mun nitenan tulisan jo-rigg, cenah /gusti/ kecap serapan nu diadaptasi dina
basa sangkrit.
ari /pangeran/ mah cenah asli basa garut, eh sunda, hehehe.

/pangeran/ cenah asal kecapna /era/ dirarangkenan ku awalan /pang/ jeung
akhiran /an/.
ari /era/ cenah hartina "bashfullness" atawa "shamefacedness" alias isin
ceuk urang garut
mah. meureun /pangeran/ ngandung harti dzat nu patut dipikaera, nu patut
dipikaajrih.

catetan:
jo-rigg aka jonathan rigg, bule nu ngarang kamus sunda-inggris, terbit taun
1862.

2010/8/18 Ahmad Sahidin <[email protected]>

>
>
>
> satuju Ki Hasan. Pangeran atanapi Gusti we keur urang Sunda mah. Punten,
> dupi aya teu nu tiasa ngajentrekeun asa usul kalimah/kata "Pangeran" atau
> "Gusti". Rarasan kuring mah Gusti dinggo oge ku urang Jawa. Nyebat raja
> atanapi salahsahiji kulawarga raj di Jawa mah, nyebatna ge Gusti. Gusti
> Pembayun. Ari di Urang Sunda kumaha, kapungkur nuju zaman karajaan baheula?
>
>
>
>  
>

Kirim email ke