Kang Oman sareng baraya sanesna,
  
  Nitenan perkara data, anu jiga kitu kaayaanana. Rada kaharti ayeuna  mah, 
kunaon pangna data penduduk miskin, waktu aya program bantuan  kompensasi  BBM, 
nimbulkeun masalah sosial nu matak tagiwur  salelembur. 
  
  Ari numutkeun kuring mah perkara data teh lain perkara enteng, teu bisa  
disapirakeun kitu wae. Apan cenah ceuk ujaring carita, perkara  tatalimarga 
kahirupan teh bisa dijelaskeun ku tilu perkara: input,  proses, jeung hasil. 
Upama hayang hasil nu alus, dua perkara sejenna  (input, jeung proses) kudu 
alus. Proses hade, da mesinna BMW atawa  Mercedes, tapi bensinna campur minyak 
tanah, pastina oge Si BMW teh  kalahka ngaberekbek sosolontodan. Input hade 
make premium super, tapi  mesin mobil heubeul, sarua we kalahka ngebul.
  
  Meureun upama dina kahirupan sapopoe mah, inputna teh taya lian potensi  
masayakat. Ari prosesna kawijakan-kawijakan pamarentah katut cara-cara  
ngalarapkeunana. Hasilna nya kaayaan kahirupan masayarakatna. 
  
  Kulantaran kitu, pikeun ngaronjatkeun perkara atikan, numutkeun kuring  mah 
teu kudu neangan program anyar, pake we program nu aya, larapkeun  sakumaha 
mistina. Ari nyieun program anyar teh, apan sabelas duabelas  jeung nambahan 
biaya. Misalna, lain urang teh sok remen nitenan uar-uar  program "WAJIB diajar 
salapan taun". Ngahaja WAJIB nulisna digedekeun,  sabab di dieu pokok 
pasualanana. Piraku para inohong ti ngongkoak tepi  ka ngungkueuk, teu apal 
naha naon ari hartina WAJIB. Apan ari nu  disebut WAJIB teh, ceuk ajengan, 
upama teu dilakonan DORAKA hukumna. 
  
  Jadi pikeun ngaronjatkeun atikan (IPM), BEBAS-keun IURAN sakola nu  salapan 
taun  teh. Ngahaja BEBAS jeung IURAN oge ditulis gede,  sabab ieu kecap sarua 
jeung kecap WAJIB, sok remen digunasika hartina.  IURAN disamarkeun jadi 
SUMBANGAN, BEBAS teu pati beda hartina jeung  MAYAR. WAJIB jadi jiga sarua 
jeung SUNAT. Upama terus-terusan istilah  jiga kieu dipatukeurkeun, boa- boa 
lain basa Sunda wae nu bakal jadi  hese teh. Basa nasional, basa Indonesia oge 
bakal hese, sabab upama aya  soal ujian pakait jeung kecep-kecap di luhur, 
baris loba nu teu bisa  ngahartikeunana. 
  
  Naha teu bisa kitu sakola nu salapan taun, nu kaasup program wajib  diajar, 
dibebaskeun biayana? Cing aya nu tiasa ngutak-ngatik, biaya  operasional SD/SMP?
  
  Tos ah sakieu heula, bilih panjang teuing nya. Hehehe.
  
  Salam,
  MH
  
  oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Mairan singget wae Mh oge 
sadayana,
  
  Numatak Kang, urang mah tacan openan bener-bener kana soal data jeung
  informasi teh. Kusabab kitu, kaharti meureun pangna bangsa urang mindeng
  ngalaman bancangpakewuh. Ceuk cenah, kacilakaan kapal udara di Medan oge
  kusabab data beuratna babawaan eta pesawat teu bener. Orokaya, data anu
  dianggap remeh dina lebah anu kritis saperti muatan kapal terbang mah
  picalakaeun gede nakeranan lamun disapirakeun teh.
  
  Pakait jeung jejer data anu teu puguh ieu, sigana lengkah anu kayungyun mah
  lamun urang fokus heula kana naon muatan eusi warta. Upamana wae, dina jejer
  penduduk jeung pendidikan di Jabar, fokusna teh kana kumaha kamajuan
  pendidikan US (tangtu wae masalaah data tetep perlu). Kukitua, bari usaha
  narekahan kumaha carana mantuan US ngaronjatkeun atikan, nya sakalian
  bebenah soal data ieu. Kira-kirana warga milist bisa atawa henteu nya
  icikibung dina soal ngaronjatkeun atikan? Kuduna mah bisa, sabab sahenteuna
  anu geus apal cangkem larapan IT mah tangtu paham kana pentingna data oge
  atikan. Kumaha carana? cikan baraya, diantosan bongbolonganana. Hatur nuhun
  sateuacanna.
  
  
  baktos,
  mnAR
  
  
  On 12/5/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > Baraya,
  > Panasaran ku hasil sensus, pangangguran ngutak-ngatik data kiriman
  > Kang  Tantan. Lakadalah, eta hasilna, kalah nambah kuring lieur. Memeh
  > ngabejakeun hasilna, kuring nyieun carita misil, nyaeta carita "sensus  anak
  > hayam". Upama urang ngaleupaskeun sajumlah hayam di lapangan,  terus ku
  > urang disensus, jiga kumaha nya hasilna. Misalna, item kahiji  ngitung hayam
  > numutkeun kelirna, aya hayam nu kelirna: hideung, bodas,  coklat, bulu
  > hiris, jeung borontok. Item kadua ngitung hayam numutkeun  umurna, aya
  > hayam: kumupu, sacekel, rumangu, danten, jeung hayam kolot.  Geus we dua
  > item heula. Mereun hasil sensusna teh kuduna mah kieu:  jumlah hayam
  > numutkeun kelirna jeung jumlah hayam numutkeun umurna  kuduna mah sarua.
  > Upama teu sarua, pasti aya nu teu beres, naha kerok  ngitungna, atawa aya
  > hayam nu ngencar, jeung sajabana.
  >
  > Tapi tetela baraya, hasil ngutak-ngatik data kiriman Kang Tantan
  > tea,  geuning hasilna matak helok. Antara jumlah jalma numutkeun item
  > atikan,  jumlah jalma numutkeun agama, jeung jumlah jalma numutkeun
  > suku,  geuning teu sarua. Boa-boa, jalma di lembur urang teh pagaliwota
  > jeungf  nu gaib. hehehe.
  >
  > Baktos,
  > MH
  > -------------
  >
  > Tabel "Pabaliut"
  >
>           Pendidikan      Agama        Suku
  > Kab Bogor     3091608         3508826       3502098
  > Kab Sukabumi    1836454        2075141    2074653
  > Kab Cianjur    1724788        1946405     1944530
  > Kab Bandung    3695787        4158083     4151894
  > Kab Garut     1797299         2051092       2048388
  > Kab Tasikmalaya    1848550    2064075     2062975
  > Kab Ciamis     1465519         1618752      1617593
  > Kab Kuningan      895278           984792    984598
  > Kab Cirebon    1736166        1931066     1929887
  > Kab Majalengka    1016431    1121641     1121454
  > Kab Sumedang     880146      968848       967580
  > Kab Indramayu    1433464     1590030     1589506
  > Kab Subang    1202363        1329838     1329481
  > Kab Purwakarta     621118     700104      699443
  > Kab Karawang    1599977     1787319      1785208
  > Kab Bekasi    1487613        1668494     1665490
  > -----------

  



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                
---------------------------------
 Yahoo! Personals
 Skip the bars and set-ups and start using Yahoo! Personals for free

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke