Sampurasun kang Ganjar anu ku sim kuring oge sami
dipihormat,
Ngahaturkeun nuhun oge kana panggeuing soal nu digurat
ku akang, eta oge janten bahan ngalenyepan sim kuring.
1. Soal metodologi disertasi kang Rozak anu oge di
sapukan ku akang, da memang leres kitu teori ilmiah
teh, namung didieu ngabuktoskeun yen geuning teu
ngajamin hasil panalungtikan ilmiah teh ngahasilkeun
nu kabeneran nu sanyatana da memang sok diwengku ku
koridor-koridor hipotesa nu tos ditangtoskeun tea
sateuacanna, nya pangalaman sim kuring ge kitu waktos
nyerat tugas ahir di Planologi-ITB (planologi ge sami
langkung caket kana elmu sosialna tinimbang teknik),
oge geuning kantos urang ngabandungan kritikan nu
seukeut nu dimuat di koran ti kang Ayip Rosidi kana
hasil panalungtikan Ceu Nina Lubis sareng rengrengan
ngunaan sajarah Sunda. Janten dina hal ieu urang
sadayana, komo deui para akademisi kedah ati-ati upami
bade ngabewarakeun ka media umum tina hasil
panalungtikan, hususna pami kacindekannana tiasa
dianggap "memvonis" hiji golongan/masyarakat tertentu
jeung nimbulkeun pamahaman/panalaran nu nyimpang tina
kanyataan, nu balukarna eta golongan/masyarakat beuki
kadedetkeun (keur mah eukuer...).
2. Sual ajaran ti luluhur Sunda, tinangtos oge aya
rengkolna, namung luluhur urang dina ngabukukeunna nya
nganggo sababaraha rupi wanda, aya nu dina bentuk
tulisan boh di lontarna boh di batuna, aya nu nganggo
guguritan kawih kidung jeung sajabana, aya nu
diterapkeun dina bentuk upacara-upacara adat, oge aya
dina bentuk seni boh alatna, caritana kalayan
pentasna, oge aya nu disimpen dina carita-carita
legenda jeung mitos nu upami ningal luarna eta
legenda/mitos teh teu abus akal. Sapalih kadieuna keun
aya oge sabagian nu diserat kana buku di masing-masing
kelompok, namung seuseueurna mah masih keneh galieun,
kumargi nya kapungkurna kabujeng kajajah tea, janten
teu kapirosea. Mudah-mudahan kapayunna ku kamotekaran
sareng ku kareueusna seuweu-siwi Sunda nu micinta ka
budaya luluhurna eta sakedik-sakedik tiasa
dikempelkeun sareng dibukukeun.
3. Soal apriori ti kalangan nu ayeuna disebat
masarakat "kapercayaan" eta teu kedah dipikahariwang
da seuseueurna mah nampi sareng sumerah bade
dikitu-dikieu ku pamarentah sumawonna ku masarakat
sanesna, margi tos biasa ti kapungkur oge, mung ti
kalangan nonoman sareng kalangan nu rada terpelajar
anu rada tanginas pikeun merjoangkeun sangkan
"mardika" dina ngagem kayakinan jeung ngaleungitkeun
"diskriminasi" nu tumiba tug dugi ka ayeuna, soka
sanajan kanyataannana sesah pisan, nya hal eta nu
kadang nimbulkeun geregetan ti para nonoman. Soal
istilah agama impor, lemah cai deungeun, budaya
deungeun atanapi budaya impor jeung sajabana, nya teu
kedah ditanggapi negatif da eta mah istilah nu umum,
sarupaning nu datang ti luar nagara sorangan disebatna
impor, sareng ari nagara luar nya biasa disebut nagara
deungeun, naha kedah kumaha nyebatna atuh??. Tapi eta
kecap biasana diangge kanggo nandeskeun, nya hapunten
pami teu sapuk mah, mung pasihan terang kumaha kedah
nyebatna da eta mah nyarioskeun kanyataan, sanes
mikangewa atanapi apriori. Benten kayakinan nya
tangtos ulah megatkeun duduluran, da kanyataan di
masarakat nu ngagem kapaercayaan Sunda teh umumna
pasti bae aya di lingkungan kulawargana nu ngagem
agama-agama sanesna kalayan teu aya pacogregan
naon-naon, nya sewang-seangan bae dina kayakinan mah,
namung dina enggon-engoning ngajalankeun kahirupan nya
tetep silih asah-silih asih-silih asuh. Hoyong buktos
nu nyata mangga tingal di Dusun Susuru Ciamis sareng
di Cigugur Kuningan, oge di Ciparay.
