--Sampurasuuun...,

Kang Oman muhun kahoyongmah kitu, da kumaha ieu program teh 
proposalna tos janten, kantun 10% persiapanana kana prung teh.

Kanggo Baraya urang anu di Garut, Kanggo teh Neny, Kang Yana, kumaha 
urang kokojoan atuh ngadamel acara di New York, Kanggo ngumpulkeun  
dana bencana di Garut, da seueur gening sesepuh seni  didieu teh, 
malihmah abdi nembe ngontak Kang Burhan Suling bade nambut sulingna 
sareng rekaman instrumen Kacapi. asa kaemutan, Kang Endang..Klasik, 
tuh muhun seueur gening, kumaha tah Teteh Nenny siap kanggo 
ngokojoanana..?, abdi siap dina Kacapi sulingnamah, Kang Yana 
tangtos siap dina Ibing pencak Cimande, Pun Bojo Siap dina Tari 
Klasik,Bajidor, sareng Jaipongan, malihan mah sasih2 kapungkur aya 
festifal budaya sajagat Raya,di Talahase pun Bojo di angkir ku 
Konjen KBRI  Houston -Texas janten wakil Bangsa dina seni tradisi 
Sunda ;Ibing Bajidor kembang Boled, tari  topeng Klasik, sareng 
Merak teu hilap ari Jaiponganmah.

Teh Neny gening tos miheulaan, duh hebat tetehmah... reueuslah.

Sareng si kuring oge kusus kanggo dana ka Garutmah, sakumaha anu tos 
di saurkeun ka Ki Kuncen,  nuju ngagerean urang baraya sunda, anu 
aya di sakuliah dunya, mudah2an luntur kolbuna,kageuing rasana 
kanggo sakedik-kedikeun tiasa ngempelkeun artos.


Baktos



Asep Oeking

 



- In [email protected], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Kang Asep,
>  
> Atuh sakantenan bae pakaulan teh kanggo ngempelkeun bantosan 
pikeun dulur urang di pakidulan Jabar anu dina minggu-minggu 
katompernakeun ieu katarajang musibah lini. Mangga kanggo teknisna 
badanten bae sareng teh Nenny -Houston. Ieu panggero teh nyoko kana 
posting ngeunaan warta bencana alam...dst kamari ka kisunda.
>  
> Sakantenan, bilih peryogi rumpaka sekar ageung anyar, aya di Kang 
Hasan (mh), lebetna tina Nurhidayahan, tarjamahan Al-Qur'an basa 
Sunda dina wangun pupuh sekar ageung, anggitan Abah Surya (R.H. 
Hidayat Suryalaga). Di Indonesia mah, khususna di Bandung, tos 
ngabaju eta rumpaka teh dina acara panutup siaran RRI, 
dihaleuangkeun meh unggal wengi. Mangga, geura gero bae Kang Hasan,  
kamari tilu seri buku Nurhidayahan koleksi kami hadiah ti Abah Surya 
parantos dititipkeun ka Kang Hasan waktos tepang di Bandung. Kawuwuh 
anjeunna seueur waktos luang, pamugi tiasa dicicil diseratkeun 
kanggo bahan posting di milist, ngeuyeuban eusi milist widang seni 
budaya, khususna rumpaka tembang Sunda /Cianjuran.
>  
> Mangga, wilujeng manggung.
>  
> Baktos,
> manAR
>  
> 
> 
> > oeking thea-FL
> Note: forwarded message attached.
> 
>             
> ---------------------------------
> 
> 
> >
> >
> >
> >
> Please visit
> http://www.silatbooks.com/
> http://www.silatpdusa.com/
> Please write
> [EMAIL PROTECTED]
> [EMAIL PROTECTED]
> --- End forwarded message ---
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai 
sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
selalu mengupdate antivirusnya.
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
>    To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
>   
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke