Haturan Kang, seja ngiring mairan, dibabaran bae palih handapna potongan tulisan salira anu kapilih. Nyanggakeun sapulukaneun:
sindang_asih <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Islam Sunda: Gambaran Awal Sindang Asih (SA) ...bagaimana sikap masyarakat Islam pada kerajaan ini demikian inklusif. Hal ini terbukti ketika pada awal berdirinya, mereka banyak menerima imigran non Muslim untuk tinggal dan bekerja di daerah kekuasaannya. Padahal Kerajaan Banten juga banyak melakukan pemetaan sosial-budaya dengan memasukan spirit ke-Islaman di dalamnya... manAR: bukti Islam anu inklusif kana budaya/agama sejen katawisna tos nyampak tina periode palih ditu keneh. Upamana bae, dina mangsa pamarentahan raja Sanghiyang Wastukancna, parantos aya sakedikna 3 agama anu tumuwuh subur sareng heunteu aya pacegcogan diantara masing-masing nu nganutna, kl abad 12-13 M. Patilasan di Talaga anu diantarana aya patung Budha (tingali upamina "Cariosan Prabu Siliwangi", seratan Vivian Sukanda tea) nunjukkeun yen dina mangsa harita agama Budha parantos lebet ka Tatar Sunda, pon kitu deui Islam (Syekh Quro di Karawang, guruna Nyi Subanglarang, salah saurang prameswari Sri Baduga Maharaja). SA Kita tahu, budaya Sunda menganut asas egaliteraniasme, pluralisme dan semangat kebersamaan yang tinggi. Hal ini setidaknya nampak dalam jejak historis, mengapa di kawasan ini banyak peninggalan masa lalu yang tidak berbau mistik, tidak feodal, tidak penuh dengan kemewahan, serta penuh dengan nuansa keragaman. Sebab dalam sistem budaya Sunda, asas yang dibangun adalam persatuan, kesatuan dan pengakuan. manAR Sapuk Kang. Ngait kana teu aya bukti-bukti budaya Sunda anu "monumental" sarupi candi-candi di wetan (jateng-jatim), katingalna memang agama anu lebet ka Sunda teh dipangaruhan oge ku budaya Sunda anu tos kiat, nyaeta budaya anu disebat ku akang di luhur. Anu jadi heran, geuningan dina prak-prakan kaagamaan ayeuna, asa pinunjul pisan masalah ngagegedekeun simbol kaagamaan. Sigana budaya asli Sunda sakumaha anu kua akang ditataan teh tos keuna ku "virus" kabudayaan nya? SA: Artinya, dalam sistem budaya Sunda, tidak menjadi persoalan seseorang itu berlatar-belakang suku bangsa apa, yang penting adalah sejauh mana kontribusi diri mereka pada perkembangan kebudayaan setempat, tanpa harus menanggalkan budaya mereka sendiri. manAR: Sigana, leuwih jembarna, tina ksangtukang agama jeung budaya naon bae, anu penting, upama maksud hirup kumbuh di tatar Sunda harita, kudu ngabogaan sikep SILAS, Ngertakeun Bumi Lamba, jeung mulasara Kabuyutan tea. SA: ...dalam konteks ini, kontrak sosial terjadi antara pemimpin dan yang memimpin. Sehingga pemimpin dalam sistem budaya Sunda menjadi semakin bermakna karena ia bukan penguasa, namun sebagai wakil dan penengah bagi persoalan yang ada pada pengikutnya. Pada perjalanan selanjutnya, jika seseorang yang dijadikan pemimpin itu sangat baik dalam memimpin pengikutnya, maka para pengikut itu akan menyebarkan gagasan dan model kepemimpinan itu kepada orang lain. Sehingga orang yang menyebarkan gagasan itu kemudian menjadi pemimpin pula bagi pengikutnya. Begitulah, rakyat dalam sistem budaya Sunda merupakan diaspora dari gagasan kepemimpinan yang berwibawa dan profesional. Asas ini dalam konsep politik modern sering disebut sebagai asas desentralistik manAR: "Kasus" kontrak sosial anu kawilang teges pisan kajadian nalika nagdegna "Pajajaran". Kacatet dina "Rintisan Penulusuran Masa Silam Sejarah Jawa Barat" (anu sumberna tina Naskah Wangsakerta tea), kumaha dua karajaan harita (Sunda jeung Galuh) ngayakeun kontrak sosial: 1) ngahijikeun eta dua karajaan tug karajaan-karajaan leutik anu aya dina kakawasaanana jadi hiji kalayan sarua sadarajat/ satingkatan (pada sajajaran - padajayaran- pajajaran), dina hiji karajaan anyar anu namina PAJAJARAN, 2) Ngistrenan Prabu Siliwangi (Pamanahrasa) jadi raja Pajajaran kahiji anu engke raja saterusna kudu ti katurunan Siliwangi ti pramesuarina anu katurunan Prabu