kumaha upama dikawinkeun jadi kieu: sim aing, sim dewek, ki sia, ki
maneh; kaci teu bah waliwis bodas?
salam,
mh
On Mon, Aug 25, 2008 at 6:11 PM, Waliwis Bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sugan baé bisa jadi mangpaat pikeun pamakéan kecap-kecap kuring jeung jisim,
> ieu aya katerangan beunang ti Kamus Basa Sunda jieunan R. A. Danadibrata:
>
> Kuring
>
> 1. Kuring dina harti:
>
> jelema nu martabatna handap, cacah (basa Hindu: Sudra)
> dipikuring: dijieun atawa dianggap bujang, badéga, jelema biasa cacah
> baraya ti kakuringan: baraya ti katurunan kuring
> ménak kuring: (1) nu jadi ménak lain asal turunan ménak, tapi turunan cacah
> pédah gedé milikna bisa jadi ménak, (2) batur jenu balaréa, sakabéh jelema
>
> 2. Kuring dina harti:
>
> gaganti ngaran jalma kahiji, lemesna mah: sim kuring
> kecap kuring kaasup basa lemes sedeng, dipakéna ku jelema nu umurna
> saluhureun, tapi martabatna handap
> sakuringeun: saukur cukup pikeun kuring wungkul
>
>
> Jisim
>
> Jisim (kecap nu asalna tina basa Arab): wujudna badan jelema hirup atawa nu
> geus jadi mayit, sok disebut ogé jasad atawa jirim. Kecap jisim sok
> disambungkeun jeung abdi atawa kuring (jisim abdi atawa jisim kuring) anu
> hartina leuwih lemes manan kecap abdi atawa kuring.
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/