Sampurasun ki dulur sadaya, utamina Kang Maman.

Kang Maman hatur nuhun kana patarosanana, mangga
nyanggakeun sakaterang sim kuring, dina harti sual
Adam ceuk urang Kanekes, namun pikeun ngalengkepan
pamahaman eta, ku sim kuring dipedar heula
pangateurna, sareng sakedik tambihan naon nu tos kaaji
ku sim kuring nu aya hubungan sareng Kanekes.
Kajembaran luluhur urang nu ngagem elmu kamanusaan
dina narima perbedaan jeung toleransi kayakinan agama,
kacida luhungna jeung picontoeun pikeun kahirupan
jaman ayeuna, sangkan dina engon-engoning hrup kumbuh
urang teu aya pacogregan teu aya papaseaan. 
Luluhur urang baheula geus sadar yen urusan kayakinan
agama mangrupakeun hak asasi (“sok sanajan harita can
aya slogan atawa istilah hak asasi manusa, tapi dina
kasunyataanna mah estuning dijadikeun atikan hirup
sapopoe’), jeung sadar pisan yen Gusti Nu Maha Suci
teh nyiptakeun mahlukna warna-warni (bhineka namun
tetap saGusti). 
Kajembaran jeung toleransi ieu kaungkap dina carita
legenda waktu Karajaan Medang Kamulyan nu dirajaan ku
Dewata Cengkar (putra Prabu Sindula) kadatangan urang
asing nu ngaran Abu Syaka nu asal ti daerah Syaka
wilayah Hindu/India. Abu  Syaka datang ka tatar Sunda
ngadon nyebarkeun jeung ngembangkeun elmu/agama nu
dibawa ti tanah kalahiranna. Eta Abu Syaka ditarima
kalayan someah jeung diampihan nyirorok di imah Nyi
Randa Patih Sengkeran, malah ku  Raja Galuh Dewata
Cengkar sumebarna elmu/ agama ti Hindu eta teu
dihalangan malah manehna ditawaran jabatan pikeun
ngabantu raja di karajaan Medang Kamulyan, namung naon
atuh wawalesna, geuning nu asih dupulang sengit,
nyatana ku make cara ngagunakeun tipu daya ahirna Abu
Syaka bisa ngajadi raja di tatar Galuh, kalayan
nyingkirkeun Dewata Cengkar ti Karajaan Medang
Kamulyan. Tah kajadian ieu ceuk carita dimimitianna
itungan warsa SAKA, nu pikeun pangeling-eling sewu
putu katurunan Sunda dikaluarkeun candra sangkala “Kun
nir awuk datan dalu” (nu hartina : kun = ingsun = 1;
nir = leungit/paeh atawa kosong = 0; awuk = ditipu =
0; datan = sagala beak  = 0; dalu = kakawasaan geus
liwat = 0), nu hartina taun 00001. Aturan nyebut
warsa/taun dina budaya luluhur urang tara make angka,
tapi make gambaran candra sangkala nu diluyukeun jeung
gambaran kajadian nu eukeur atawa bakal kajadian dina
taun nu disanghareupan jeung macana ti tukang (mangga
titenan taun nu aya dina  prasasti Batutulis Bogor). 
Kajembaran luluhur Sunda oge dibuktikeun, waktu
rahayat Pajajaran sabagean pindah pileumpangan jadi
loba nu nganut agama anyar (Islam), harita Raja
Pajajaran teu ngahalangan komo nepi ka ngarogahala mah
 pijauheun  (pami teu lepat kantos ditulis dina koran
ku kang Ayat Rohaedi—hapunten hilap deui tanggal
sareng koranna). Kitu oge waktu mimiti sumebarna agama
Islam di wewengkon Majapahit, Raja Brawijaya teu
ngahalangan rahayatna parindah agama, malahan mere
luang ka Raden Patah sangkan ngababakan di wewengkon
Bintara pikeun ngembangkeun elmuna, jeung dilantik
jadi bupati kalayan dipasrahan 10.000 pasukan. Dayeuh
Bintara beuki lila beuki gede nu ahirna jadi
Kasultanan Demak (baca “Babad Tanah Jawi”, Buku I
citakan taun 2004, hasil kamotekaran gawe rancage
R.Ng.Yasadipura nu dialihbasakeun ku hiji tim, nyaeta
: Amir Rochkyatmo, Sri Soekasi Adiwimarta, Sri Timur
Soeratman, Parwatri Wahjono). 
Tah didieu urang bisa ngabandingkeun kalinuhungan elmu
nu dicekel ku para luluhur urang, da teu aya
kacaturkeun Majapahit nyerang Demak, Galuh nyerang
Cirebon, atawa Pajajaran nyerang Banten teu aya, tapi
kumaha ari sabalikna, punten eta catetan nu natrat
dina sajarah tug tepi ka kiwari, oge dina
pantun-pantun baheula nu aya di tatar Sunda. Tah ku
alatan eta  pangaruh agama atawa serepan kecap/basa
tina kapercayaan nu datang  kana agama atawa kecap
pituin sunda tagtu bae aya, ngan luluhur urang oge teu
bodo alias pinter, dina nyokot eta kecap serepsn sok
dilarapkeun jeung harti nu tetep dipikukuh.

