Alah ieu tah resepna ka Mh teh pami dina musik mah aliran pop progresif, sanes aliran baroque atanapi klasik deui nu dipatok kana pakem. Mang Walis mangga atuh dipairan... salam tirta enbe: MH tos ngalongok neng Acha tacan?
----- Original Message ---- From: mh <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Monday, August 25, 2008 18:24:34 Subject: Re: [kisunda] Kuring jeung Jisim kumaha upama dikawinkeun jadi kieu: sim aing, sim dewek, ki sia, ki maneh; kaci teu bah waliwis bodas? salam, mh On Mon, Aug 25, 2008 at 6:11 PM, Waliwis Bodas <waliwisbodas@ ymail.com> wrote: > Sugan baé bisa jadi mangpaat pikeun pamakéan kecap-kecap kuring jeung jisim, > ieu aya katerangan beunang ti Kamus Basa Sunda jieunan R. A. Danadibrata: > > Kuring > > 1. Kuring dina harti: > > jelema nu martabatna handap, cacah (basa Hindu: Sudra) > dipikuring: dijieun atawa dianggap bujang, badéga, jelema biasa cacah > baraya ti kakuringan: baraya ti katurunan kuring > ménak kuring: (1) nu jadi ménak lain asal turunan ménak, tapi turunan cacah > pédah gedé milikna bisa jadi ménak, (2) batur jenu balaréa, sakabéh jelema > > 2. Kuring dina harti: > > gaganti ngaran jalma kahiji, lemesna mah: sim kuring > kecap kuring kaasup basa lemes sedeng, dipakéna ku jelema nu umurna > saluhureun, tapi martabatna handap > sakuringeun: saukur cukup pikeun kuring wungkul > > > Jisim > > Jisim (kecap nu asalna tina basa Arab): wujudna badan jelema hirup atawa nu > geus jadi mayit, sok disebut ogé jasad atawa jirim. Kecap jisim sok > disambungkeun jeung abdi atawa kuring (jisim abdi atawa jisim kuring) anu > hartina leuwih lemes manan kecap abdi atawa kuring. > > New Email addresses available on Yahoo! Get the Email name you've always wanted on the new @ymail and @rocketmail. Hurry before someone else does! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/
