hehehehe... sok ah geura cumarios nu sanesna; kade baham na bau kesturi...

--- Pada Kam, 12/8/10, oman abdurahman <[email protected]> menulis:

Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Judul: Re: [kisunda] Puasa - Buka, Milih Raja Cere atawa Korma?
Kepada: [email protected]
Tanggal: Kamis, 12 Agustus, 2010, 4:31 AM







 



  


    
      
      
      Waduh, nyaan pogot ieu obrolan. Ti mimiti munggah, tajil nepi ka "kul kal 
kawung, wa la takun kal Maung". Nuhun kang, abdi oge nembe nguping yeuh. Ngan 
sigana wae, kalimah anu kahiji teh kuduna : "Kun kal kawung" anu maksudna dina 
basa bebas: "Pek anjeun hirup lir ibarat tangkal kawung". Parobahan eta oge meh 
luyu jeung kalimah kaduana: "wala takun kal maung" anu maksudna 
kira-kira:"Jeung ulah hirup anjeun lir ibarat maung".


Meureun dumeh tangkal kawung teh meh sakabeh bagean anggotana manfaat keur 
manusa. Ti mimiti legenna (BInd: nira) pigulaeun, tangkalna pidoraneun jeung 
papan anu kacida kuatna, heta tangkalna keur aci, injuk keur jok mobil, jst.


Ari maung? sabenerna, lamun disawang tina ekosistem mah maung oge penting, 
salaku predator. Tapi, dina babasan diluhur anu dicokotna teh tangtu anu matak 
ngarugikeunana (keur nu sejen). 

Manawi kitu oge, mangga pedaran nu sanesna diantos.


manar

 




2010/8/12 Muhammad Ziaulhaq <em_...@yahoo. com>
















 



  


    
      
      
      Kang MH,
Aya nu kalangkung.. .. Da di urang ge aya usum puasa usum cangkaleng 
(kolangkaling) tina caruluk ... buah tangkal Kawung (Nira). Tangkal kawung ceuk 
basa urang Kabuyutan Dukuh mah : Toko Swalayan. sagala bisa di manfaatkeun keur 
manusa. Malah keur sabagian urang Pakidulan mah hirup huripna tina tangkal eta.
Malah aya paribahasa atawa "fatwa" nu saurna sok diamanatkeun ku Kyai ka 
santrina :
       Kul kal Kawung       Wa laa takun Kal Maung...

Cik ah, ka abah-abah Ki Sunda... mugia aya nu tiasa nafsirkeunna.
Baktos,Zya

--- On Wed, 8/11/10, mh <khs...@gmail. com> wrote:

jigana geus identik, usum puasa usum korma, usum lebaran cina usum jeruk 
mandarin.
sabaraha loba nya eta impor korma ti nagara arab, nu unggal taun didatangkeun 
ka lembur urang,

kitu deui impor jeruk mandarin unggal usum lebaran cina. barisaan batur mah 
nyiptakeun lahan

bisnis teh. ngan iraha ari urang rek milu ngamajukeun industri tatanen lokal 
nya. misalna kaci
teu mun ngamasyarakatkeun buka puasa teh ku cau raja cere, ngarah patani aya 
lahan
marelak cau? atawa perlu aya fatwa, buka puasa dianjurkeun mengkonsumsi cau 
raja cere.







    
     



 














      

    
     

    
    






  










    
     

    
    


 



  





Kirim email ke