Pirbados kantos gaduh rerencangan kuliah nu sa-kos-an (sa-apartemen) nu kawitna ti Malaysia. Saur anjeunna, upami urang Cina di Malaysia tos lebet Islam, teu disebat deui Cina (tiasa disebat aturan tidak tertulis kitu?). Jigana kapungkur hal jiga kitu lumaku oge di urang. Waktos urang Cina lebet Islam (malih teras nikah sareng padumuk lokal), cap Cina-na kahapus. Para turunanan oge disebat turunan padumuk lokal. Tapi urang Cina anu henteu ngabaur (ngahiji) sareng padumuk lokal mah (anu malah ngawangun komunitas mandiri anu disebat pecinan kalayan ageman karuhunna) tetep we disebat UC. Antukna tapakna Cina muslim teu katingali. Nu katingal teh, kiwari seueur urang Jawa Islam sareng Urang Sunda Islam (hususna di pantura) nu pameunteuna jiga Urang Cina. Ah ieu mah mamanawian. Salam, Aschev Schuraschev
----- Original Message ---- > From: mh <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED] > Sent: Wednesday, July 16, 2008 8:21:30 AM > Subject: Re: [kisunda] Nyucruk Galur WALISONGO > > eksperimen nu matak panasaran, paling henteu aya hiji perkara nu perlu > dikoreh deui: yen nu nyebarkeun islam di jawa, walisongo tea, kabeh > anak babah, kajaba sunan muria. > > aya nu kurang logis tinu asumsi di luhur teh, nyaeta perkara walisongo > anak babah. upama nengetan kaayaan mangsa kiwari, jiga teu pati > katinggali tapakna, yen walisongo ampir kabeh anak babah teh. pek we > geura tengetan, diantara ageman nu kiwari aya di indonesia: islam, > kristen, hindu, budha, jeung nu lianna; asana presentasi babah nu > nganut islam upama dibandingkeun jeung babah nu nganut agama sejenna, > lain urutan mayoritas. upama walisongo turunan babah, tangtuna ge > baris aya tapakna, loba babah nu nganut islam dibanding agama sejenna. > > cing kumaha tah, mang ucup rasionalna eta pamendak teh? > > salam, > mh > > On Tue, Jul 15, 2008 at 5:34 PM, mangucup88 wrote: > > Tanggal 26 Februari 2005 pribados ngawitan midamel seratan ngeunaan > > Walisongo. Ngalangkunan waktos 3 tahun dina ping 28 Februari 2008, > > eta seratan teh dianggit deui ku alpukahna saderek Wal Suparmo > > kalayan dimuat dina Serat Kabar Suara Merdeka. Eta guaran Walisongo > > teh, estu seratan sim kuring sorangan, hasil panalungtikan pribadi > > tina sababaraha referensi sareng pustaka nu aya di Leiden sinareng > > Den Haag. > > > > Aya gerentes tumaros dina sanubaring ati, naon margina umat Muslim > > umumna ngaraos gerah sinareng hemeng, upami ngadangu yen Sunan > > Walisongo teh estuning asli urang Tionghoa. Padahal Kangjeng > > Rosululloh Nabi Muhammad SAW kantos cumarios sareng nganjurkeun ka > > umatna supados motekar ngulik elmu pangaweruh, sanaos dugi nagara > > Cina (Al-Hadits). Kanggo urang Indonesia mah, geuningan henteu kantos > > marios ka nagri Cina, jalaran Urang Tionghoana kuanjeun nu parantos > > sarumping ka Indonesia. > > > > Pamadegan kitu teh kantos diungkab ku Prof Slamet Mulyana dina > > bukuna "Runtuhnya Kerajaan Hindu-Jawa dan Timbulnya negara-negara > > Islam di Nusantara." Namung dina tahun 1968 buku eta diwagel sumebar > > ku Pamarentah, jalaran masalah eta kalintang pekana, aya pakuat > > pakaitna sinareng masalah SARA. Kunaon kitu atuh? > > > > Mangga tiasa dilenyepan, geuning nu munggaran ngadegkeun karajaan > > Islam di Jawa teh taya sanes dalah urang Tionghoa. Malahan nu wiwitan > > jumeneng Sultan na ge pan urang Tionghoa nu jenengan Chen Jinwen > > alias Raden Patah, alias Panembahan Tan Jin Bun/Arya (Cu-Cu). > > > > Walisongo atanapi Walisanga teh ngandung hartosna salapan (songo) > > Wali. Nanging aya oge nu kagungan pamadegan sanes, yen Songo teh > > asalna tina kecap tsana nu hartosna mulia dina bahasa Arab. Pamadegan > > sanesna nyebatkeun rehna songo teh awit kecapna tina sana dina basa > > Jawa nu pihartoseunnana "tempat". > > > > Sadaya para Wali teh kagungan gelar Sunan nu hartosna guru agama > > atanapi ustadz. Nanging kecap Sunan saleresna mah dicandak tina kecap > > Suhu/Saihu, nu ngandung hartos guru dina dialek basa Hokkian, jalaran > > marantenna teh taya sanes nyeta guru-guru Pasantren Hanafiah ti > > mazhab Hanafi. "Su" singketan tina kecap "Suhu". "Nan" hartosna > > kidul. Marantenna teh taya sanes nyeta panganut mazhab Hanafi nu asal > > muasalna ti wilayah Tiongkok palih kidul. > > > > Peryogi kauninga, rehna kecap "Kyai" teh nu kiwari seueur digunakeun, > > taya sanes sesebatan kanggo Guru agama Islam. Dina jaman Jepang > > katompernakeun mah masih keneh dianggo pikeun sesebatan Lalaki > > Tionghoa Totok, sapertos panggilan "Encek". > > > > Aya deui hiji hal nu mugia janten uninga, rehna anggoan muslim nu > > disebat Gamis tea nu sok diaranggo ku kaom muslim Indonesia dina > > waktos ibadah netepan utamina upami bade netepan jamaah di Masjid. > > Anggoan eta teh mani sarimbag pisan sinareng anggoan tradisional asli > > China. Kitu deui baju Koko sareng ketu bodas atanapi nu disebat topi > > haji tea, eta ge saleresna mah kawit buitna teh ti China, jalaran di > > nagara Islam mah atanapi Timur Tengah anggoan kitu teh teu aya. > > > > Aya paripaos kanggo nyucruk galur nu kapungkur mapay laratan sajarah, > > Walisongo teh diadegkeunnana ku alpukahna Sunan Ampel dina warsih > > 1474 M. Aya salapan Waliyullah dina Walisongo teh nyaeta nu disebatan > > dihandap ieu: > > > > Sunan Ampel alias Bong Swie Ho > > Sunan Drajat alias Bong Tak Keng > > Sunan Bonang alias Bong Tak Ang > > Sunan Kalijaga alias Gan Si Cang > > Sunan Gunung Jati alias Du Anbo – Toh A Bo > > Sunan Kudus alias ZhaDexu – Ja Tik Su > > Sunan Giri adalah cucunya Bong Swie Ho > > Sunan Muria > > Maulana Malik Ibrahim alias Chen Yinghua/Tan Eng Hoat. > > > > Sunan Ampel (Bong Swie Ho) alias raden Rachmat dibabarkeunnana teh > > dina warsih 1401 di Champa (Kamboja kiwari). Mantenna sumping ka > > tanah Jawa dina warsih 1443. Dina waktos harita di Champa kalintang > > seueurna urang Tionghoa Muslim anu marukim di dinya. Dina warsih 1479 > > Sunan Ampel ngadegkeun Masjid Demak. Oge mantenna pisan nu ngarancang > > pikeun ngadegna karajaan Islam wiwitan di Jawa nu puseur dayeuhna aya > > di Bintoro Demak. Lajeng diistrenan Raden Patah alias Chen Jinwen – > > Tan Jin Bun salaku Sultan munggaran. Mantenna teh putera pituin ti > > Cek Kopo di Palembang. > > > > Urang Portugis ngalandi Raden Patah teh ku sesebatan "Pate Rodin Sr" > > salaku "Persona de grande syso" (insan nu kalintang wijaksana) > > atanapi "Cavaleiro" (bangsawan nu mulia). Nanging bawiraos kitu, > > urang Walanda mah kirang percanten upamai Sultan Islam wiwitan di > > Jawa teh bibit buitna urang Tionghoa. "Ma enya sultan Islam wiwitan > > teh urang Tionghoa?". Karaguan eta, balukarna Residen Poortman 1928 > > mancen tugas ti pamarentahan Walanda nu kedah ngayakeun panalungtikan > > nu saestu: Naha leres Raden Patah teh urang Tionghoa? > > > > Poortman dipasihan tugas kedah ngagaladah Kelenteng Sam Po Kong, > > sareng ngasab alias nyita sagala naskah basa Tionghoa, nu yuswana > > parantos 400 tahun langkung. Seueurna nu dicandak teh kirang langkung > > tilu padati. Arsip-arsip Poortman eta teh dikutip ku Parlindungan nu > > midamel buku sajarah karajaan Islam wiwitan. Salajengna, buku eta teh > > seueur disitir ku Tuanku Rao sinareng Slamet Mulyana, nu pada-pada > > maridamel buku. > > > > Nu ngabukteuskeun yen Raden Patah teh leres-leres urang Tionghoa, > > tiasa ditingal sareng diaos dina Serat Kanda Raden Patah nu kagungan > > gelar Panembahan Jimbun. Dina babad Tanah Jawi disebat salaku > > Senapati Jimbun. Kecap Jin Bun (Jinwen) dina dialek Hokkian ngandung > > hartos "manusa kuat". > > > > Raden Patah kagungan putu nu dijenenganan Sunan Prawata alias Chen > > Muming/Tan Muk Ming, nyaeta Sultan pamungkas ti Karajaan Demak. > > Mantenna kagungan ambisi kanggo nga-islamkeun sadaya masyarakat pulau > > Jawa. Saupami pamaksadannana hasil, tiasa janten mantenna > > janten "Segundo Turco" (Sultan Turki ka II), atanapi sapertos sultan > > Turki Sulaeman I, nu tos kasohor komara sinareng kajembarannana. > > > > Sumber utami: > > D.A. Rinkes: The heiligen van Java. > > Jan Edel: Hikayat Hasanuddin. > > B.J.O. Schrieke, 1916 The Admonitions of Sen Bari: a 16 th century > > Javanese Muslim text attributed to the Saint of Bonang, the Haque: > > Martinus Nijhoff. > > De Graaf and Pigeaud: De eerste Moslimse Vorstendommen op Java – > > Islamic states in Java 1500-1700. > > Amen Budiman: Masyarakat Islam Tionghoa di Indonesia. > > Prof. Slamet Mulyana: Runtuhnya Kerajaan Hindu-Jawa dan Timbulnya > > Negara-negara Islam di Nusantara. > > > > Mang Ucup > > Email: [EMAIL PROTECTED] > > Homepage: www.mangucup.net > > > > > > > > > > ------------------------------------ > > > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > ------------------------------------ > > Yahoo! Groups Links > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