Susuktunggal (raja Sunda anu akhir samemeh dihijikeun jadi Pajajaran).Ku ngadegna Pajajaran, bener, satemenna desentralisasi-malah sigana kaasup kana sistem federasi-tos dimimitian ku Tatar Sunda ti kawit abad 15 M. Kukituna, budaya Sunda -anu heunteu keuna ku virus budaya-tos siap jauh ti beh ditu keneh kana desentralisasi atawa federasi teh. SA: Di sini pula menariknya model budaya kepempinan Sunda. Jika suatu saat pimpinan puncak mengalami kemandegan, kemunduran, maupun kehancuran, maka tidak serta merta akan menghancurkan pemimpin-pemimpin kecil yang ada di bawahnya. Dalam konteks ini pula kita bisa menemukan relevansi konsep 'mandala' yang secara harafiah bisa berarti wakil. Namun wakil dalam pengertian 'Mandala' lebih dalam, sebab mereka juga adalah penjaga keseimbangan kosmologi sosial dan cultural masyarakat Sunda. manAR: Aya patarosan sakedik: naha sistem mandala ieu teh ayeuna masih keneh aya buktina atawa sesana? Cobi diguar Kang, terasna jejer manda teh SA: Sistem sosial ini jelas beda dengan sistem budaya Jawa yang dibangun dari pertanian padi sawah, yang kemudian membentuk satu sistem sosial yang penuh dengan ketergantungan. Model kultural yang penuh dengan ketergantungan ini yang kemudian banyak diterjemahkan oleh penguasa kita belakangan ini. Sistem feodal dalam kebudayaan Sunda sebenarnya masuk belakangan saja. Kultur feodal ini, menurut sebagian sejarahwan, masuk seiring dengan dikuasainya kawasan Sunda oleh bangsa Jawa, khususnya masa kerajaan Mataram. Mereka inilah yang mulai memasukan kebiasaan feodal dalam sistem kebudayaan Sunda, selain mentransfer sistern ekonomi dari pola ladang berpindah kepada pola ladang menetap. . manAR: Aya anu kalintang ngeleketekna dina lebah dieu. Budaya huma teh tacan sagemblengna robah ku robahna sistem tatanen di Tatar Sunda. Di jihat sejen, feodalisme anu asup bareng jeung budaya tatanen-oge sikep nyangking agama anu ngagegedekeun simbol-tambah atra karasa jeung katempo dina kahirupan sapopoe. Budaya huma anu teu acan robah teh sikep "individualis" tea jeung kurang bisa gawe bareng. Hiji sikep anu kurang produktif dina nyanghareupan tangtangan alam kiwari. SA: Dari basis produksi di atas, kemudian muncul sistem dan corak budaya yang berbeda. Dalam konstruksi masyarakat Sunda, kosmologi kehidupan tidak hanya dipahami sebagai proses alamiah semata. Bagi mereka keseluruhan proses sosial yang terjadi tidak bisa dilepaskan dari sistem makna dan keyakinan keagamaan yang dipahami dan dirasakan dalam kehidupan sehari-harinya (Ekajati, 1995). Keyakinan atau spirit keagamaan ini yang kemudian menjadi perspektif masyarakat Sunda dalam melihat berbagai kenyataan. manAR: Kang Tatan dina lebah dieu nyindekeun yen sikep nyangking agama (beragama) Sunda baheula asup kana sikep beragama anu intrinsik. Nyaeta agama anu ngarojong kana kasehatan jiwa jeung katentreman masyarakat. Dina sikep agama anu intrinsik, agama teh disawang salaku "comprehensive commitment", jeung "diving integrating motive, anu ngatur sagemblengna kahirupan urang (nyutat pamadegan psikolog Gordon W. Allport, dina "Islam Alternatif", Jalaluddin Rakhmat, Mizan, 1986). Sabalikna, sikep nyalaksanakeun agama anu ekstrinsik. Dina sikep anu kadua ieu-anu patojaiyah jeung sikep ngalaksanakan agama anu intrinsik-agama teh disawang ukur salaku hiji hal pikeun dimanfaatkeun, jeung lain keur kahirupan. Saur Kang Jalal mah "somthing to use but not to live". Jelema ngareret ka Pangeran, tapi teu ngareret tina dirina sorangan. Agama anu ekstrinsik digunakeun keur ngarojong paniatan (motif) sejen: pangabutuh kana kalungguhan (status), rasa aman atawa harga diri. Jelema anu nyangking agama sacara ekstrinsik ngalaksanakeun wangun-wangun luar tina agama, manehna puasa, sholat, naek haji, jsb-tapi heunteu kitu di jerona. Ceuk Allport, nya ngalaksanakeun agama cara sarupa kitu anu pakait jeung mahabuna panyakit mental. Kang Jalal nga-"elaborasi" pamadegan Allport tadi: nya cara agama anu ekstrinsik ieu anu moal