Sami-sami juragan. Meni jero elmu basa arabna juragan mah. Sok atuh saha anu rek medar hal-hal anu ditepikeun ku kang Oman? Ki Nong, sugan?
--- On Tue, 8/26/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Kuring jeung Jisim To: [email protected] Date: Tuesday, August 26, 2008, 12:12 AM Hatur nuhun Kang "Waliwis Bodas", Seja nambahan, sakedik, sugan aya manfaatna, 1. Kecap "kuring" sok rajeun kapanggih dina kalimah sarupa kieu: "Leupas kuring, tinggal kurung". Dina kalimah bieu, "kuring" teh hartina jiwa atawa roh atawa aspek metafisik tina jelema, sedengkeun "kurung" maksudna: raga atawa badan atawa jasad tea. Kukituna, lamun ieu ditarima, harti "kuring" nambahan ku: jiwa manusa atawa aspek nir raga ti manusa. 2. Aya sababaraha kecap dina basa Arab anu hartina waruga atawa badan atawa "the body", nyaeta "Jisim", "Jasad", oge "Basyar" (manusa dina harti biologis lawan tina "Al Insan"). Sedengkeun Ceuk teori medan makna mah moal kapati-pati aya dua atau leuwih ti dua istilah lamun masing-masing henteu beda maksudna. Anu jadi patarosan: naon wae bedana antara jisim, jasad jeung basyar teh? Upamana wae, "jasad" mah nuduhkeu badan manusa lamun bener-bener geus ditinggalkeun atawa dina harti dileupaskeun sagemblengna tina jiwa jeung rohna. Ari "jasad"? Ari "Basyar"? Tetela, seueur keneh anu kudu dipaluruh. Mangga nyanggakeun. manAR On Mon, Aug 25, 2008 at 5:11 PM, Waliwis Bodas <waliwisbodas@ ymail.com> wrote: > Sugan baé bisa jadi mangpaat pikeun pamakéan kecap-kecap kuring jeung jisim, > ieu aya katerangan beunang ti Kamus Basa Sunda jieunan R. A. Danadibrata: > > Kuring > > 1. Kuring dina harti: > > jelema nu martabatna handap, cacah (basa Hindu: Sudra) > dipikuring: dijieun atawa dianggap bujang, badéga, jelema biasa cacah > baraya ti kakuringan: baraya ti katurunan kuring > ménak kuring: (1) nu jadi ménak lain asal turunan ménak, tapi turunan cacah > pédah gedé milikna bisa jadi ménak, (2) batur jenu balaréa, sakabéh jelema > > 2. Kuring dina harti: > > gaganti ngaran jalma kahiji, lemesna mah: sim kuring > kecap kuring kaasup basa lemes sedeng, dipakéna ku jelema nu umurna > saluhureun, tapi martabatna handap > sakuringeun: saukur cukup pikeun kuring wungkul > > > Jisim > > Jisim (kecap nu asalna tina basa Arab): wujudna badan jelema hirup atawa nu > geus jadi mayit, sok disebut ogé jasad atawa jirim. Kecap jisim sok > disambungkeun jeung abdi atawa kuring (jisim abdi atawa jisim kuring) anu > hartina leuwih lemes manan kecap abdi atawa kuring. > > >
