huus kang Tirta, ulah rek raheut manah tah ning handap asor.... tihandap heula 
nembe nanjeur ka luhur
melak cikur heula terus keukeuh gigirna koneng, terus disusul ku jahe... der 
tukangeun jahe tangkal laja maju kanu tembok pager anu tos jelas dtempelan 
tangkal seureuh koneng.tuh kan.
suga di kebon, atanapi buruan bumina pak Uun (apih ahdi) Wijaya di babakan 
Cililin Cimahi
 
atanapi jiga inohong Pasundan Alm bapa H Nana Gunawan tuh diciteureup, bakti 
anjeunan jang minterkeun generasi penerus (generus), teu kapalang, balongna 
jadi kolam renang kanggo gratis dialajar ngojay masyarakat sabunderan bumina, 
aulana dianggo taman kanak2, gigireunana aya masjid alit dianggo kegiatan 
kaagamaan, atuh anu resep ngusep mangga cinutrun gigireunana.
 
teu kapameng Bumi titinggal Bapa H Amirmahmud anu janten taman kanak-kanak 
sareng Lembaga Pendidikan Al Qur'an, di jalan Kaum Cimahi.
 
dikidulna di Jalan Leuwigajah aya masjid agreng sisi jalan pan eta tanah wakaf 
Dr Mumuh, anu janten tempat pusat dakwah sa dunia, teutarerangen urang leuwi 
gajahnamah yen ti eta tempat nyebar mubaleg-mubaleghot ka sa kuriling dunia 
nyebarkeun agama anu hak murni anu mung Quran hadis kalayansasarengan (saur 
manuk), masyarakat warga mesjid eta estu handap asor, teu ieuh promosi 
nguar-nguar kamonesanana ngan loba anu ngajugjug menta dikirim guru tugas, 
kanggo ngintunkeun ka Australia, ka Amerika timur, ka amerika barat, ka korea. 
ka jepang ka dieu oge apan aya urang jakarta mahasiswa UI lain jore2 mubaleg 
teh, atuh bari nyandak S2 di univ Houston bari ngawurukan ngaos ka abdi 
sarimbit, oge ka muda- mudi kelurga besar KJRI houston, tuh tihandap heula kang 
Tirta, pa Ade harewosan, baturmah tariasaeun ari abdi kumaha ning ngan saukur 
noongan.
teu aya pangabisana. ngaku sorangan we. 
 
Kanu miropea kasundaan sepertos Kang dosen Hasan tah mani, diketrukeun sadayana 
kamotekaranana, kanggo ngamumule titinggal karuhun US
 
model dinu widang seni, di bandungmah ngan padepokan Angklung aki Ujo wungkul 
panginten 
anu di sarada teh, cobi di Houston di Collien elementry pan angklung teh 
pelajaran kesenian wajib kanggo kelas achir. bilih baraya hoyong uninga timana 
kenging peralatananna, ti Prancis jaman Uwa , muhun jiganamah buatan aki ujo, 
ngan anu ngintun masyarakat 
Prancis.Rereongan.abdi anu ngajar ibu-bapa guru kesenian, guru sa houston 
angklung, dimana kabisa ieu diturunkeun ku pun biang ti jaman abdi di SDN 
cimahi 2 , SMPN I jaman sok mentas di hotel homan ngabageakeun turis asing, di 
Homan ti taun 1973 baheula,
 
Hiji deui abdi sok ngiringan ngalatih nari klasik tarian sunda, timana abdi 
kenging kaset, cd Mp3 musik tradisionil asli made in urang sunda, apan ti ditu 
ti Ensgede nergri Walanda ti sukarelawan walanda pituin, anu kaleresan 
murangkalihna hoyong diajar nari sunda ngahaja,
dikintun ku ibu ramana, mondok di rorompok kenging sababaraha lami, tos hatam 
sabisa-bisa abdi maparin elmu. atuh der ayeuna rombongan mahasiswa Univ Houston 
hayang dialajar oge kanggo vestifal sabundereun Texas, Leuleutikan kang tapi 
tos gaduh nayaga sagala. eta saparangkat gamelan Degung katut tilu set kendang 
teh Sumbangan ti pamarentah Thailand,
sanes ti pamarentah urang kang.tah apan abdi oge jiga kang Yan sastra, leuwih 
dihargaan ku deungeun batan ku bangsa urang sorangan, tuh geuning.... hatemah 
teu bisa dibobodo aya hanjelu
 