4. Saleresna urang teh kantos tepang di darat sok
sanajan saliwat, waktos aya acara nyabut mulihna kang
Ayip ka Indonesia nu diayakeun di UNPAD, geuning abdi
kantos rada nyempad soal Islam-Sunda sareng
Sunda-Islam, teras akang ngawaler kalayan
ngahaleuangkeun "tahlil", nya mudah-mudahan oge
kapayun urang tiasa tepang langkung wanoh di darat.
Sakitu heula panginten kang pangwaler ti sim kuring,
oge aya pamundut pami teu kaabotan sim kuring ge
hoyong di-japri-keun eta power point, supados abdi oge
tiasa nambih wawasan sareng bahan kajian. Hatur nuhun
sateuacanna. Rampes.
Hatur Nuhun
Baktosna
pun Engkus
--- Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >Kang Engkus anu dipihormat,
>
> Hatur nuhun kana waleranana, estuning munel sareng
> janten bahan panalar ka pribados. Mung aya sabaraha
> hal anu bade digurat handapan:
>
> 1. Sok sanaos teu acan ngaos disertasi Kang Rozaq,
> pribados sapagodos pisan ngeunaan metodologi
> penelitian sosial anu umum lumaku di Indonesia
> ayeuna. Kacida positivis bari jeung jarang ngaguar
> enas-enasna pasualan, dugikeun ka memang sakapeung
> mah katinggalina t�h, mung kulit-kulitna wungkul.
>
> 2. Pribados oge parantos "ngaku" r�hna naon anu
> ditaroskeun ku pribados t�h bias d�finisi agama anu
> umum lumaku. Tapi sapertos anu ku pribados kantos
> og� dipadungdengkeun dina milist ieu, sapribadoseun
> mah anu disebat agama atanapi kapercayaan t�h upami
> lain ngan saindividueun mah, wangunana t�h "ajaran".
> Ari ajaran t�h kedah aya anu diajarkeunana, aya
> sumberna, anu tiasa ngar�ngkol dina wangunan
> kitab/buku, atanapi henteu og� teu nanaon (pandanga
> pribados ngeunaan ieu, tiasa ditinggali dina posting
> waktos mairan seratan kang Jamal). Ngeunaan hal anu
> dipedar ku Engkus, ngeunaan nabi, ajaran, ritual �ta
> tiangtos parantos janten kapercantenan Kang Engkus,
> ku kituna moal r�k nganaha-naha, mangga t�h teuing.
>
> 4. Anu sok dipikamelang t�h, justru sikep "apriori",
> boh ti kelompok agama ka anu ngagem
> "kapercayaan",atanapi sawalerna. Contona : nganggap
> agama san�s t�h impor, ngamumul� lemah cai deungeun
> (sanajan teu kasurat tapi kasirat), jsb. Tah
> kecap-kecap anu sapertos kieu nurutkeun pribados mah
> ngaganggu og�. Margi ari anu disebat ageman mah,
> lamun geus ngabaju dina diri, anu dongkapna tiasa ti
> mana wa�, ku urang kedah tetep dipihormat (silih
> pihormat).
>
> Sakali deui hatur nuhun pisan, b�nten pamadegan
> malihan b�nten kapercantenan teu kedah meunggaskeun
> duduluran. Insya Alloh, kapayun urang tiasa tepang
> di darat.
