Kun Kal Kawung Wa la takon kang Maung asana teh upama basa cirebonan, anu cocok mah siga diluhur. Wa la takon kang Maung, hartosna teh jeung ulah ngageroan (takon) maung.
mrachmatrawyani ________________________________ From: Muhammad Ziaulhaq <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thu, August 12, 2010 12:13:20 AM Subject: Re: [kisunda] Puasa - Buka, Milih Raja Cere atawa Korma? Haturnuhun Kang Oman koréksina ogé Kang MH info bukuna, mémang kedahna mah : Kun Kal Kawung Walaa Takun Kal Maung.. Ti Kulawargi simkuring aya nu aktif dina Yayasan Himpunan Ikhwan, tos lami ngembangkeun bibit Kawung, nu sateacanna cenah nungguan tai careuh..(hehe) . Dalil éta mémang tos jadi bahasa sadidinten. Pernah ogé ngadon ka Singajaya, kitu deui dalil éta memang geus teu anéh keur patani Kawung mah. Dina Dongeng Pakidulan (2007) aya carita Syeh Abdul Jalil ti Kampung Dukuh nu dakwahna di wilayah Pakidulan. Dina hiji poé anjeunna dipanggil ka kabupatén di Sukapura (tasik ayeuna), tah kabiasaanna téh sok mekel leungeun kawung, sabab mun haus tinggal neukteuk éta leungeun kawung, bakal kaluar cai amis. Cag! Zya.. --- On Wed, 8/11/10, mh <khs...@gmail. com> wrote: >From: mh <khs...@gmail. com> >Subject: Re: [kisunda] Puasa - Buka, Milih Raja Cere atawa Korma? >To: kisu...@yahoogroups .com >Date: Wednesday, August 11, 2010, 9:51 PM > > > >nuhun kang zia, kang oman infona. edun tah dalil "kul kal-kawung, wala takun >kal-maung" teh. >ieu conto kumaha hebatna kamotekaran ustad sunda, bisa ngadumaniskeun >nilai-nilai global >jeung lokal. > >noongan make google manggih buku nu judulna "Islam Rahmat Bagi Alam Semesta" >karangan >Tim Penceramah JIC, nu oge nyutat dalil di luhur. > > >2010/8/12 oman abdurahman <omana...@gmail. com> > > >>Waduh, nyaan pogot ieu obrolan. Ti mimiti munggah, tajil nepi ka "kul kal >>kawung, wa la takun kal Maung". Nuhun kang, abdi oge nembe nguping yeuh. Ngan >>sigana wae, kalimah anu kahiji teh kuduna : "Kun kal kawung" anu maksudna >>dina >>basa bebas: "Pek anjeun hirup lir ibarat tangkal kawung". Parobahan eta oge >>meh >>luyu jeung kalimah kaduana: "wala takun kal maung" anu maksudna >>kira-kira:"Jeung >>ulah hirup anjeun lir ibarat maung". >> >>Meureun dumeh tangkal kawung teh meh sakabeh bagean anggotana manfaat keur >>manusa. Ti mimiti legenna (BInd: nira) pigulaeun, tangkalna pidoraneun jeung >>papan anu kacida kuatna, heta tangkalna keur aci, injuk keur jok mobil, jst. >> >>Ari maung? sabenerna, lamun disawang tina ekosistem mah maung oge penting, >>salaku predator. Tapi, dina babasan diluhur anu dicokotna teh tangtu anu >>matak >>ngarugikeunana (keur nu sejen). >> >> >>Manawi kitu oge, mangga pedaran nu sanesna diantos. >> >>manar >> >> >> >> >> >> >> >>2010/8/12 Muhammad Ziaulhaq <em_...@yahoo. com> >> >> >> >>>Kang MH, >>> >>> >>>Aya nu kalangkung.. .. Da di urang ge aya usum puasa usum cangkaleng >>>(kolangkaling) tina caruluk ... buah tangkal Kawung (Nira). Tangkal kawung >>>ceuk >>>basa urang Kabuyutan Dukuh mah : Toko Swalayan. sagala bisa di manfaatkeun >>>keur >>>manusa. Malah keur sabagian urang Pakidulan mah hirup huripna tina tangkal >>>eta. >>>Malah aya paribahasa atawa "fatwa" nu saurna sok diamanatkeun ku Kyai ka >>>santrina : >>> >>> >>> Kul kal Kawung >>> Wa laa takun Kal Maung... >>> >>> >>>Cik ah, ka abah-abah Ki Sunda... mugia aya nu tiasa nafsirkeunna. >>> >>> >>>Baktos, >>>Zya >>> >>> >>>--- On Wed, 8/11/10, mh <khs...@gmail. com> wrote: >>> >>>jigana geus identik, usum puasa usum korma, usum lebaran cina usum jeruk >>>mandarin. >>>>sabaraha loba nya eta impor korma ti nagara arab, nu unggal taun >>>>didatangkeun ka >>>>lembur urang, >>>>kitu deui impor jeruk mandarin unggal usum lebaran cina. barisaan batur mah >>>>nyiptakeun lahan >>>>bisnis teh. ngan iraha ari urang rek milu ngamajukeun industri tatanen >>>>lokal >>>>nya. misalna kaci >>>>teu mun ngamasyarakatkeun buka puasa teh ku cau raja cere, ngarah patani >>>>aya >>>>lahan >>>>marelak cau? atawa perlu aya fatwa, buka puasa dianjurkeun mengkonsumsi cau >>>>raja >>>>cere. >>>> >>>> >>>> >>> >
