Duka teu terang eta mah. But, whoever he is, I really appreciate him for tulas-tulis kasundaan. Salam, Aschev Schuraschev
----- Original Message ---- From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, July 16, 2008 4:32:31 PM Subject: Re: [kisunda] Nyucruk Galur WALISONGO eta teh Mang Ucup Randi anu ti LPKIA tea (IAI) ? punten pami lepat mah ! On Wed, Jul 16, 2008 at 3:39 PM, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Mang Ucup Randi, punten nyuhunkeun info saha anu dimaksad Cina ku karuhun Sunda sareng Jawa teh? Naha wewengkon anu kiwari janten RRC? Atanapi wewengkon tilas karajaan Campa anu kiwari janten bagian ti Viet Nam? Atanapi duanana? Mendakan info ti wiki id, wireh padumuk tilas wewengkon karajaan Campa oge kiwari seueur nu ngagem Islam. Kapungkur cenah Campa teh tos gaduh hubungan dagang sareng bangsa-bangsa di wewengkon nu kiwari janten Indonesia. Nyanggakeun ieu tumbuna: http://id.wikipedia .org/wiki/ Campa Salam, Aschev Schurachev ----- Original Message ---- From: mangucup88 <[EMAIL PROTECTED] de> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Tuesday, July 15, 2008 4:34:56 PM Subject: [kisunda] Nyucruk Galur WALISONGO Tanggal 26 Februari 2005 pribados ngawitan midamel seratan ngeunaan Walisongo. Ngalangkunan waktos 3 tahun dina ping 28 Februari 2008, eta seratan teh dianggit deui ku alpukahna saderek Wal Suparmo kalayan dimuat dina Serat Kabar Suara Merdeka. Eta guaran Walisongo teh, estu seratan sim kuring sorangan, hasil panalungtikan pribadi tina sababaraha referensi sareng pustaka nu aya di Leiden sinareng Den Haag. Aya gerentes tumaros dina sanubaring ati, naon margina umat Muslim umumna ngaraos gerah sinareng hemeng, upami ngadangu yen Sunan Walisongo teh estuning asli urang Tionghoa. Padahal Kangjeng Rosululloh Nabi Muhammad SAW kantos cumarios sareng nganjurkeun ka umatna supados motekar ngulik elmu pangaweruh, sanaos dugi nagara Cina (Al-Hadits). Kanggo urang Indonesia mah, geuningan henteu kantos marios ka nagri Cina, jalaran Urang Tionghoana kuanjeun nu parantos sarumping ka Indonesia. Pamadegan kitu teh kantos diungkab ku Prof Slamet Mulyana dina bukuna "Runtuhnya Kerajaan Hindu-Jawa dan Timbulnya negara-negara Islam di Nusantara." Namung dina tahun 1968 buku eta diwagel sumebar ku Pamarentah, jalaran masalah eta kalintang pekana, aya pakuat pakaitna sinareng masalah SARA. Kunaon kitu atuh? Mangga tiasa dilenyepan, geuning nu munggaran ngadegkeun karajaan Islam di Jawa teh taya sanes dalah urang Tionghoa. Malahan nu wiwitan jumeneng Sultan na ge pan urang Tionghoa nu jenengan Chen Jinwen alias Raden Patah, alias Panembahan Tan Jin Bun/Arya (Cu-Cu). Walisongo atanapi Walisanga teh ngandung hartosna salapan (songo) Wali. Nanging aya oge nu kagungan pamadegan sanes, yen Songo teh asalna tina kecap tsana nu hartosna mulia dina bahasa Arab. Pamadegan sanesna nyebatkeun rehna songo teh awit kecapna tina sana dina basa Jawa nu pihartoseunnana "tempat". Sadaya para Wali teh kagungan gelar Sunan nu hartosna guru agama atanapi ustadz. Nanging kecap Sunan saleresna mah dicandak tina kecap Suhu/Saihu, nu ngandung hartos guru dina dialek basa Hokkian, jalaran marantenna teh taya sanes nyeta guru-guru Pasantren Hanafiah ti mazhab Hanafi. "Su" singketan tina kecap "Suhu". "Nan" hartosna kidul. Marantenna teh taya sanes nyeta panganut mazhab Hanafi nu asal muasalna ti wilayah Tiongkok palih kidul. Peryogi kauninga, rehna kecap "Kyai" teh nu kiwari seueur digunakeun, taya sanes sesebatan kanggo Guru agama Islam. Dina jaman Jepang katompernakeun mah masih keneh dianggo pikeun sesebatan Lalaki Tionghoa Totok, sapertos panggilan "Encek". Aya deui hiji hal nu mugia janten uninga, rehna anggoan muslim nu