Kang MH, Aya nu kalangkung.... Da di urang ge aya usum puasa usum cangkaleng (kolangkaling) tina caruluk ... buah tangkal Kawung (Nira). Tangkal kawung ceuk basa urang Kabuyutan Dukuh mah : Toko Swalayan. sagala bisa di manfaatkeun keur manusa. Malah keur sabagian urang Pakidulan mah hirup huripna tina tangkal eta.Malah aya paribahasa atawa "fatwa" nu saurna sok diamanatkeun ku Kyai ka santrina : Kul kal Kawung Wa laa takun Kal Maung... Cik ah, ka abah-abah Ki Sunda... mugia aya nu tiasa nafsirkeunna. Baktos,Zya
--- On Wed, 8/11/10, mh <[email protected]> wrote: jigana geus identik, usum puasa usum korma, usum lebaran cina usum jeruk mandarin. sabaraha loba nya eta impor korma ti nagara arab, nu unggal taun didatangkeun ka lembur urang, kitu deui impor jeruk mandarin unggal usum lebaran cina. barisaan batur mah nyiptakeun lahan bisnis teh. ngan iraha ari urang rek milu ngamajukeun industri tatanen lokal nya. misalna kaci teu mun ngamasyarakatkeun buka puasa teh ku cau raja cere, ngarah patani aya lahan marelak cau? atawa perlu aya fatwa, buka puasa dianjurkeun mengkonsumsi cau raja cere.