Tah kang Maman, ayeuna urang mapay hartina Adam ceuk
urang Kanekes.
Dina bag-bagan asal muasal manusa ceuk kapercayaan
urang Kanekes, dumasar tina hasil panalungtikan Saleh
Danasasmita jeung Anis Djatisunda, nya dikenal risalah
Tujuh Batara nyaeta diturunkeuna 7 batara  di Sasaka
Ageung  atawa Sasaka Pusaka Buana (tempat paling suci
di Buana Panca Tengah) ku Sanghiyang Keresa (Nu
Ngersakeun atawa Batara Tunggal), nu pangkolotna
nyaeta Batara Cikal, terus dituturkeun ku 6 batara
liana, anu lengkepna : 
1.      Batara Cikal
2.      Batara Patanjala
3.      Batara Wiswara (Iswara)
4.      Batara Wisnu
5.      Batara Brahma
6.      Batara Hiyang Niskala
7.      Batara Mahadewa
Tah dina carita legenda nu leuwih ngora Batara Cikal
teh sok dipapandekeun jeung Adam Putra Keresa nu dina
kamus urang Kanekes ngandung harti nu beda jeung harti
tokoh ”Adam Mukamad” (maksudna  Nabi Adam). Kecap adam
oge dipake dina tatanan pikukuh masarakat Kanekes nu
ngabagi tabu dina dua tingkatan, nyaeta “buyut adam
tunggal” pikeun urang Tangtu jeung “buyut nahun”
pikeun urang panamping. Harti buyut adam tunggal di
dieu nyaeta tabu sautuhna teu meunang disislihan
(Mangga dibaca Buku “Kehidupan Masyarakat Kanekes”
oleh Saleh Dasasasmita dan Anis Djatisunda, Bagian
Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda
Ditjen Kebudayaan Depdikbud, 1986).. 
Batara Cikal dumasar kapercayaan urang Kanekes
mangrupakeun luluhur urang Kanekes nu nurunkeun para
Daleum, nyaeta Sanghiyang Daleum Janggala, Sanghiyang
Daleum Patanjala (luluhur para puun Cikeusik),
Sanghiyang  Daleum Lagoni  (luluhur para puun
Cikertawana), Sanghiyang Daleum Putih Sida Hurip
(luluhur para puun Cibeo).
Upama nitenan ngaran tokoh batara dina risalah 7
batara di luhur, ngan Batara Cikal jeung Batara Hyang
Niskala nu asli basa Sunda (Saleh Dana Sasmita &Anis
Djatisunda). Didieu oe nunjukkeun kamotekaran luluhur
Sunda sabab, harti eta ngaran-tokoh-tokoh Batara beda
jeung harti dina Agama Hindu. Hasil  tina maca jeung
ngaji diri simkuring, nu dumasar tina ajaran spiritual
nu ceuk kuring mangrupakeun warisan luluhur,
ngebrehkeun yen nu dimaksud Batara Cikal teh ngandung
harti wujud wadag (lahir) manusa, da matak disebut
cikalna maiusa/jalma teh nya pangheulana (disebut
jalma teh sanggeus aya wujud lahirna, nya terus dibere
ngaran dan can ngawujud mah can disebut jalma). 
Ari nu disebut Batara Patanjala nu dina tulisan kang
Saleh jeung kang Anis dumasar kana kropak 632 lembar
VI ngandung harti cai walungan, jeung Patanjala
dianggap mangrupakeun daya hirup. Nya kuring oge
sapamadegan ngahartikeun daya hirup nu ngalir dina
sakujur badan wadag, atawa disebut batin/wujud halus,
Ari Batara Wiswara (Iswara) ngalambangkeun cai nu
warnana bodas, Batara Wisnu ngalambangkeun bumi nu
warnana hideung, Batara Brahma ngalambangkan seuneu
warna beureum jeung Batara Mahadewa ngalambangkeun
angin nu warnana koneng, Didieu ceuk elmu kisunda
ngalambangkeun 4 unsur anu jadi cikal bakal wujud (ti
mimiti cikal bakal tepi ka gede jeung mulang deui) nu
salawasna marengan/nopang pangabutuh wujud. Sedengkeun
Batara Niskala (niskala = teu katempo = gaib = aya
tapi teu aya, teu aya tapi aya) nyaeta nu disebut
Ingsun (isun) tea, nu lain lalaki-lain awewe, lain
budak-lain kolot, teu arah-teu enggon, teu boga kolot
jeung teu boga anak, nu nganyahokeun jeung nyaksi nu
murba sakujur diri, nu wujudna karasa, kasaksi ku 
sakuringna-sakuringna.
Jadi kacindekanana risalah 7 batara nerangkeun hasil
panalungtikan diri manusa nu diturunkeun ku Batara