ngalahirkeun masyarakat anu pinuh ku silih pikanyaah. Malah sabalikna, silih pikasebel, silih dengki, jeung fitnah masih tetep baris lumangsung. Ti iraha atuh nya virus budaya (oge sikep nyangking agama) lahir atawa asup kana budaya atawa agama Sunda anu sajatina mah ngarupakeun sikep nyangking agama anu intrinsik? anu luyu jeung pangabutuh kahirupan manusa salawasna? SA: Dari gambaran di atas, kita bisa menelusuri jejak Islam dalam system kultural budaya Sunda. Di mana Islam Sunda adalah spirit ide dan gagasan cerdas yang dituangkan para pendahulunya untuk membentuk sebuah masyarakat yang berperadaban. Sehingga, dalam perjalanannya kemudian Islam Sunda adalah Islam yang inklusif, egaliter, dan pluralis. Saya yakin bahwa entri point terpenting dalam sistem Islam Sunda adalah spiritualitasnya. Spiritualitas yang terbangun tidak karena ambisi dan keserakahan, namun justru oleh semangat pengabdian kepada Ilahi. Sebab, dalam Islam Sunda, wujud kebudayaan merupakan kemampuan masyarakat secara kreatif dalam menghadapi berbagai perubahan dalam diri sebagai identitas sosialnya. Sehingga Sunda dan Islam, ketika menjelma menjadi sebuah wujud budaya, tidak mengalami kesulitan yang berarti. Hal demikian terjadi karena sistem budaya Sunda ibarat memeyang ada dalam benak setiap orang yang mampu pindah dari satu benak ke benak yang lainnya dengan sangat cepat. manAR: Si kuring leuwih satuju kana babasan "Islam jeung Sunda" tinimbang Islam Sunda. Keun bae teu kudu pipilueun aya "Islam Sunda" sakumaha aya "Islam Jawa", jst. Sabab, nya malah upama urang ngagunakeun babasan "Islam Sunda", pedaran akang ngeunaan geus siapna (sajatina) budaya Sunda dina nampi Islam anu intrinsik bisa kabongkar deui kabasahanana. Sapuk dina mangsa awalna, Islam di Sunda teh Islam anu inklusif, jst. Tapi, kabehdieunakeun, utamana sanggeus aya periode "pangjajah" ti wetan anu nyalabarkeun "Islam ekstrinsik" (anu preseden-na satemenna geus dimimitian jauh ti beh ditu keneh, abad ka-7 di tanah Arab), asana geus robah. Aya tanda-tanda gede yen Islam di Tatar Sunda ayeuna geus heunteu inklusif deui atawa tegesna, loba tanda-tanda anu nuduhkeun yen Islam anu dilaksanakeun di Tatar Sunda-oge di Indonesia-teh Islam anu ekstrinsik. Anu sapuk teh deui soal tanda-tanda Islam anu intrinsik atawa inklusif anu karekam dina titinggal seni budaya. Kesenian Sunda ngarupakeun rekaman anu sae anu nuduhkeun adumanisna Islam jeung Sunda, boh unsur spiritualitasna atawa unsur sosialna. SA: ... Sehingga saya melihat bahwa meme kesundaan inilah yang memungkinkan terjadi tumbuh kembang bentuk kebudayaan masa depan yang memajukan, yang kebetulan dalam hal ini Islam sangat cocok dengan spiri�tualitas tersebut. Maksud saya, yang penting saat ini adalah, Islam Sunda kita adalah model Islam yang terbuka pada setiap perubahan yang memajukan, berfikir maju, tetap egaliter, menjunjung tinggi keber-bedaan, serta toleran dan civilize. Dalam konteks demikian pula, tampa merendahkan sistem budaya lain, Islam Sunda adalah perpaduan cerdas yang patut disosialisasikan kepada bangsa lain di dunia ini.* manAR: Tah nya ieu "meme" anu luyu jeung falsafah sejarah ti Dimont. Dina guaran ti heula mah kuring nyebutna, ngarujuk kana falsafah sajarah, salaku ajen-inajeun poko anu baris aya dina satiap sajarah jeung kabudayaan hiji bangsa anu kungsi hadir (exis), sok komo deui di hiji bangsa anu masih hadir atawa aya dikieuna. Ku cara mateakeun atawa ngarevitalisasi ieu "meme" atawa ajen inajen poko, aya harepan eta bangsa teh baris hudang deui atawa malah jaya deui. Revitalisasi dina harti: neuleuman anu jero tepi ka nuwuhkeun kasadaran, ngarencanakeun kalawan babarengan (kolektif), oge ngalahirkeun kreativitas budaya. Baktosna, manAR PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT --------------------------------- Yahoo! Groups Links To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - You care about security. So do we. [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