Abdi gaduh niat rek ngulem kang Kacapi Buhun anu nyangsang di USA oge
rek nyuhunkeun dipirig rek adu manis jeung murid-murid abdi anu total 100 % teu 
aya urang indonesiana. Tapi maehananna kudu ngagunakeun basa sunda lamun keur 
latihan, matak ulah aneh lamun loba bule jalan2 neangan karedok sabundereun 
kota bandung bisa basa sunda pasti aya murid-murid abdi eta, Sugan kang kacapi 
Indung paamprok samemeh abdi ngalih rorompok ka anu rada leuwih lega.
 
osok abdi oge ngaderes kabisa di KJRI houston sareng teh Murni, di widang nari, 
kang Gatot di widang tatabeuhan anu oge gaduh nayaga, atuh mbak Rini urang bali 
oge sok dipentaan tulung ku abdi sakalina aya ondangan ti kedutaan 2 besar ti 
nagara lain ngulem, atuh murid abdi nari sunda, murid teh murni sareng mbak 
rini tari indonesia lain jiga tari malayu , tari bali jsb
 
nato ( no action talk only ), mah kalandep para inohong.... tapi.... panginten 
sifatna inohong, kedah mendengar, menyimak, teras melimpahlan mandat baru... 
nepi ka urang, ngan....siga  biasa tara langsung nepi, contona basa abdi 
disumbang kolintang ti pamarentah baheula, ari kolintang nepi ari ditinggali 
teu kumlit jeung angklungna, padahal cenah ti taman mininamah sapuratina, di 
kintun na, tah pan leng... kuring harita ngahuleng...... untung wa Umar 
wirahadikusumah akina neng ara neng ira, putra teh ine poerwana jaman 
jumenengna nuju janten orang nomor 2 di urang, atuh atas gebrik bapa wakil 
presiden datang oge eta angklungna, malah make aya bas betotna sagala, 
anakan.teuing nyogog teuing sieun betus ti kuring. hehe lumayan....
 
kuring seuri koneng.... atoh boga barang, sedih boga kalakuan bangsa kitu 
peta..... heup.
tuh pan akang tirta abdi lamun geus nulis siga sagala dibolekerkeun.
 
hiji deui ach tah, da ieumah kanyataan, basa abdi nganteur pun paman sareng 
barudak  Pramuka murid2 sakola Smp Cimahi mentas angklung di Melborn Australia, 
kumaha tah ongkoh urang anu di piwarang ngawakilan Indonesi di kariaan Bangsa 
deungeun, tapi ka pasport barudak peserta team kesenian kudu urang anu mayar , 
untung kak Mashudi ka Kwartir Nasional harita ngabantosan oge sapalih peserta 
jambore utusan Indonesia ka Australi.
barudak team kesenian teh.
ti pemda jabar, ti pemda Kab Bandung oge aya tilam sono teu ngaleuleungit, 
malahan cekap kanggo teu kalaparan di nagara batur.
Ngan eta wae pasport visa kudu meuli sorangan apan atuh anu kitu petamah kuduna 
anu nitah indit nyadiakeun pan...... tuh si ani mah geus era deui inohong.
 
jaba teu kudu didongengkeun proposal permohonan Dana sahunyud anu nepi sa 
tetenong mah biasa bocor dijalan......geus adat kakurung kuiga.
 
