Numawi sanes teu maos, mung ari dina kayakinan kuring mah, Tuhan teh sanes 
bahan diskusi, sanajan debatable, sanajan ngabuntut bangkong, tetep dina 
akhirna mah paur aya kasimpulan nu ternyata kaliru, pan bisa jadi urang 
musyrik, boh karasa boh teu karasa. Apanan musyrik mah dosa gede nu moal bisa 
dihampura.
Pan saur dina salah sahiji ayat (punten kirang paos dina ayat naon, cmiiw...) 
parantos dijentrekeun yen urang sbg makhluk ulah nananyakeun zat Allah, urang 
mah wajib nalingakeun/nitenan  naon2 ciptaan-Na, ti dinya urang wajib ngaimanan 
kana sifat2-Na.

Hatur nuhun. 

Sent from MobilePhone®

-----Original Message-----
From: Abbas Amin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 18 Aug 2010 16:42:11 
To: kisunda<[email protected]>; <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Ngeunaan TUHAN

Anggap we TUHAN teh bisa ditarima sabage Bahasa Sunda.

Saminggu nu kalangkung Kang Muhammad Zen tos ngajakan wargi2 kanggo
ngabahas TUHAN ieu; tapi teu aya response ti nu sanesna; mung Abbas Amin
wungkul nu ngaresponse teh.

Tah ku margi diantos antos, teu aya wae nu mitembeyan ka na ieu topik, atuh nya
si abah AA heula we lah ngawani wani maneh. sawios da kapan debatable ieuh.
Jadi sadaya gaduh kabebasan kanggo ngalungkeun pikiranana.

Samemeh kuring nepi ka na definisi atawa deskripsi; urang bahas heula topik 
Tuhan teh rek ngabahas naon, eksistensi Tuhan? Atawa dimana Tuhan?
Atawa naon ari Tuhan teh ?

Jadi nyata sebutan TUHAN teh teu gampang kitu wae jadi TOPIK; lantaran can
puguh jejer nu disebutkeun ku si A, sarua jeung Jejer nu disebut ku Si B; di na
hal ieu kudu ditempo heula naon nu rek dicaritakeun teh.

Geus kitu mucunghul masalah lain deui nya eta: naha TUHAN teh nu NYIPTA
manusa, atawa manusa nu NYIPTA Tuhan ?
Wah tambah     ngalegaan deui ambahanana.

Masalah eksistensi Tuhan. Naha enya aya kituh Tuhan teh ?

Masalah dimana Tuhan ? nyebut Tuhan2 sababaraha kali. tapi dimana atuh eta
nu disebut Tuhan teh ?

Kuring ayeuna mah maning ge nyaritakeun TUHAN nu sagemblengna, atawa
eksistensi sakaligus dimana Tuhan tea.

Ti mana kuring ngamimitian ieu caritaan ? Kuring bakal ngamimitian ti na Qur_an;
atawa ti na Asmaul HUSNA; lantaran nya ti dinya pisan urang bakal beuki jelas
ka sosok nu disebut TUHAN teh.

Tah ku sakitu, pasti ieu bakal panjang lebar..................
enya ge kuring ngamimitian, tapi can puguh tuntas ; tah di na waktu nulis ieu;
bebas satiap anggota milis nuliskeun pikiranana . Sok mangga.............

HANCA



      

Kirim email ke