hatur nuhun, leres Abah, hening henang, henung tapi upami jisim kuring aya kana 2 dintena teu ngalanto ka ieu milist, hate teh teu tiasa reugreug... sifatna ieu milis ka jisim abdi NGUBARAN ka lahirna ka batin-na kuring percaya aya anu surti surti sa surti surtina aya ubar anu bakal kabuka ubar lain saubar-ubarna tapi ubar nu bakal muka kana sagala naon anu kedah dibuka
On Fri, Aug 29, 2008 at 11:11 AM, engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]>wrote: > Eeh sanes kitu, da salila hirup mah "kuring" ngancik dina kurung > sakuringna-sakuringna. Cara manggihanana lain ku cara lahir, lain ku pikir > tapi ku rasa. Metodena ku heneng jeung hening atawa ceuk basa keren mah > meditasi. Kitu manawi. > > baktos akang, > Engkus > > --- On *Fri, 8/29/08, Maman <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: > > From: Maman <[EMAIL PROTECTED]> > Subject: Re: [kisunda] Kuring jeung Jisim > To: [email protected] > Date: Friday, August 29, 2008, 9:12 AM > > > Janten supados pendak/panggih jeung jeung KURING, atuh kedah tiasa > ngaleungitkeun KURUNGna. Leres teu? > > Baktos > Mz > > *engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>* wrote: > > Sampurasun nun, ngiringan manawi aya gunana. > Dina ngaguar perkara ieu sangkan teu bingung simkuring rek nyebut diri teh > "kami" bae kawas urang kanekes (sabab eta nu bener mah). > > Dina PAPATET aya padalisan kieu: > > JUNG NANGTUNG WAWUH KA KUJUR > AJEGKEUN SAPANGADEG > HURIP INGWANG HIRUP INGSUN > JIRIM JISIM PANGANCIKAN > > > Tah dina perkara jirim-jisim jeung kuring oge naon bedana jeung > ingsun/isun, kaula atawa abdi, pamanggih simkuring numutkeun ajaran nu > katampa dina ajaran spiritual Bapak Mei aya beda jeung kanyaho umum. > > Kieu kateranganaana: > Ari "jirim" teh nyaeta wujud nu katingali atawa badan wadag (lahir) nu > asalna tina cahaya beureum (acining seuneu) - cahaya bodas (acining cai) - > cahaya koneng (acining angin) -jeung cahaya hideung (acining bumi), > sedengkeun "jisim" nyaeta wujud nu teu katingali badan halus (batin) nu > asal ti pangawasa Gusti. Jirim teh tempat pangacikan jisim (kawas dina > papatet di luhur, contona: awas ngancik di panon, denge ngancik di ceuli, > langkah ngancik di suku jsb). Tah eta jirim jeung jisim mangrupakeun parabot > nu digunakeun ku kuring pikeun ngumbara di dunya. Naha saha ari "kuring"?. > > Tah ari "kuring" mah nyaeta lain lalaki-lain awewe, lain budak lain kolot, > teu boga anak teu dianakkeun nu asalna ti Gusti jeung salawasna teu pisah > jeung Gustina jeung sifatna langgeng, ngan sok kadang kapopohokeun atawa > dipopohokeun ku jalma, nyatana nu sok ngelingan, sok mapagahan, sok nitah > bener nyaram salah nu ngancik di unggal jalma sakuringna-sakuring na. > > Ari eta nu salawasna boga kahayang jeung sok kadang sakadaek-daek teu > mikirkeun batur nu oge sok aya di unggal jalma eta saha?. Naha eta nu > disebut Syetan teh ?. > > Tah dina elmu sunda sakanyaho kami teu acan manggihan katerangan soal > syetan saperti nu digambarkeun dina agama samawi. Nu boga kahayang atawa > napsu teh nyaeta nu disebut "ingsun/isun" tea nu asal tina kajadian anyar > sanggeus ayana jirim jeung jisim nu asalna ti sagaraning hirup. Jadi > ingsun/isun mah urang dunya nu tangtu teu leupas ti pangabutuh dunya atawa > napsu-napsu dunya. > > Kunaon pangna isun boga napsu? Tangtu bae sabab kahiji ingsun urang dunya, > kaduana ingsun make wujud lahir (jirim) nu asal tina acining dunya > (seuneu-cai- angin-bumi) nu nimbulkeun napsu-napsu, geura pek ulah > napas-ulah nginum-ulah dahar-ulah make haneut, tangtu moal boga > kahayang/euweuh napsu. Tah dina ajaran nu katampa ku kami napsu-napsu ieu > teh datangna tina 4 unsur ieu, lain ti syetan nu asal ti saluareun diri > urang (ieu ceuk pamanggih kami salah sahiji bedana pamahaman