Aya kesan tersendiri di misi kesenian ieu kang.... Balik ka Indonesia Angklung 
sapuratina di lelang jang ongkos balik da Hotel/ penginapan teu dipangmayarkeun 
pamarentah, coba........
 
tah barudak anu ku abdi dibekel harita ayeuna geus jaradi jelema sok susuratan 
sok e- mail-e-mailan, aya anu jadi kepala rumah sakit AU, aya anu jadi penyanyi 
trio anu kahot ( moal dibejaan US ),malahan aya anu ngadamel padepokan seni, 
aya anu jadi camat di pulo lain, oge aya anu jadi pengusaha ngan can kadenge 
aya pagawe pamarentah mislek sugan.... peuriheun meureun basa di Melborn ngan 
di huapan bala-bala jeung sangu haneut ku teh Nenny. sakali basa rek mulang 
dihuapan nasi rames barudak teh
pedah aya teh euis Katineung Rasa Rumah makan totogan padalarang. ki lanceuk. 
 
tah kang... ti handap ti kekesed kang, karak ka panto laju ka korsi tamu eta 
oge upami dihaturanan linggih ku pribumi....cag
 
punten ach nurutan kang oman bisi diolabkeun kabeh.
 
Teh Nenny.
 
 
 
Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Aduuhh....ulah kitu atuh teh badi jadi isin. Sae conto nu diserat ku teteh teh. 
Mung masalah diurang asana mah ngawitanana ti pangawasa nu kumaha atuh disebat 
teu ngelmu da piraku, teu concern? pan dina mass media mah nyawakwak wae tumali 
masalah lingkungan. Sigana mah nu kirang teh niat jeung ngejat ngalakonkeunana 
plus "kerendahan hati" (handap asor). Pangawasa teh siga nu ngagedekeun 
kakawasaan jeung gengsi pribadi. Eta we gupernur DKI - Jabar - Banten da henteu 
aya diuk babarengan. Masih NATO tea, no action talk only.

salam 
tirta

nenny yunus wrote:
Aduh bapa... hapunten anu kasuhun, nepangkeun abdi wasta nenny kawit ti cimahi, 
kieu pak kapameng bapa naros manawi ieumah . sateuacana hapunten sanes bade 
mapatahan ka maha guru ieu murid, sanes bade mapatahan ngapung ka manuk, duuh 
ararisin teuing

abdi bade ngadongeng pangalaman di lembur bush
mugi tiasa janten conto kanggo lembur urang, ameh kang Tirta, kang Oman, oge US 
anu mikanyaah lembur sangkan hoyong katingal hejo lembong, sanajan bari juljol 
fasilitas wisata utamina di babakan / di wewengkon kebon enteh jsb

di houston ieu seueur taman anu serba guna , kanggo, taman kota, kanggo resapan 
air, kanggo lahan perkemahan, kanggo wisata air, kanggo ngembangkeun iptek 
sareng anu sanesna.
Hiji anu ku abdi di special diperhatoskeun, nyaeta kawasan wisata alam anu teu 
ngarobih infra struktur lingkungan , teu kaganggu ngocorna susukan atanapi 
tatangkalan (leuweung), kebon ku munculna bangunan di sakurilingan sepertos, 
pom bensin, mini market, perumahan atanapi resort, oge hotel
Khas, dimana sanajan aya hotel gigireunana aya tatangkalan anu tetep 
dipertahankeun kaasliananna, tanah savana atanapi hutan bakau masih tetep 
satungtung deleu, tempat parkir sisi situ, teu ngarobih jadi diaspalan sadaya 
jukutna, cekap ku tanah padat atanapi aspal sakedik kanggo tanda wungkul 
malahan lankung seueur di tandaan ku bata beureum saeutik aya meja jeng korsina 
sagede meja makan ageung tiap 10 meter, kanggo niis oge, tiap sakilo aya taman 
bermain, ayun-ayunan tina kai sareng rante beusi paranti calikna tina ban tilas 
siga di lembur. LIstih sapapanjang jalan malahan kanggo ngecas batree Hp aya 
cocolokna tiap dua kilo.

fasilitas MCK di sakurilingna permanen lengkap sareng cai haneutna.lengkep 
sareng pembuangan limbahna, bari ngajajar wadah runtah badag tina beusi anu 
moal ngabauan sakurilingna. gigirna aya ruangan terbuka paranti ngiuhan , 
sareng paranti solat mangfaat kanggo abdimah.

