eta teh Mang Ucup Randi anu ti LPKIA tea (IAI) ? punten pami lepat mah !
On Wed, Jul 16, 2008 at 3:39 PM, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Mang Ucup Randi, punten nyuhunkeun info saha anu dimaksad Cina ku > karuhun Sunda sareng Jawa teh? Naha wewengkon anu kiwari janten RRC? > Atanapi wewengkon tilas karajaan Campa anu kiwari janten bagian ti Viet Nam? > Atanapi duanana? > > > Mendakan info ti wiki id, wireh padumuk tilas wewengkon karajaan Campa oge > kiwari seueur nu ngagem Islam. Kapungkur cenah Campa teh tos gaduh hubungan > dagang sareng bangsa-bangsa di wewengkon nu kiwari janten Indonesia. > Nyanggakeun ieu tumbuna: http://id.wikipedia.org/wiki/Campa > > > Salam, > Aschev Schurachev > > > > > ----- Original Message ---- > From: mangucup88 <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Tuesday, July 15, 2008 4:34:56 PM > Subject: [kisunda] Nyucruk Galur WALISONGO > > Tanggal 26 Februari 2005 pribados ngawitan midamel seratan ngeunaan > Walisongo. Ngalangkunan waktos 3 tahun dina ping 28 Februari 2008, > eta seratan teh dianggit deui ku alpukahna saderek Wal Suparmo > kalayan dimuat dina Serat Kabar Suara Merdeka. Eta guaran Walisongo > teh, estu seratan sim kuring sorangan, hasil panalungtikan pribadi > tina sababaraha referensi sareng pustaka nu aya di Leiden sinareng > Den Haag. > > Aya gerentes tumaros dina sanubaring ati, naon margina umat Muslim > umumna ngaraos gerah sinareng hemeng, upami ngadangu yen Sunan > Walisongo teh estuning asli urang Tionghoa. Padahal Kangjeng > Rosululloh Nabi Muhammad SAW kantos cumarios sareng nganjurkeun ka > umatna supados motekar ngulik elmu pangaweruh, sanaos dugi nagara > Cina (Al-Hadits). Kanggo urang Indonesia mah, geuningan henteu kantos > marios ka nagri Cina, jalaran Urang Tionghoana kuanjeun nu parantos > sarumping ka Indonesia. > > Pamadegan kitu teh kantos diungkab ku Prof Slamet Mulyana dina > bukuna "Runtuhnya Kerajaan Hindu-Jawa dan Timbulnya negara-negara > Islam di Nusantara." Namung dina tahun 1968 buku eta diwagel sumebar > ku Pamarentah, jalaran masalah eta kalintang pekana, aya pakuat > pakaitna sinareng masalah SARA. Kunaon kitu atuh? > > Mangga tiasa dilenyepan, geuning nu munggaran ngadegkeun karajaan > Islam di Jawa teh taya sanes dalah urang Tionghoa. Malahan nu wiwitan > jumeneng Sultan na ge pan urang Tionghoa nu jenengan Chen Jinwen > alias Raden Patah, alias Panembahan Tan Jin Bun/Arya (Cu-Cu). > > Walisongo atanapi Walisanga teh ngandung hartosna salapan (songo) > Wali. Nanging aya oge nu kagungan pamadegan sanes, yen Songo teh > asalna tina kecap tsana nu hartosna mulia dina bahasa Arab. Pamadegan > sanesna nyebatkeun rehna songo teh awit kecapna tina sana dina basa > Jawa nu pihartoseunnana "tempat". > > Sadaya para Wali teh kagungan gelar Sunan nu hartosna guru agama > atanapi ustadz. Nanging kecap Sunan saleresna mah dicandak tina kecap > Suhu/Saihu, nu ngandung hartos guru dina dialek basa Hokkian, jalaran > marantenna teh taya sanes nyeta guru-guru Pasantren Hanafiah ti > mazhab Hanafi. "Su" singketan tina kecap "Suhu". "Nan" hartosna > kidul. Marantenna teh taya sanes nyeta panganut mazhab Hanafi nu asal > muasalna ti wilayah Tiongkok palih kidul. > > Peryogi kauninga, rehna kecap "Kyai" teh nu kiwari seueur digunakeun, > taya sanes sesebatan kanggo Guru agama Islam. Dina jaman Jepang > katompernakeun mah masih keneh dianggo pikeun sesebatan Lalaki > Tionghoa Totok, sapertos panggilan "Encek". > > Aya deui hiji hal nu mugia janten uninga, rehna anggoan muslim nu > disebat Gamis tea nu sok diaranggo ku kaom muslim Indonesia dina > waktos ibadah netepan utamina upami bade netepan jamaah di Masjid. > Anggoan eta teh mani sarimbag pisan sinareng