bisa disebutkeun malaysia bisa ngangkat darajat bangsa melayu ku jalan nojer
bangsa sejen. mun ditilik ti sisi bangsa malayu feodalis mah memang hal eta
bisa disebut KEBERHASILAN!! leres kitu? teras dimana mangpaat feodalisme
keur urang?

On Thu, Jul 10, 2008 at 1:29 PM, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

>   Sasih kamari di UI aya acara seminar "sebumi" dimana aya oge para dosen
> bangsa sarumpun ti Universitas Kebangsaan Malaysia. Tah dina seminar eta teh
> dipedar hasil panalungtikan widang sosial, humaniora, lingkungan, ssjb.
>
>
>
> Kawijakan pangawasa malaysia, memang "menganak emaskan" suku melayu tibatan
> suku sanesna, sareng "mengklaim", suku asli Malaysia teh nyaeta Melayu (sok
> sanajan ngan 60 persen?). Tah, salah sahiji peserta seminar sebumi teh aya
> suku asli ti wewengkon Kalimantan (sarawak), dimana si wewengkon ieu teh
> sukus aslina sanes suku dayak wae.
>
> Sok sanajan suku asli, para pangawasa Malaysia, teu nganggap suku dayak
> sabage suku asli (aya isitilahna, kuring hilap deui). Jadi nya,  memang
> kawijakan di Malaysia teh, diskriminatif.
>
>
>
> Bandingkeun sareng kaayaan di Indonesia, sok sanajan suku Jawa mayoritas,
> aya di sakuliah wewengkon nusantara, kawijakanana heunteu jiga di malaysia,
> sok sanajan dina praktekna mah katingali "jawaismena". Pami ningali tina
> aspek budaya, jigana teh bibit konflik langkung parah di Malaysia, tibatan
> di Indonesia.
>
>
>
> Balik deui kana obrolan perkara PEODAL, tinggal kumaha urang anu
> ngalakonana jaman kiwari. Tapi kudu jujur dina perkara ningali sajarah jaman
> katukang, pikeun pieunteungeun jaman nu rek disorang.
>
>
>
> baktos,
>
>
>
> mrachmatrawyani
>
>
>
> --- On *Thu, 7/10/08, ua duq <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> From: ua duq <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [kisunda] Raden-Juragan Pangaruh PEODAL..robah pipikiran...dua
> sisi
> To: [email protected]
> Date: Thursday, July 10, 2008, 12:57 PM
>
>  teu ngartos mang, palebah feodalisme di malaysia mah "bisa ngangkat
> harkat darajat bangsa Melayu, batan suku bangsa sejenna (India, Cina, jsb)."
> naha bisa nempatkeun urang malayu saluhureun urang sejenna (india, cina,
> jsb.)? leuwih unggul kitu?
>
>
> On Wed, Jul 9, 2008 at 7:59 AM, MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@
> yahoo.com <[EMAIL PROTECTED]>> wrote:
>
>>      Upama nitenan komentar mang Jamal teh, sok aya "dua sisi". Jiga nu
>> ngaheueuhkeun, tapi oge bisa sabalikna. Tapi bisa oge teu aya maksud
>> naon-naon, ngan sakadar guyonna "ala kabayan".
>>
>>
>>
>> Maksad kuring mah kieu, upama ningali tina aspek  kabudayaan (anu
>> salawasna hirup), konsep raden-juragan Peodal teh mangrupa hiji proses
>> kabudayaan Sunda kiwari. Teu tiasa dipiceun, pedah eta cenah ceuk sawatara
>> urang dianggap hal negatif. Gumantung kumaha cara ningalina. Peodalisme di
>> Malaysia (siga anu didongengkeun mang Jamal), tos tiasa ngangkat harkat
>> darajat bangsa Melayu, batan suku bangsa sejenna (India, Cina, jsb).
>>
>>
>>
>> Kuring nitenan aya nu "aneh"  tumiba ka bangsa urang, saprak pasca
>> reformasi. Mopohokeun sajarah mangsa katukang anu dianggap goreng. Padahal
>> faktana memang aya. Loba nu kaliru dina perkara "memaknai" fakta, pikeun
>> kapentingan "sesaat".
>>
>>
>>
>>
>>
>> baktos,
>>
>>
>>
>> mrachmatrawyani
>>
> ,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-b
~karék cénah~

Kirim email ke