>
>
>
>
> >Sampurasun kasadayana para wargi kisunda, hususna
> ka
> >kang Ganjar nu tos ngahiap sim kuring ngunaan
> >padungdengan Agama Sunda, neda sihapunten nembe
> tiasa
> >nedunan panghiap ti salira, kumargi sim kuring dina
> >raraga kumawula ka diri nu salawasna nganteur kana
> >kahayang kuring teh, sok ider-ideran ka luar daerah
> nu
> >antukna jarang tiasa mukaan millist kisunda, nya
> >sakalina kebo mulih pakandangan teh, dimana muka
> nya
> >saabreg bahan bacaeun sim kuring hasil kamotekaran
> >kidulur sadaya, sadayana oge sok dibaca da matak
> narik
> >hate pikeun ngabandunganana, nya dimana rada nyalse
> >nembe tiasa mairan. Dina mairan sim kuring biasana
> sok
> >rada panjang da hoyong sabeuleugeudeurna ulah dugi
> ka
> >gantung huap, janten peryogi oge waktos nu rada
> >nyalse.
> >Ngeunaan Agama Sunda nu dipadungdengkeun, memang
> >kuring ge kantos paadu hareupan sareng kang Rozak
> teh,
> >waktos anjeunna nuju nalungtik pikeun desertasina,
> >tapi rupina anjeunna teu mampu ngagali eusina eta
> >ajaran sareng memang biasana sateuacan nalungtik
> teh
> >biasana tos nyusun heula �hipotesa� numutkeun
> >pamadegan anjeunna, nu tangtos dina nalungtikna eta
> >perkara tos nganggo koridor pikeun diarahkeun kana
> >ngabuktikeun sareng nguatkeun eta hipotesa tea (da
> >kitu teori ilmiah nu dianggo), nya tangtos bae
> hasilna
> >tiasa benten sareng nu saestuna. Da numutkeun sim
> >kuring mah upami hoyong nalungtik nu objektif
> >(sanyatana), nya kedah diibaratkeun nyandak kertas
> >kosong pikeun dieusi ku naon bae nu kapendak, nembe
> >ditarik hipotesa teras hasilna dikonfirmasikeun
> deui
> >(naon atuh basa sundana hipotesa jeung konfirmasi
> >nya??). Kitu oge saatos disusun drfat/rancangan
> >tulisanna. Tapi ari ieu nu ku sim kuring
> kabandungan
> >mung ukur datang 2-3 kali kalayan nyandak
> sababaraha
> >tulisan/buku teras pleng les terang-terang nonghol
> di
> >Mangle, padahal ari nalungtik soal ajaran nu
> nyangkut
> >spiritual mah dugi ka ngartos eusina teh
> >mangtaun-taun, atuh tangtos bae nu katangkepna
> saukur
> >kulit-kulitna eta ge teu sautuhna.
> >Naha aya kitu Agama Sunda?? mun aya nu kumaha ??
