Kidulur sadayana, Dipikir-pikir Pamarentahan Jawa Barat nu gembar gembor rek ningkatkeun IPM, eleh ku daerah-daerah nu kamampuanna sahandapeun. Sakaterang kuring. daerah-daerah nu geus nerapkeun BEBAS-SPP 9 taun nyaeta Kota Solok (Subar), Kabupaten Pinrang (Sulsel), Kabupaten Banyuwangi (Jatim), Kabupaten Jembrana (Bali), jeung Kota Parepare (Sulsel). Kota Parepare lian ti bebas SPP, Pemda kota oge nyayagikeun Beus sakola nu "operasional"na ditunjang ku APBD, sedengkeun barudak sakola teu diwajibkeun mayar, tapi disadiakeun oge kotak keur nu rek nyumbang keur nambahan kaperluan supir. Kabupaten Jembrana lian ti sakola bebas teh oge ngayakeun pengobatan gratis keur kalangan miskin.
Kitu sakaterang sim kuring, duka tah di Kutai nu gede APBDna kumaha ?? Rampes --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Oman sareng baraya sanesna, > > Nitenan perkara data, anu jiga kitu kaayaanana. > Rada kaharti ayeuna mah, kunaon pangna data > penduduk miskin, waktu aya program bantuan > kompensasi BBM, nimbulkeun masalah sosial nu matak > tagiwur salelembur. > > Ari numutkeun kuring mah perkara data teh lain > perkara enteng, teu bisa disapirakeun kitu wae. > Apan cenah ceuk ujaring carita, perkara tatalimarga > kahirupan teh bisa dijelaskeun ku tilu perkara: > input, proses, jeung hasil. Upama hayang hasil nu > alus, dua perkara sejenna (input, jeung proses) > kudu alus. Proses hade, da mesinna BMW atawa > Mercedes, tapi bensinna campur minyak tanah, pastina > oge Si BMW teh kalahka ngaberekbek sosolontodan. > Input hade make premium super, tapi mesin mobil > heubeul, sarua we kalahka ngebul. > > Meureun upama dina kahirupan sapopoe mah, inputna > teh taya lian potensi masayakat. Ari prosesna > kawijakan-kawijakan pamarentah katut cara-cara > ngalarapkeunana. Hasilna nya kaayaan kahirupan > masayarakatna. > > Kulantaran kitu, pikeun ngaronjatkeun perkara > atikan, numutkeun kuring mah teu kudu neangan > program anyar, pake we program nu aya, larapkeun > sakumaha mistina. Ari nyieun program anyar teh, apan > sabelas duabelas jeung nambahan biaya. Misalna, > lain urang teh sok remen nitenan uar-uar program > "WAJIB diajar salapan taun". Ngahaja WAJIB nulisna > digedekeun, sabab di dieu pokok pasualanana. Piraku > para inohong ti ngongkoak tepi ka ngungkueuk, teu > apal naha naon ari hartina WAJIB. Apan ari nu > disebut WAJIB teh, ceuk ajengan, upama teu dilakonan > DORAKA hukumna. > > Jadi pikeun ngaronjatkeun atikan (IPM), BEBAS-keun > IURAN sakola nu salapan taun teh. Ngahaja BEBAS > jeung IURAN oge ditulis gede, sabab ieu kecap sarua > jeung kecap WAJIB, sok remen digunasika hartina. > IURAN disamarkeun jadi SUMBANGAN, BEBAS teu pati > beda hartina jeung MAYAR. WAJIB jadi jiga sarua > jeung SUNAT. Upama terus-terusan istilah jiga kieu > dipatukeurkeun, boa- boa lain basa Sunda wae nu > bakal jadi hese teh. Basa nasional, basa Indonesia > oge bakal hese, sabab upama aya soal ujian pakait > jeung kecep-kecap di luhur, baris loba nu teu bisa > ngahartikeunana. > > Naha teu bisa kitu sakola nu salapan taun, nu > kaasup program wajib diajar, dibebaskeun biayana? > Cing aya nu tiasa ngutak-ngatik, biaya operasional > SD/SMP? > > Tos ah sakieu heula, bilih panjang teuing nya. > Hehehe. > > Salam, > MH > > oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Mairan singget wae Mh oge sadayana, > > Numatak Kang, urang mah tacan openan bener-bener > kana soal data jeung > informasi teh. Kusabab kitu, kaharti meureun > pangna bangsa urang mindeng > ngalaman bancangpakewuh. Ceuk cenah, kacilakaan > kapal udara di Medan oge > kusabab data beuratna babawaan eta pesawat teu > bener. Orokaya, data anu > dianggap remeh dina lebah anu kritis saperti > muatan kapal terbang mah > picalakaeun gede nakeranan lamun disapirakeun teh. > > Pakait jeung jejer data anu teu puguh ieu, sigana > lengkah anu kayungyun mah > lamun urang fokus heula kana naon muatan eusi > warta. Upamana wae, dina jejer > penduduk jeung pendidikan di Jabar, fokusna teh > kana kumaha kamajuan > pendidikan US (tangtu wae masalaah data tetep > perlu). Kukitua, bari usaha > narekahan kumaha carana mantuan US ngaronjatkeun > atikan, nya sakalian > bebenah soal data ieu. Kira-kirana warga milist > bisa atawa henteu nya > icikibung dina soal ngaronjatkeun atikan? Kuduna > mah bisa, sabab sahenteuna > anu geus apal cangkem larapan IT mah tangtu paham > kana pentingna data oge > atikan. Kumaha carana? cikan baraya, diantosan > bongbolonganana. Hatur nuhun > sateuacanna. > > > baktos, > mnAR > > > On 12/5/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Baraya, > > Panasaran ku hasil sensus, pangangguran > ngutak-ngatik data kiriman > > Kang Tantan. Lakadalah, eta hasilna, kalah > nambah kuring lieur. Memeh > > ngabejakeun hasilna, kuring nyieun carita misil, > nyaeta carita "sensus anak > > hayam". Upama urang ngaleupaskeun sajumlah hayam > di lapangan, terus ku > > urang disensus, jiga kumaha nya hasilna. > Misalna, item kahiji ngitung hayam > > numutkeun kelirna, aya hayam nu kelirna: > hideung, bodas, coklat, bulu > > hiris, jeung borontok. Item kadua ngitung hayam > numutkeun umurna, aya > > hayam: kumupu, sacekel, rumangu, danten, jeung > hayam kolot. Geus we dua > > item heula. Mereun hasil sensusna teh kuduna mah > kieu: jumlah hayam > > numutkeun kelirna jeung jumlah hayam numutkeun > umurna kuduna mah sarua. > > Upama teu sarua, pasti aya nu teu beres, naha > kerok ngitungna, atawa aya > > hayam nu ngencar, jeung sajabana. > > > > Tapi tetela baraya, hasil ngutak-ngatik data > kiriman Kang Tantan > > tea, geuning hasilna matak helok. Antara jumlah > jalma numutkeun item > > atikan, jumlah jalma numutkeun agama, jeung > jumlah jalma numutkeun > > suku, geuning teu sarua. Boa-boa, jalma di > lembur urang teh pagaliwota > > jeungf nu gaib. hehehe. > > > > Baktos, > > MH > > ------------- > > > > Tabel "Pabaliut" > > > > Pendidikan Agama Suku > > Kab Bogor 3091608 3508826 > 3502098 > > Kab Sukabumi 1836454 2075141 > 2074653 > > Kab Cianjur 1724788 1946405 > 1944530 > > Kab Bandung 3695787 4158083 > 4151894 > > Kab Garut 1797299 2051092 > 2048388 > > Kab Tasikmalaya 1848550 2064075 > 2062975 > > Kab Ciamis 1465519 1618752 > 1617593 > > Kab Kuningan 895278 984792 > 984598 > > Kab Cirebon 1736166 1931066 > 1929887 > > Kab Majalengka 1016431 1121641 1121454 > > Kab Sumedang 880146 968848 967580 > > Kab Indramayu 1433464 1590030 1589506 > > Kab Subang 1202363 1329838 1329481 > > Kab Purwakarta 621118 700104 699443 > > Kab Karawang 1599977 1787319 1785208 > > Kab Bekasi 1487613 1668494 1665490 > > ----------- > > > > > > ===== > Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] > > --------------------------------- > Yahoo! Personals > Skip the bars and set-ups and start using Yahoo! > Personals for free > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > __________________________________________ Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less. dsl.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