ajaran sunda > keung ajaran agama sejen). > > Dina hirup urang kabeh mun dilenyepan bener-bener tangtu bakal manggihan > mana ingsun jeung mana kuring, sok sanajan susah ngabedakeunana, sabab > kuring jeung ingsun hiji tapi dua, dua tapi hiji, lir dua beulahan "mata > uang" logam mun katingali garudana, angkana teu ngatingali oge sabalikna. > Tah kuring nu asal ti Gusti ieu nu bisa nganyahokeun ka Gustina, nu bisa > nganjang ka pageto, jeung bisa nganyahokeun nu geus kajadian baheula. Ngan > memang sok sering diapilainkeun ku ingsun. > > Tah ari nu disebut "abdi", nyaeta jalma nu boga rasa rumasa keur ngabdi ka > Gustina, tah lamun geus bisa salawasna ingsun bisa ngabdi ka Gustina luyu > jeung sifat-sifat Katuhanan eta meunang pangkat "manusa", sedengkeun > "kaula" nyaeta nu boga rasa rumasa jeung keur kumawula ka dirina, kumawula > ka luluhurna (indung-bapa) , kumawula ka lemah-caina, kumawula ka bangsana > jeung kumawula ka Gustina. Tah ari "kami" nyaeta ingsun nu keur ngagunakeun > lahir jeung batin. > > Kitu sun, pamahaman kami dina perkara ieu, mudah-mudahan bae aya gunana > pikeun nambah wawasan kidulur Sunda. > > --- On *Tue, 8/26/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com>* wrote: > > From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> > Subject: Re: [kisunda] Kuring jeung Jisim > To: [EMAIL PROTECTED] .com > Date: Tuesday, August 26, 2008, 7:12 AM > > Hatur nuhun Kang "Waliwis Bodas", > > Seja nambahan, sakedik, sugan aya manfaatna, > > 1. Kecap "kuring" sok rajeun kapanggih dina kalimah sarupa kieu: > "Leupas kuring, tinggal kurung". Dina kalimah bieu, "kuring" teh > hartina jiwa atawa roh atawa aspek metafisik tina jelema, sedengkeun > "kurung" maksudna: raga atawa badan atawa jasad tea. Kukituna, lamun > ieu ditarima, harti "kuring" nambahan ku: jiwa manusa atawa aspek nir > raga ti manusa. > > 2. Aya sababaraha kecap dina basa Arab anu hartina waruga atawa badan > atawa "the body", nyaeta "Jisim", "Jasad", oge "Basyar" (manusa dina > harti biologis lawan tina "Al Insan"). Sedengkeun Ceuk teori medan > makna mah moal kapati-pati aya dua atau leuwih ti dua istilah lamun > masing-masing henteu beda maksudna. Anu jadi patarosan: naon wae > bedana antara jisim, jasad jeung basyar teh? Upamana wae, "jasad" mah > nuduhkeu badan manusa lamun bener-bener geus ditinggalkeun atawa dina > harti dileupaskeun sagemblengna tina jiwa jeung rohna. Ari "jasad"? > Ari "Basyar"? Tetela, seueur keneh anu kudu dipaluruh. > > Mangga nyanggakeun. > > manAR > > On Mon, Aug 25, 2008 at 5:11 PM, Waliwis Bodas <waliwisbodas@ > ymail.com<waliwisbodas%40ymail.com>> > wrote: > > Sugan baé bisa jadi mangpaat pikeun pamakéan kecap-kecap kuring jeung > jisim, > > ieu aya katerangan beunang ti Kamus Basa Sunda jieunan R. A. Danadibrata: > > > > Kuring > > > > 1. Kuring dina harti: > > > > jelema nu martabatna handap, cacah (basa Hindu: Sudra) > > dipikuring: dijieun atawa dianggap bujang, badéga, jelema biasa cacah > > baraya ti kakuringan: baraya ti katurunan kuring > > ménak kuring: (1) nu jadi ménak lain asal turunan ménak, tapi turunan > cacah > > pédah gedé milikna bisa jadi ménak, (2) batur jenu balaréa, sakabéh > jelema > > > > 2. Kuring dina harti: > > > > gaganti ngaran jalma kahiji, lemesna mah: sim kuring > > kecap kuring kaasup basa lemes sedeng, dipakéna ku jelema nu umurna > > saluhureun, tapi martabatna handap > > sakuringeun: saukur cukup pikeun kuring wungkul > > > > > > Jisim > > > > Jisim (kecap nu asalna tina basa Arab): wujudna badan jelema hirup atawa > nu > > geus jadi mayit, sok disebut ogé jasad atawa jirim. Kecap jisim sok > > disambungkeun jeung abdi atawa kuring (jisim abdi atawa jisim kuring) anu > > hartina leuwih lemes manan kecap abdi atawa kuring. > > > > > > > > > > > > -- Ema Sujalma