> Kitu
> >nu dipadungdengkeun. Di dieu sim kuring bade
> >nandeskeun yen ari kecap agama teh estuning pituin
> >kecap nu urang tina basa Kawi (Asli Sunda-Jawa), da
> di
> >nagara deungeun mah teu dikenal kecap agama, cenah
> aya
> >nu nganggap asal ti India/Sanskrit, ku kuring
> kungsi
> >ditaroskeun ka utusan agamawan urang India, waktos
> >kaleresan sim kuring ngaluuhan ondangan Saresehan
> >International terbatas ngeunaan �Religion minority
> and
> >belief� di Colombo Srilangka, nu oge hadir utusan
> ti
> >India, Pakistan, Srilangka, Nepal, Malaysia,
> >Indonesia, Inggris. Ceuk eta utusan India cenah ari
> >religion ceuk basa Sanskrit mah disebutna�Dharma� ,
> >jadi Hindu Dharma teh hartina Agama Hindu. Kitu oge
> >waktu kungsi padungdengan jeung Sahid Agil Siraj
> (ahli
> >Fiqih ti NU) jeung Mohamad Sobari, oge padungdeng
> >jeung Nurcholis Madjid dina raraga dialog terbatas
> di
> >CSIS, oge netelakeun yen di Islam dikenal
> >kecap/istilah Nilah � Milah jeung Din nu hartina
> dina
> >basa Indonesia mah diterjemahkeun ngan sakecap bae
> >jadi agama, sok sanajan antara nilah, milah jeung
> din
> >teh aya bedana. Oge aranjeunna percaya yen tiasa
> bae
> >di Sunda/Jawa jeung suku nu lianna kungsi turun
> nabi,
> >da cenah Gusti teh nurunkeun sakitu rebu nabi nu
> lamun
> >diitung jumlah nu turun di timur tengah masih
> keneh
> >aya rebuan sesana nu mungkin bae sumebar di
> Nusantara.
> >
> >Tah ku katerangan eta beuki yakin sim kuring yen
> eta
> >kecap agama teh asli basa nu urang, ku sabagian
> urang
> >sunda mah sok oge disebut ageman. Tah lamun kitu
> >tangtu bae aya kecap/ngaran pasti aya nu dibere
> ngaran
> >boh barang, boh laku atawa sipat atawa naon bae
> pikeun
> >nuduhkeun eta ngaran/kecap. Janten pami kitu teu
> kaci
> >lamun urang ngahartikeun eta kecap make basa
> deungeun,
> >jadi jauh teuing lamun dihartikeunana jadi tidak
> kacau
> >(a=tidak; gama = kacau) duka tina basa nanahaon
> >dicokot eta harti da dina basa Inggris mah teu aya
> >kecap �gama�, lamun nyokot tina basa Yunani, naha
> aya
> >kitu kecap �Agama�. Aya oge kecap �gamma� nu sok
> >dipake simbul dina matematik atawa ngaran sinar,
> tapi
> >nya keun bae da kabiasaan urang mah kitu lamun aya
> nu
> >tiheula ngucapkeun, nya sok loba nu tuturut munding
> >ngiluan jeung ngaenyakeun, bari jeung duka teuing
> enya
> >henteuna mah nyahona, lamun seug tea mah diudag.
> Ceuk
> >pamanggih sim kuring kecap �agama� tina �Hagama�
> asal
> >tina kecap h(a) = hana = aya atawa nu Aya (Gusti),
> >jeung gama = patokan, (conto lain dina jaman
> kaemasan
> >Majapait disebut �Nagara Kartagama� nu hartina
> nagara
> >nu geus make patokan nu beres pikeun karaharjaan
> >rakyatna). Jadi hartina agama teh patokan ti nu
> Maha
> >Kawasa (Gusti), apan hirup jeung kahuripan urang
> estu
> >patokan ti Gusti atuh sakuduna urang ulah ingkar
> tina
> >patokanNa/kersaNa/kudratNa ti nu Maha Kawasa. Lamun
> >urang geus rumasa dikersakeun ku Nu Maha Kawasa
> jadi
> >manusa atuh ulah ingkar tina kamanusaan, lamun geus
> >rumasa dikersakeun jadi urang Sunda atuh ulah
> ingkar
> >tina kasundaan, lamun rumasa dikersakeun cukang
> >lantaran dilahirkeun teh ku indung-bapa jeung
> luluhur
> >Sunda atuh ulah ingkar ti luluhur Sunda, ari ieu
> >geuning teu saeutik nu ngaugung-ugung luluhur batur
> nu
> >teu hir walahir, ari luluhur sorangan kaluli-luli
> >dianggap euweuh ajenna, naha naon salah luluhur
> urang
>
=== message truncated ===
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Sports - Sign up for Fantasy Baseball.
http://baseball.fantasysports.yahoo.com/
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/