Panuju pisan Kang,
Mung aya nangingna. Sim kuring janten emut mangsa2 janten kalong kapungkur, 
(harita mah di lembur masih keneh aya istilah santri kalong, duka ayeuna 
mah:)), 
yen kantos dipedar masalah2 anu janten pacekcokan di antara ummah teh. Salah 
tilu na nya perkawis Nabi Isa As, Imam Mahdi As, sareng Nabi Khidir As.
Saurna, kitu oge, yen kapercayaan kana masih jumenengna tokoh2 anu di luhur teh 
hanteu kaluar tina kerangka rukun iman, nanging ngalengkepan. Analogina 
sapertos 
kieu: naha urang percanten yen Iblis laknatulloh teh aya? tangtos percanten 
sanes? naha make percanten, pan teu aya dina rukun iman?; oge naha ari sawarga 
sareng naraka aya? pan sadaya urang percanten sanes? sanaos henteu lebet kana 
rukun iman oge.
Mung panginten boh kapercantenan kana ayana Iblis pleus Dajjal laknatulloh 
mangrupakeun bagian tina percanten ka hal2 ghaib sareng kana Qodho/Qodar, 
kumargi 4JJ 1 SWT parantos nakdirkeun yen eta mahluk2 teh dipasihan panjang 
umur 
dugika tilemna ieu dunya. Pon kitu deui percanten kana ayana Sawarga sareng 
naraka eta bagian tina Iman ka dinten kiamat tea.. Na timana atuh urang 
terangna? pan aya katerangannana boh dina Quran atanapi Hadist. Apanan ayat2 
anu 
nerangkeun Iblis panjang pisan dina QS Al-Baqoroh ngeunaan digelarkeunnana Nabi 
Adam As sareng Siti Hawa. Atuh nyakitu deui ngeunaan hal anu sanesna, asa 
pabalatak dina Quran oge, malihan ngeunaan Dajjal laknatulloh dina Sahih 
Bukhori 
malah disayogikeun Bab khusus,  pami teu lepat mah hadist nomer 1885 dugika 
1891, teu acan kalebet hadist2 lianna dina kitab anu sami.
Uih deui ka Nabi Isa As, Khidir As, sareng Al Mahdi As, pamendak sim kuring hal 
ieu bagian tina kaimanan urang ka kiamat tea, oge kana takdir. Naon margi, 
apanan Nabi nyalira anu ngadawuhkeunnana. Salah sahijina mangga ilo Hadist 
Bukhori nomer 1090:

"Ti Abu Hurairoh r.a., saurna Rasululloh SAW parantos ngadawuh: "Demi 4JJ 1 anu 
kaula aya dina genggemannaNa! Saestuna bakal turun ka aranjeun kabeh Ibnu 
Maryam 
nu bakal jadi hakim nu adil. Mangka dipeupeuskeun salib (ku anjeuna), dipaehan 
(sadaya) babi, dihapuskeun pajak, sareng kakayaan bakal medah-meduh, dugika teu 
aya saurang oge anu daek narima (eta kakayaan)" (terjemahan sim kuring, 
hapunten 
pami aya kasalahan, astagfirulloh..)

Atuh ngeunaan al mahdi oge nabi khidir seueur katerangannana dina kitab-kitab 
hadist anu sanesna, mung panginten samporet teuing dina email mah. Mangga ka 
para ustadz sareng kiayi nu aya di ieu mailist geura pedar. Perkawis kufur 
atanapi henteuna mah, bawiraos eta mah sanes urusan urang, mungguhing urusan Nu 
Maha Agung SWT, kantun urang tangel walerkeun masing2 wae eta mah engke di 
yaumil akhir. Siap-siap we ngawaler pertarosan engke, 

"Lain silaing teh geus dibejaan ngeunaan hal-hal eta teh ku Kami jeung Utusan 
Kami, naha meni nemen2 teuing bantangul teh?" :P (punten ah, anu ieu mah 
babalagonjangan sim kuring wungkul)

Wallohu 'alam...

Deni (sanes sasaha)








________________________________
From: Abbas Amin <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]>
Cc: [email protected]
Sent: Tuesday, July 20, 2010 8:01:40
Subject: [kisunda] Masalah Imam Mahdi.

  
Naha cenah aya Imam Mahdi teh ? Naha leres Nabi Isa masih jumeneng keneh ?
Naha aya Nabi Khidir ?
Naha matak dosa ageung lamun teu percaya ? Naha Kufur ?

Waleranana sederhana pisan.

Tingali we ajaran inti waktos di SD di sakola Agama.

Ari sakabehna RUKUN Iman; eta jumlahna genep perkara.
Kahiji Iman ka Allah; dua I,am ka sakabeh Malaikat,
jisimna bangsa nu roni.

Tilu Iman ka sakabeh kitabna Allah, anu diturunkeun ti langit;
opat Iman ka sakabeh para Rasul, nu jadi utusan Allah,
ka sadaya abdina.

Lima Iman ka na poe Kiamah, genep Iman ka na sakabeh Takdir,
anu hade anu goreng, eta kabeh papasten ti Allah,
ngan teu ridho ka nu goreng.

Tah geuning. Teu mendakan urang kedah Iman, yen Nabi Isa aya keneh.
TEu bakal Kufur urang upami teu yakin ayana Nabi Khidir.
Kantenan atuh ka Imam mah; misalna  Imam Mahdi.

Kumaha tah pandangan sim kuring kitu ? Lepat ?



 

 

Kirim email ke