disebat Gamis tea nu sok diaranggo ku kaom muslim Indonesia dina waktos ibadah netepan utamina upami bade netepan jamaah di Masjid. Anggoan eta teh mani sarimbag pisan sinareng anggoan tradisional asli China. Kitu deui baju Koko sareng ketu bodas atanapi nu disebat topi haji tea, eta ge saleresna mah kawit buitna teh ti China, jalaran di nagara Islam mah atanapi Timur Tengah anggoan kitu teh teu aya. Aya paripaos kanggo nyucruk galur nu kapungkur mapay laratan sajarah, Walisongo teh diadegkeunnana ku alpukahna Sunan Ampel dina warsih 1474 M. Aya salapan Waliyullah dina Walisongo teh nyaeta nu disebatan dihandap ieu: Sunan Ampel alias Bong Swie Ho Sunan Drajat alias Bong Tak Keng Sunan Bonang alias Bong Tak Ang Sunan Kalijaga alias Gan Si Cang Sunan Gunung Jati alias Du Anbo – Toh A Bo Sunan Kudus alias ZhaDexu – Ja Tik Su Sunan Giri adalah cucunya Bong Swie Ho Sunan Muria Maulana Malik Ibrahim alias Chen Yinghua/Tan Eng Hoat. Sunan Ampel (Bong Swie Ho) alias raden Rachmat dibabarkeunnana teh dina warsih 1401 di Champa (Kamboja kiwari). Mantenna sumping ka tanah Jawa dina warsih 1443. Dina waktos harita di Champa kalintang seueurna urang Tionghoa Muslim anu marukim di dinya. Dina warsih 1479 Sunan Ampel ngadegkeun Masjid Demak. Oge mantenna pisan nu ngarancang pikeun ngadegna karajaan Islam wiwitan di Jawa nu puseur dayeuhna aya di Bintoro Demak. Lajeng diistrenan Raden Patah alias Chen Jinwen – Tan Jin Bun salaku Sultan munggaran. Mantenna teh putera pituin ti Cek Kopo di Palembang. Urang Portugis ngalandi Raden Patah teh ku sesebatan "Pate Rodin Sr" salaku "Persona de grande syso" (insan nu kalintang wijaksana) atanapi "Cavaleiro" (bangsawan nu mulia). Nanging bawiraos kitu, urang Walanda mah kirang percanten upamai Sultan Islam wiwitan di Jawa teh bibit buitna urang Tionghoa. "Ma enya sultan Islam wiwitan teh urang Tionghoa?". Karaguan eta, balukarna Residen Poortman 1928 mancen tugas ti pamarentahan Walanda nu kedah ngayakeun panalungtikan nu saestu: Naha leres Raden Patah teh urang Tionghoa? Poortman dipasihan tugas kedah ngagaladah Kelenteng Sam Po Kong, sareng ngasab alias nyita sagala naskah basa Tionghoa, nu yuswana parantos 400 tahun langkung. Seueurna nu dicandak teh kirang langkung tilu padati. Arsip-arsip Poortman eta teh dikutip ku Parlindungan nu midamel buku sajarah karajaan Islam wiwitan. Salajengna, buku eta teh seueur disitir ku Tuanku Rao sinareng Slamet Mulyana, nu pada-pada maridamel buku. Nu ngabukteuskeun yen Raden Patah teh leres-leres urang Tionghoa, tiasa ditingal sareng diaos dina Serat Kanda Raden Patah nu kagungan gelar Panembahan Jimbun. Dina babad Tanah Jawi disebat salaku Senapati Jimbun. Kecap Jin Bun (Jinwen) dina dialek Hokkian ngandung hartos "manusa kuat". Raden Patah kagungan putu nu dijenenganan Sunan Prawata alias Chen Muming/Tan Muk Ming, nyaeta Sultan pamungkas ti Karajaan Demak. Mantenna kagungan ambisi kanggo nga-islamkeun sadaya masyarakat pulau Jawa. Saupami pamaksadannana hasil, tiasa janten mantenna janten "Segundo Turco" (Sultan Turki ka II), atanapi sapertos sultan Turki Sulaeman I, nu tos kasohor komara sinareng kajembarannana. Sumber utami: D.A. Rinkes: The heiligen van Java. Jan Edel: Hikayat Hasanuddin. B.J.O. Schrieke, 1916 The Admonitions of Sen Bari: a 16 th century Javanese Muslim text attributed to the Saint of Bonang, the Haque: Martinus Nijhoff. De Graaf and Pigeaud: De eerste Moslimse Vorstendommen op Java – Islamic states in Java 1500-1700. Amen Budiman: Masyarakat Islam Tionghoa di Indonesia. Prof. Slamet Mulyana: Runtuhnya Kerajaan Hindu-Jawa dan Timbulnya Negara-negara Islam di Nusantara. Mang Ucup Email: [EMAIL PROTECTED] com Homepage: www.mangucup. net -- Ema Sujalma