Salain ti eta Warung, cafe atanapi supermarket sisi leuweung buatan, estu teu 
hawek lahan, cekap ku tempat alit, sagala aya, warnet, wartel, warung kerajinan 
tangan, oge super market mini
ti alat mancing, langlayangan, topi jeung kerajinan tangan aya kumplit, boboko 
ata napi suluh kumplit tos diplastikan, oge es batu sareng kueh kering rupa2 
khas nagara2 sadunia aya, 
upami di lembur urangmah warung bajigur sareng baso pantes pa, ngan 
pengelolaannya mirip supermarket mini.tah bagean ahli pemasaran,
patani di sekitarna anteng pepelakan, atanapi sasaton ti anu alit dugi kanu 
ageung aya malahan aya hiji taman buaya anu bakal katonton ku mata bolotot oge.
buaya teu di upah apeh cukup sisi situna di pageuran beusi, lamun di lembur 
urang tiasa ku tangkal samapeu.panginten.

ngalieuk ka tempat camping masang tenda
tiap kapling ditandaan ku bata beureum di kotak-kotak sa cekapna kanggo sa 
tenda atanapi langkung, teu hilap aya beusi buleus anu didamel paranti mirun 
seuneu atanapi api unggun atuh
sadaya anu bade caremping bisa bebas didinya, gigireun 4 meter ti eta paranti 
api unggun aya 
di tiap capling aya bangku meja beusi atanapi kai. lumayan memanfaatkan tukang 
kai anu teu laku2 di lembur da seuseur exsport mebel luar negri.oge aya anu 
maparin fasilitas instalasi kanggo elektronik upami anu camping modermah.
upai anu tradisionil cekap kotak atanapi tempat sareng bangu oge paranti mirun 
seuneu

Tiap 25-50 kapling hiji fasilitas MCK hiji toko mini tea.oge hiji taman bermain.

boh situ boh susukan atanapi kamalir diantep asri jiga di lembur sina didieumah 
dipelakan blu beri sareng murbay.
panginten di lemburmah tiasa ku laja, koneng, jakhe, sareng cikur atanapi 
ganas, atanapi taleus atanapi tangkal sampeu.
kanggo informasi bae sakilo laja , koneng, atanapi jahe teh di houston 
pangaosna $15 ( lima belas dollar) rata-rata. pan sae pa kanggo patani lembur 
eksport kadieu.
atuh murbay, tiasadigentos ku tangkal seureuh , informasi deui bae tangkal 
seureuh thailan di dieu dauna kaical $ 10- 15 satengah kilo. ($ 30 ) perkilo
jahe balatak oge koneng , ngan cikurmah teu aya ari sanes anu melakmah, dimana 
ayana oge sa Houtonmah milari ka buruan rorompok .abdi disebat tukang cikur ku 
ibu2 warga masyarakat indonesia ieu, abdi kantos nyandak satengah koper 10 kilo 
ka dieu alhamdullilah di pabean teu dikukumaha.ayeuna janten hidroponik di 
lembur houston pa.

bapa anu ku abdi dipihormat, sakitu heula anu kapihatur, mung bilih aya 
seseratan anu lepat 
hapunten anu kasuhun sadayana ti abdi jalmi, upami aya anu manfaat mangga 
sadayana ti alloh anu maparin. 

Salam baktos

pun nenny

[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Hayu urang kumahakeun atuh di lembur urang.

