Mairan singget wae Mh oge sadayana,

Numatak Kang, urang mah tacan openan bener-bener kana soal data jeung
informasi teh. Kusabab kitu, kaharti meureun pangna bangsa urang mindeng
ngalaman bancangpakewuh. Ceuk cenah, kacilakaan kapal udara di Medan oge
kusabab data beuratna babawaan eta pesawat teu bener. Orokaya, data anu
dianggap remeh dina lebah anu kritis saperti muatan kapal terbang mah
picalakaeun gede nakeranan lamun disapirakeun teh.

Pakait jeung jejer data anu teu puguh ieu, sigana lengkah anu kayungyun mah
lamun urang fokus heula kana naon muatan eusi warta. Upamana wae, dina jejer
penduduk jeung pendidikan di Jabar, fokusna teh kana kumaha kamajuan
pendidikan US (tangtu wae masalaah data tetep perlu). Kukitua, bari usaha
narekahan kumaha carana mantuan US ngaronjatkeun atikan, nya sakalian
bebenah soal data ieu. Kira-kirana warga milist bisa atawa henteu nya
icikibung dina soal ngaronjatkeun atikan? Kuduna mah bisa, sabab sahenteuna
anu geus apal cangkem larapan IT mah tangtu paham kana pentingna data oge
atikan. Kumaha carana? cikan baraya, diantosan bongbolonganana. Hatur nuhun
sateuacanna.


baktos,
mnAR


On 12/5/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya,
> Panasaran ku hasil sensus, pangangguran ngutak-ngatik data kiriman
> Kang  Tantan. Lakadalah, eta hasilna, kalah nambah kuring lieur. Memeh
> ngabejakeun hasilna, kuring nyieun carita misil, nyaeta carita "sensus  anak
> hayam". Upama urang ngaleupaskeun sajumlah hayam di lapangan,  terus ku
> urang disensus, jiga kumaha nya hasilna. Misalna, item kahiji  ngitung hayam
> numutkeun kelirna, aya hayam nu kelirna: hideung, bodas,  coklat, bulu
> hiris, jeung borontok. Item kadua ngitung hayam numutkeun  umurna, aya
> hayam: kumupu, sacekel, rumangu, danten, jeung hayam kolot.  Geus we dua
> item heula. Mereun hasil sensusna teh kuduna mah kieu:  jumlah hayam
> numutkeun kelirna jeung jumlah hayam numutkeun umurna  kuduna mah sarua.
> Upama teu sarua, pasti aya nu teu beres, naha kerok  ngitungna, atawa aya
> hayam nu ngencar, jeung sajabana.
>
> Tapi tetela baraya, hasil ngutak-ngatik data kiriman Kang Tantan
> tea,  geuning hasilna matak helok. Antara jumlah jalma numutkeun item
> atikan,  jumlah jalma numutkeun agama, jeung jumlah jalma numutkeun
> suku,  geuning teu sarua. Boa-boa, jalma di lembur urang teh pagaliwota
> jeungf  nu gaib. hehehe.
>
> Baktos,
> MH
> -------------
>
> Tabel "Pabaliut"
>
>          Pendidikan     Agama        Suku
> Kab Bogor    3091608        3508826        3502098
> Kab Sukabumi    1836454        2075141        2074653
> Kab Cianjur    1724788        1946405        1944530
> Kab Bandung    3695787        4158083        4151894
> Kab Garut    1797299        2051092        2048388
> Kab Tasikmalaya    1848550         2064075        2062975
> Kab Ciamis    1465519        1618752        1617593
> Kab Kuningan     895278          984792          984598
> Kab Cirebon    1736166        1931066        1929887
> Kab Majalengka    1016431         1121641        1121454
> Kab Sumedang     880146          968848          967580
> Kab Indramayu    1433464         1590030        1589506
> Kab Subang    1202363        1329838        1329481
> Kab Purwakarta     621118          700104          699443
> Kab Karawang    1599977        1787319        1785208
> Kab Bekasi    1487613        1668494        1665490
> -----------
>
>
>
>
>
>
>
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Personals
> Single? There's someone we'd like you to meet.
> Lots of someones, actually. Yahoo! Personals
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke