bagea oge kang, bagea tepang bagea kenal..
ari kuring sorangan mah, ka nu bade/resep udud mangga we teh teuing, ngan nu
kedah diemut teh batur sabudereun. mun bade rada cape, samemeh udud di
tempat nu teu ukur aya salira komo dibarung aya jalma nu teu dikenal, saena
samemeh gur paneker dicekeskeun udud diseungeut, pelenyun haseup nyerebung
teh tanyakeun ka sadayana... "diwidian upami abdi udud?", mun alim cape mah
nya teu kedah udud heula, tiasa panginten ditahan dugi ka mendakan tempat nu
teu aya batur, utamana batur nu urang teu kenal, teu terang anjeunna ngaroko
atawa henteu. oh enya tong hilap, nu sami kacida pentingna, piceun calacah
sareng kuntung kana wadah runtah, heuseus ka nu cicing di indonesia, mun teu
mendak wadah runtah nu di sisi jalan, saena si calacah sareng puntung teh
bebeskeun heula kana pesak/tas/golerkeun di lebet mobil salira, kangge
piceuneun kana wadah runtah di bumi masing-masing....

heuheu..... kuring jadi serius jeung kokolot begog kieu nya :))... bilih
jadi mapatahan hiber ka helikopter, mapatahan newak bal ka kiper, tah upama
penalti mah tiasa ditajong ku saha wae iwal ku pelatih, menejer, atawa
panongton eh ketang pamaen cadangan nu teu kapaenkeun ge teu tiasa najong
penalti... haiah alah, bisi tambah ngalantur tos ah cekap... punten
baraya... :b

2010/3/12 Irfan Ubaidilah <fivan...@yahoo.com>

>
>
> salam pangwanoh ah kang.
> soal udud haram,ari kuringmah nu beuki udud, salila aya keneh nu
> ngameunangkeun, sanajan makruh,udud we terusss.
>
> ------------------------------
> **
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke