Pihatur Milis Kisunda,
Tuhan ceuk bahasa Indonesia -satuju sareng Kang MH- dina létah Sunda mah geus 
biasa "Gusti" atawa "Pangeran". matak teu kudu hésé ngabahas Tuhan maké letah 
Sunda ogé.
Aya perbédaan nu jélas antara nulis (t)uhan jeung (T)uhan.. bisa ditingali tina 
kalimat syahadat :"teu aya tuhan-tuhan (ilaaha) salian ti Tuhan (Allah)", kitu 
jeung Cak Nur mah." model tuhan -mun versi hadits- samodél riya nu termasuk 
"syirik kecil - syirkul asghor". mun maké bahasa Hasan Mustopa mah : "mangeran 
kanu lain-lain", artina tong népi ka migusti ka salain Gusti.
Nanya tentang Pangeran atau Tuhan?"Idza saalaka ibadi 'anni fa inni qorib" - 
Mun aya hamba-Na nya tentang Allah : Kuring teh deuket, ceuk Allah téh.Dina 
lain ayat, tong nanya tentang Dzat Allah, tapi tanyakeun naon wae nu ku Allah 
ciptakeun keur manusa di alam dunia.
Wallahu a'lam.Mangga dilajeng...
--- On Wed, 8/18/10, mh <[email protected]> wrote:

From: mh <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Ngeunaan TUHAN
To: [email protected]
Date: Wednesday, August 18, 2010, 6:49 AM















 
 



  


    
      
      
      nya naon hesena "tuhan" rek disundakeun ge. di lembur uing aki-aki, 
nini-nini geus biasa
nyebutna teh "pangeran" atawa "gusti" cenah.

2010/8/18 Abbas Amin <[email protected]>
















 



  


    
      
      
      Anggap we TUHAN teh bisa ditarima sabage Bahasa Sunda.

Saminggu nu kalangkung Kang Muhammad Zen tos ngajakan wargi2 kanggo

ngabahas TUHAN ieu; tapi teu aya response ti nu sanesna; mung Abbas Amin
wungkul nu ngaresponse teh.

Tah ku margi diantos antos, teu aya wae nu mitembeyan ka na ieu topik, atuh nya
si abah AA heula we lah ngawani wani maneh. sawios da kapan debatable ieuh.

Jadi sadaya gaduh kabebasan kanggo ngalungkeun pikiranana.

Samemeh kuring nepi ka na definisi atawa deskripsi; urang bahas heula topik 
Tuhan teh rek ngabahas naon, eksistensi Tuhan? Atawa dimana Tuhan?
Atawa naon ari Tuhan teh ?


Jadi nyata sebutan TUHAN teh teu gampang kitu wae jadi TOPIK; lantaran can
puguh jejer nu disebutkeun ku si A, sarua jeung Jejer nu disebut ku Si B; di na
hal ieu kudu ditempo heula naon nu rek dicaritakeun
 teh.

Geus kitu mucunghul masalah lain deui nya eta: naha TUHAN teh nu NYIPTA
manusa, atawa manusa nu NYIPTA Tuhan ?
Wah tambah     ngalegaan deui ambahanana.

Masalah eksistensi Tuhan. Naha enya aya kituh Tuhan teh ?


Masalah dimana Tuhan ? nyebut Tuhan2 sababaraha kali. tapi dimana atuh eta
nu disebut Tuhan teh ?

Kuring ayeuna mah maning ge nyaritakeun TUHAN nu sagemblengna, atawa
eksistensi sakaligus dimana Tuhan tea.


Ti mana kuring ngamimitian ieu caritaan ? Kuring bakal ngamimitian ti na Qur_an;
atawa ti na Asmaul HUSNA; lantaran nya ti dinya pisan urang bakal beuki jelas
ka sosok nu disebut TUHAN teh.

Tah ku sakitu, pasti ieu bakal panjang lebar..................

enya ge kuring ngamimitian, tapi can puguh tuntas ; tah di na waktu nulis ieu;
bebas satiap anggota milis nuliskeun pikiranana . Sok mangga.............

HANCA



      

    
     

    
    






  










    
     

    
    


 



  











      

Kirim email ke