna ti Bugis.

Tah numatak teu aneh, lamun kasenian, kuliner, oge budaya sejenna nya ampir
sarua. Kaasup "kupat" tea.

-mh-

Reply via email to