anggoan tradisional asli > China. Kitu deui baju Koko sareng ketu bodas atanapi nu disebat topi > haji tea, eta ge saleresna mah kawit buitna teh ti China, jalaran di > nagara Islam mah atanapi Timur Tengah anggoan kitu teh teu aya. > > Aya paripaos kanggo nyucruk galur nu kapungkur mapay laratan sajarah, > Walisongo teh diadegkeunnana ku alpukahna Sunan Ampel dina warsih > 1474 M. Aya salapan Waliyullah dina Walisongo teh nyaeta nu disebatan > dihandap ieu: > > Sunan Ampel alias Bong Swie Ho > Sunan Drajat alias Bong Tak Keng > Sunan Bonang alias Bong Tak Ang > Sunan Kalijaga alias Gan Si Cang > Sunan Gunung Jati alias Du Anbo – Toh A Bo > Sunan Kudus alias ZhaDexu – Ja Tik Su > Sunan Giri adalah cucunya Bong Swie Ho > Sunan Muria > Maulana Malik Ibrahim alias Chen Yinghua/Tan Eng Hoat. > > Sunan Ampel (Bong Swie Ho) alias raden Rachmat dibabarkeunnana teh > dina warsih 1401 di Champa (Kamboja kiwari). Mantenna sumping ka > tanah Jawa dina warsih 1443. Dina waktos harita di Champa kalintang > seueurna urang Tionghoa Muslim anu marukim di dinya. Dina warsih 1479 > Sunan Ampel ngadegkeun Masjid Demak. Oge mantenna pisan nu ngarancang > pikeun ngadegna karajaan Islam wiwitan di Jawa nu puseur dayeuhna aya > di Bintoro Demak. Lajeng diistrenan Raden Patah alias Chen Jinwen – > Tan Jin Bun salaku Sultan munggaran. Mantenna teh putera pituin ti > Cek Kopo di Palembang. > > Urang Portugis ngalandi Raden Patah teh ku sesebatan "Pate Rodin Sr" > salaku "Persona de grande syso" (insan nu kalintang wijaksana) > atanapi "Cavaleiro" (bangsawan nu mulia). Nanging bawiraos kitu, > urang Walanda mah kirang percanten upamai Sultan Islam wiwitan di > Jawa teh bibit buitna urang Tionghoa. "Ma enya sultan Islam wiwitan > teh urang Tionghoa?". Karaguan eta, balukarna Residen Poortman 1928 > mancen tugas ti pamarentahan Walanda nu kedah ngayakeun panalungtikan > nu saestu: Naha leres Raden Patah teh urang Tionghoa? > > Poortman dipasihan tugas kedah ngagaladah Kelenteng Sam Po Kong, > sareng ngasab alias nyita sagala naskah basa Tionghoa, nu yuswana > parantos 400 tahun langkung. Seueurna nu dicandak teh kirang langkung > tilu padati. Arsip-arsip Poortman eta teh dikutip ku Parlindungan nu > midamel buku sajarah karajaan Islam wiwitan. Salajengna, buku eta teh > seueur disitir ku Tuanku Rao sinareng Slamet Mulyana, nu pada-pada > maridamel buku. > > Nu ngabukteuskeun yen Raden Patah teh leres-leres urang Tionghoa, > tiasa ditingal sareng diaos dina Serat Kanda Raden Patah nu kagungan > gelar Panembahan Jimbun. Dina babad Tanah Jawi disebat salaku > Senapati Jimbun. Kecap Jin Bun (Jinwen) dina dialek Hokkian ngandung > hartos "manusa kuat". > > Raden Patah kagungan putu nu dijenenganan Sunan Prawata alias Chen > Muming/Tan Muk Ming, nyaeta Sultan pamungkas ti Karajaan Demak. > Mantenna kagungan ambisi kanggo nga-islamkeun sadaya masyarakat pulau > Jawa. Saupami pamaksadannana hasil, tiasa janten mantenna > janten "Segundo Turco" (Sultan Turki ka II), atanapi sapertos sultan > Turki Sulaeman I, nu tos kasohor komara sinareng kajembarannana. > > Sumber utami: > D.A. Rinkes: The heiligen van Java. > Jan Edel: Hikayat Hasanuddin. > B.J.O. Schrieke, 1916 The Admonitions of Sen Bari: a 16 th century > Javanese Muslim text attributed to the Saint of Bonang, the Haque: > Martinus Nijhoff. > De Graaf and Pigeaud: De eerste Moslimse Vorstendommen op Java – > Islamic states in Java 1500-1700. > Amen Budiman: Masyarakat Islam Tionghoa di Indonesia. > Prof. Slamet Mulyana: Runtuhnya Kerajaan Hindu-Jawa dan Timbulnya > Negara-negara Islam di Nusantara. > > Mang Ucup > Email: [EMAIL PROTECTED] com <mang.ucup%40gmail.com> > Homepage: www.mangucup. net > > > > > -- Ema Sujalma