Tunggal Nu Maha Keresa (Nu Murba Sajagat raya), nu
ngebrehkeun ayana lahir (wujud  wadag), batim/hirup
(wujud lemes) jeung Ingsun (kuring) nu ngawasa murba
sakujur diri. Nu hirupna di dunya dirojong ku sari
pati cai-bumi-seuneu-angin.
Ku kituna kaharti pisan yen, tempat diturunkeunana 7
Batara nu disebut Sasaka Pusaka Buana atawa Pada
Ageung ku urang Kanekes dipercaya mangrupakeun tempat
paling suci, Dina eta tempat aya wangunan Punden
Berundak Tujuh, di palataran eta punden aya petak
tiluwelas jeung dina salah sahiji petakna aya batu
menhir (batu satangtung) jangkungna 2 meter jeung
garis tengahna 0,5 meter, nu miring nyanghareup makam
karamat, sedengkeun di puncak punden aya batu/patung
nu disebut Arca Domas/  Didieu kahartina ku kuring
batu satangtung ngalambangkeun tangtungan diri badan
sakujur nu geus nganyahokeun tilu kawelas-kaasih ti nu
Ngersakeun (nganyahokeun ka dirina), sedengkeun Arca
Domas nu aya di puncak punden berundak tujuh,
kahartina ku kuring netelakeun yen tangtungaan manusa
sanggeus nganyahokeun ka dirina nya kudu ngagunakeun 7
pangawasa Gusti nu tumerap dina dirina (pangawasana,
pangersana, kanyahona, hirupna, reungeuna, awasna,
jeung ucapna) pikeun ngudag Sajatina Manusa (Manusa
Sajati) nu tangtu jadi tangtungan nu kacida gede
ajenna (Arca Domas).
Tah eta marga lantaranna ceuk urang Kanekes, Pada
Ageung tempatna Arca Domas teh mangrupakeun Pancerna
Dunya (hartina diri manusa teh jadi pancerna dunya mun
kaharti...). Nya supaya kaharti, kieu gambaranna :
lamun urang aya di Bogor, Jakarta teh disebut aya di
Kaler, tapi lamun urang aya di Pontianak Jakarta teh
disebut aya di Kidul, kitu deui ceuk urang Bogor,
Bandung teh aya di wetan, tapi lamun urang keur aya di
Tasik, geuning Bandung teh aya di Kulon. Pon kitu deui
lamun urang tumpak kapal udara, geuning sok nempo mega
teh aya di handap, tapi ari keur di darat mah urang
teh sok nuduhkeun mega aya di luhur, Cindekna mah
kidul-kaler-kulon;wetan-luhur-handap, kenca-katuhu
jeung sajabana eta teh patokana (puseurna/pancerna)
diri badan urang sakujur, pon kitu deui sagala rasa
jeung rupa dunya estu lain cenah-lain beja, tapi
estuning karasa jeung katempo ngagunakeun diri nu jadi
pancerna. Ku kituna panginten kaharti. 
Tetela yen urang Kanekes henteu bodo, luluhur urang
oge henteu bodo, ngan loba urang Sunda nu kabobodo,
sabab geus loba urang Sunda nu ngundag elmu
ngagugulung cenah jeung beja, katarik ku pangbibita,
jeung inggis ku disingsieun, sedengkeun pancerna nu
mangrupakeunn kudrat pangwelas, pangasih ti Gusti Nu
Maha Suci geus teu dipake deui pikeun patokan. Apan
cenah aya dalil sing saha-saha nu nyaho ka dirina,
tangtu nyaho ka Gustina. Sumangga di emutan.....
Rampes Nun ka sadayana, hapunten bilih kirang
sapangartian namung urang teh tos dikudratkeun ku Nu
Kawasa jadi Sabangsa nu kudu silih wawangi, silih
asah-asih-asuh.

Cag ki dulur.
Pun Sapun
Simkuring pituin Panjalu

Engkus.  


--- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> > Engkus Ruswana K 
> Wrote :
> Sampurasun ka sadayapara wargi Kisunda.
> Mangga ku sim kuring bade diwalon
> patarosan-patarosanana. 
> 
> Kumaha numutkeun orang kanekes perkawis Adam ?
> 
> Hatur nuhun sateuacana.
> mz
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam
> protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 



                
____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page 
http://www.yahoo.com/r/hs 
 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke