Sasih kamari di UI aya acara seminar "sebumi" dimana aya oge para dosen bangsa sarumpun ti Universitas Kebangsaan Malaysia. Tah dina seminar eta teh dipedar hasil panalungtikan widang sosial, humaniora, lingkungan, ssjb. Kawijakan pangawasa malaysia, memang "menganak emaskan" suku melayu tibatan suku sanesna, sareng "mengklaim", suku asli Malaysia teh nyaeta Melayu (sok sanajan ngan 60 persen?). Tah, salah sahiji peserta seminar sebumi teh aya suku asli ti wewengkon Kalimantan (sarawak), dimana si wewengkon ieu teh sukus aslina sanes suku dayak wae. Sok sanajan suku asli, para pangawasa Malaysia, teu nganggap suku dayak sabage suku asli (aya isitilahna, kuring hilap deui). Jadi nya, memang kawijakan di Malaysia teh, diskriminatif. Bandingkeun sareng kaayaan di Indonesia, sok sanajan suku Jawa mayoritas, aya di sakuliah wewengkon nusantara, kawijakanana heunteu jiga di malaysia, sok sanajan dina praktekna mah katingali "jawaismena". Pami ningali tina aspek budaya, jigana teh bibit konflik langkung parah di Malaysia, tibatan di Indonesia. Balik deui kana obrolan perkara PEODAL, tinggal kumaha urang anu ngalakonana jaman kiwari. Tapi kudu jujur dina perkara ningali sajarah jaman katukang, pikeun pieunteungeun jaman nu rek disorang. baktos, mrachmatrawyani
--- On Thu, 7/10/08, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: ua duq <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Raden-Juragan Pangaruh PEODAL..robah pipikiran...dua sisi To: [email protected] Date: Thursday, July 10, 2008, 12:57 PM teu ngartos mang, palebah feodalisme di malaysia mah "bisa ngangkat harkat darajat bangsa Melayu, batan suku bangsa sejenna (India, Cina, jsb)." naha bisa nempatkeun urang malayu saluhureun urang sejenna (india, cina, jsb.)? leuwih unggul kitu? On Wed, Jul 9, 2008 at 7:59 AM, MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ yahoo.com> wrote: Upama nitenan komentar mang Jamal teh, sok aya "dua sisi". Jiga nu ngaheueuhkeun, tapi oge bisa sabalikna. Tapi bisa oge teu aya maksud naon-naon, ngan sakadar guyonna "ala kabayan". Maksad kuring mah kieu, upama ningali tina aspek kabudayaan (anu salawasna hirup), konsep raden-juragan Peodal teh mangrupa hiji proses kabudayaan Sunda kiwari. Teu tiasa dipiceun, pedah eta cenah ceuk sawatara urang dianggap hal negatif. Gumantung kumaha cara ningalina. Peodalisme di Malaysia (siga anu didongengkeun mang Jamal), tos tiasa ngangkat harkat darajat bangsa Melayu, batan suku bangsa sejenna (India, Cina, jsb). Kuring nitenan aya nu "aneh" tumiba ka bangsa urang, saprak pasca reformasi. Mopohokeun sajarah mangsa katukang anu dianggap goreng. Padahal faktana memang aya. Loba nu kaliru dina perkara "memaknai" fakta, pikeun kapentingan "sesaat". baktos, mrachmatrawyani --- On Tue, 7/8/08, mangjamal <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: mangjamal <[EMAIL PROTECTED] com> Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] re: Raden-Juragan Pangaruh PEODAL..robah pipikiran To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Tuesday, July 8, 2008, 4:45 PM sigana, urang mah moal maju kang. nu maju mah malaysia, nu masih ngingu keneh cara feodalismeu, da buktina, di eta nagara federal teh, masih aya 9 kasultanan tea. cek si kuring feodalismeu malaysia nu geus jadi salah sapuluh faktor nu ngamajukeun malaysia, ninggalkeun sodara tua di kidul nu kalah ka beuki kiruh. kang Oman, di milis Kisunda mah, teraskeun we diskusi soal ieu da asana, milis nu ieu mah daria. nuhun sono oge ka kisunda, jaba aya kang Roza, kantos diulem janten narasumber arsitektur sunda di pss mj - -- d-: dudi herlianto :-b ~karék cénah~