AS
----- Original Message ----- 
From: "nenny yunus" 
To: 
Sent: Tuesday, February 01, 2005 11:13 PM
Subject: Re: Haturang Kang Ade-->Re: [kisunda] Re: Welcome to kisunda


>
> Alhamdullilah kang nuju aya dina kawilujeungan, sok kang tong sakolebat 
> atuh nyeratna, satelebug, ameh pinuh koropak abdi....antengmacaan Kisunda 
> sadar-sadar har kuring geus diawang-awang... ngalamun mun seug kamari 
> ngiring meureun pendak sareng teh Tienka.
> Pokona lamun nepi ka lembur kang oman kedah ngajak abdi ka Panaruban, rek 
> reuni jeung alam buhun,
>
> Kang ari di nagara Baturmah leuweung, susukan dijieun jang kawasan wisata 
> ari diurang mah di hollywoodkeun nya di jieun siga pilem, Amerika, eropah 
> dijieun bangunan siga studio Universal sagala tatangkalan anu hejo 
> mongkleng teh salin rupa jadi filem anu nyata, resort sing pucunghul luhur 
> leuweung, boa-boa enya ceuk si jalu bener kalaman ku anak incu turunan 
> urang jaga naros kieu : ... ambu... anu jiga kumaha gunung hejo teh, 
> ...anu jiga kumaha kebon enteh teh...., ari huma anu mana, ari sawah jiga 
> naon.........susukan herang siga .. kumaha..... hag boa boa ganas oge moal 
> aya kebon - kebona acan Kang....aya oge paling, "made in" Japan atawa 
> thailand .cag ah karunya lembur, bisi hing............jararauh panineungan 
> seug kajadian.Wallohu alam.
>
> Nenny
>
>
> Tirta widjaja wrote:
> Teh Nenny kumaha damang? Muhun teh sim kuring teh sakolebat-sakolebat. 
> Kamari-kamari teh pakepuk pisan da eta diudag-udag program 100 poe nu teu 
> jauh ti model 1001 malam tea. Lieur jeung kalieuran ku polah jelema, nya 
> saptu kamari ka Panaruban, diajak niis ku Kang Oman. Resep lah diditu teh 
> dahar ge mani rewog, nambah 3-4 kali na padahal mah menu biasa daun 
> sampeu, goreng lauk, tahu jeung sambel, mandi atuh di susukan nu tiis 
> herang caina keur mah cai ti curugan. Menu istimewana nya eta ningal keris 
> nagasasra Raja Padjadjaran.
>
> Nu jadi pikiran sim kuring mah eta bet di tengah kebon enteh na blek teh 
> aya Lembang Highland Resort, ditulis gede-gede model Holliwood dina cadas 
> di LA. Ari wangunan resort teh model-model Itali. Harita mah leng we eta 
> pipikiran...enya pan biasana ari ngaliwatan kebon teh sok cicing ngahuleng 
> anteng bari tetempoan mah seger ku hejona daun. Ayeuna geus blek we rek 
> di"Puncak"eun. Subang -Lembang asana moal lila deui dihakan ku ekonomi 
> kapitalis. Ari urang dinya kumaha? Asana mah tetep we moal jauh jadi buruh 
> metik teh, dagang ganan/nanas sisi jalan & nu ngacung2keun leungeun 
> nawaran villa katut eusina awewe nu bisa dipake.
>
> Tadi peuting mah rada hese sare da kapikiran, sedih, prihatin....kuring 
> geus leungiteun kawaas kebon teh di puncak, tuluy geuning ayeuna rek 
> leungiteun kebon teh Subang-Lembang. Ret nempo barudak.........teuing 
> kumaha ngeusi kenangan tatar sunda nu asri teh?
> (kamari budak lalaki sina nyekel keris Raja Padjadjaran, sugan ka hareup 
> manehna boga kateuneung nanjeurkeun deui sunda).
>
> salam
> tirta
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
> 






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links










---------------------------------
Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.




---------------------------------
Yahoo! Groups Links

To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 



---------------------------------
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download 
Messenger Now

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links








                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke