Ari dina bahasa sunda Gusti tiasa teu namina Dewa oge...?

Lanjutan Bahasan
Carita di handap ieu memang carita anu kajadian dina benak (sungsuam) pamikiran 
anu cenah anjeunna henteu percaya Tuhan, memang penting kirana urang dina 
masalah Neangan Gusti atawa pencarian Tuhan teu nganggo elmu Taqlid, kulantaran 
dina masalah ieu pertarosan hirup urang nu awal anu teu acan napak kana nanaon 
samisal kitab atawa ceuk cenah batur jadi Taqlid teu tiasa ngajawab pertarosan 
asasi manusa.saperti lamun urang ngalenyepan kurilingan pertarosan tina 
kahirupan anu asasi dina hirup urang teh aya 3 

1. Timana Urang teh --- jawabanna ti Gusti anu nyiptakeun urang (Ketuhanan)
2. Kumaha urang hirup teh kudu kumaha--- jawabanna teh kudu ngiringan ajaran 
utusanNana (Kenabian)
3. Kamana urang hirup teh akhir hirup urang teh kamana --- jawabanana hari 
akhir 
(ma'had)

lamun ceuk basa lainna mah : DARI---BAGAIMANA--KEMANA (TI 
MANA---KUMAHA---KAMANA)

pertarosan diluhur  bakal aya dina benak urang boh sadar atawa teu sadar... 
sanajan ceuk paribasa urang can nyekel naon2 anu disebatna kitab suci atawa nu 
lainna, ku kituna Gusti nu Maha Agung Moal mungkin Dhalim ka makhlukna ku 
pertarosan anu aya ieu... Gusti nu Maha Agung tos masihan ka urang Nur petunjuk 
Atawa nu disebat nabi dalem dina diri urang diantarana anu paling sederhana 
Fitrah urang. karasa teu karasa diri urang sadaya ngarasa yen Aya anu Maha 
Agung 
Aya anu Maha anu leuwih ti urang Aya Anu Maha sagalana. contohna teu aya dina 
sajarah anu disebatna Atheis HAKIKI atawa bener2 teu percaya tuhan... walaupun 
salah dina penyembahanana, jalmi anu di hutan wae nyembah tatangkalan anu gede 
atawa ruh atawa seuneu atawa panonpoe sareng nu sejenna. Anu ngaku atheis  mah 
ngan saukur dina letah ari hate na mah ngaku aya anu agung aya anu Maha, Aya 
ceunah carita tentara Unisoviet kapungkur anu Atheis cenah mah  pas deuk terjun 
dina pesawat teu bisa muka payung terjunna ari pek teh manehna nyebut OH GOD 
... 
eiy Tuhan ... atawa Fir'aun pas deuk tileuleup nyebutkeun KURING IMAN KA RAB NA 
MUSA... 


salain dalil fitrah anu paling lembut anu paling halus jeung sederhana ieu 
GUsti 
Allah oge Masihan anu disebatna AQAL--Aqal ieu anu jadi nur petunjuk awal urang 
pikeun neangan hakikat --- pikeun neangan timana Urang sadaya? Aqal sanes 
akal2an anu sok dianggo ku basa urang sunda sapopoe, akal didieu maksudna 
cahaya 
patunjuk anu ngagungan kaidah2 anu sami di sadaya jalmi anu sehat akalna sanes 
anu ruksak disebabkeun ku hal-hal anu ngaruksak boh ku paksaan atawa ku efek 
anu 
memabukkan... Akal pada hakikatna selaras jeung Quran, kulantaran Allah moal 
mugkin masihan petunjuk lain samisal Quran anu bertolak belakang jeung Aqal 
manusia. cuman kadang akal anu kahijab ku hawa nafsu anu nutupan hal ieu anu 
saakan2 misah jeung Quran alkarim.

pertarosan perihal ketuhanan dina carita dihandap hiji misal yen Islam Agama 
rahmatan Lil'alamin kumaha Islam bisa jadi patunjuk ka sagala subjek , bidang 
jeung latar belakang kayakinan jeung pamikiran. boh nu geus beragama bari jeung 
salah, boh nu geus nyembah tuhan bari jeung salah boh nu teu percaya tuhan 
sekalipun.

dina Quran geuning disebatkan KANGGO JALMI ANU PERPIKIR KANGGO JALMI ANU 
MENGETAHUI  KANGGO JALMA ANU BERTAFAKKUR JEUNG nu sanesna.

Aya carita di mesjid saurang penceramah nyarios : Quran Mah ulah nganggo Akal 
---cukup dipahami jeung jalankeun we...
teras aya pertarosan : Ari Alat pikeun memahami naon ?
penceramah : cicing teu ngajawab...
teras salahsahiji jamaah mesjid nyarios: lamun ningali alatna soca, lamun 
ngadangu alatna ceuli lamun ngarasa alatna leungeun tah lamun Paham Alat na 
akal, kukituna Akal oge penting dina memahami Alquran Al-KArim, komo deui dina 
makrifat Keberadaan Tuhanna.

Lamun Carita dihandap anu Atheis tea naros ka Kiayi kumaha urang ngajawabna:
Atheis : Aya henteu Gusti Teh?
Jawab : Aya 
Naon Dalilna : dalil na seueur diantara fitrah anjeun jeung Akal Anjeun
Atheis : NAon tah ?
Jawab :lamun fitrah: Anjeun bisa ngarasa aya anu leuwih Agung Aya Anu lewih 
Maha 
Aya Anu leuwih PIntar ti urang sadaya.
Atheis : Ah henteu Urang mah teu ngarasa kitu
Jawab : Anjeun pernah ngarasa siuen, butuh , lamun keur geuring butuh batur nu 
ngobatan ,lamun keur naik kapal atawa mobil sieun cilaka, lamun aya binatang 
buas sieun dicakar?
Atheis : heueuh eta mah puguh atuh...
JAwab : tah eta rasa anjeun teh ngarasa anu leuwih ti anjeun sanaos anu leuwih 
ti anjeun na can nepi ka Gusti ...rasa sieun ngamastikeun ayana kabutuhan urang 
pikeun ngaleungitkeun sieun ieu, da lamun teu boga kabutuh nu ngaleungitkeun 
ieu 
rasa moal aya rasa sieun
              Lamun anjeun deuk tilelep naha anjeun beut sieun maot, lamun 
anjeun teu yakin Gusti NU maha Agung anjeun teu kudu sieun. anjeun dina kaayaan 
eta PASTI bakal menta tulung ka saha wae?
Atheis : heueuh tapi urang mah menta tulungna ka jelema
JAwab : Lamun euwueh sasaha ka saha anjeun rek menta Tulung lian ti Zat anu 
Maha 
Penolong.

Atheis : Urang ngarasa memang kitu tapi can puas dalilna cing ku Akal kumaha?
JAwab : Memang Fitrah mah dalil anu paling halus lemah rereana ku rasa ku 
leuleunyepan anjeun ku ningali Alam semesta ku ningali kaayaan jeung tapa diri. 
Lamun Akal kieu: Anjeun ningali eta roda sapeda naha beut muter?
Atheis : NYa atuh pan aya nu muterkeun
Jawab : Tah kumaha Ieu Dunia jeung alam semesta anu aya ieu bergerak tur bumi 
muter tur cai ngocor, tur tatangkalan tuwuh tur soca anu mineung ngiceup teu 
baseuh baseh, tur tinu cai spera jeung Ovum tiasa aya anjeun, tur ....
Atheis : pan eta mah kajadian Alam , pegerakan Atom anu ceuk fisika mah Energi 
anu nyebabkeun eta sadaya, tina molekul2 eta ekar ngumpul jadi we anu 
disebatkeun ku anjeun
lamun bumi muter mah ku gaya jero bumi jeung luarna jeug gravitasina...
Jawab :Ayeuna Lamun Anjeun ningali saha anu nyieun molekul saha anu nyieun atom 
 
eta bijil kitu wae (nyalira biljilna), Ari enerfi timana bijilna , ari gaya 
gravitasi timana bijilna
Atheis : nya eta mah ti Efek Alam
Jawab : ari Efek Alam ti Mana jadi berefek
Atheis : nya tina atom2 oge
Jawab : Ari kitu mah eta namina Circel Thinking atawa daur atawa mutir cara 
berpikirna , anu dina hakikat jeung kaidah logika naon anu muter atawa daur tea 
bathil dalilna alias teu mungkin ayana.
Atheis : Kunaon Daur teh teu mungkin
Jawab : Kieu : anjeun apal naon kontradiksi teh ?
            kontradiksi salhsahijina dina waktu syarat tempat jeung syarat2na 
nu 
lain sami anjeun Lalaki anjeun oge awewe, mungkin teu? 

Atheis : nya teu mungkin atuh 
Jawab : tah geuningan paham, lamun dina hiji waktu si Alam disebatna Sebab 
jeung 
Akibat bisa henteu , artina lamun si Alam teh sebab kanggo atom, tapi akibat 
oge 
kanggo atom?
Atheis: nya ari kitu mah paham teu mungkin
Jawab : Ku kituna teu mungkin yen Alam ieu teh bijilna ku cara pikiranna daur 
tadi. kudu Aya Sebab anu lain Akibat tah nyesana Akibat .
Atheis : nya ari kitu mah ngarti .Jiga Saha anu ti heula endog heula atawa 
hayam 
heula?
JAwab : tah jawabanana pertanyanana anu salah , kudu na mah pertarosanana saha 
anu ti heula ti dua2 na?
Jawab : Tah saha atuh anu nyebabkeun Alam anu luas jeung pinuh ku bintang2 
jeung 
rahasiana anu urang oge nepi ka ayeuna can nepi ka planet Saturnus oge ? 

Atheis : nya kudu aya sesuatu anu diluar eta anu sebab pikeu Alam ieu
            Tapi lamun kieu kumaha Manusa ti sperma ataw ovum, sperma ti cai, 
cai tina molekul, molekul tina atom atom tina proton elektron, proton elektrion 
tina mikro ptroton, mikro proton tina mega mikro, mega tina giga miko, nepi ka 
teu aya ujungna
Jawab : Tah LAmun Ieu mah disebatna Tasalsul atawa anu euweuh tuntungna nu kieu 
oge teu mungkin 

Atheis: kunaon teu mungkin tasalsul ?
Jawab: Kulantaran Tasalsul hiji pemikiran anu ngaleungitkeun sebab dina bahasa 
sanesna kabehna akibat

misal A ti B ti C ti D ti ..... nepi ka euwueh ujungna tah A nepi ka ... teh 
akibat kabeh... tah ;lamun akibat euwuh sebab na oge teu mungkin , kulantaran 
akibat mah teu mere sebab. 

Atheis : jadi kumaha
Jawab : kudu aya anu Sebab na aku bisa mere akibat.
JAwab : mungkin teu eta penyebab teh lemah tur teu bisa nanaon ?, teu mungkn 
pan! Penyeab kudu Anu maha Pinter Anu MAha AGUng Anu Maha Sagala kasampurnaan 
anu ceuk urang disebatna teh Gusti, PAngeran, atawa Tuhan , God, Khuda, Rab, 
Dewa dll

tah ieu salah sahiji dalil anu nganggo aqal anu tina akibat ka sebab , anu 
disebatkeun ku Quran Mah tingali Ciptaanana pikeun makrifat Rab na. Tapi aya 
oge 
dalil lainna ti Aqal oge tina Sebab ka Akibat , tah biasana ieu dibahas ku Elmu 
FILSAFAT JEUNG IRFAN, perihal WUJUD 


lamun aya anu ditaroskeun mangga...
salanjutna Dalil Yen PAngeran teh Hiji dua atawa tilu 

Allahumma shalli ala muhammad waali Muhammad
zen






________________________________
From: Ilen Kardani <[email protected]>
To: "[email protected]" <[email protected]>
Cc: "[email protected]" <[email protected]>
Sent: Thu, August 19, 2010 4:14:04 PM
Subject: Re: [kisunda] Ngeunaan TUHAN

  
Asa heurin ku letah arek ngomongkeun Gusti bari dipencrong ku Anjeuna.

Sent from my iPhone

On Aug 19, 2010, at 22:34, Mohammad zen <[email protected]> wrote:


  
>Mempeung bulan Ramadan Alus yeuh Ngenaan Tuhan.
>1. Naha Tuhan teh Aya henteu
>
>a. Aya ceuk ahli zindik mulhad teu percaya tuhan nanya ka kiayi naha tuhan teh 
>aya teu?
>kiayi ngajawab : Aya atuh 
>Atheis : Naon dalilna
>Kiayi ngajawab : dina Aquran sok geura Baca, saenya2 na Allah anu nyimtakeun 
>kabeh makhluk
>Atheis: tapi urang teu percaya Alquran kumaha atuh 
>Kiayi : kudu maneh percaya Alquran
>Aheis : Ari Quran teh naon ?
>Kiayi : Quran teh kalam Tuhan
>Atheis : lah naha beut kitu kuring pan teu percaya Tuhan , teras kudu percaya 
>kalam tuhan pan mulirit, Tuhan na oge teu percaya komo deui firman Na.
>Kiayi : lieur """""""""lieur"""
>
>
>b. Aya seorang Yahudi anu nanya ka saurang sahabat nabi 
>Yahudi : dimana Tuhan
>Sahabat : Tuhan duduk di atas arasy di  langit
>Yahudi : lamun kitu mah di bumi kosong ku tuhan
>Sahabat : dasar maneh zindik
>
>
>
>
>
>
>
>
________________________________
From: Mohammad zen <[email protected]>
>To: [email protected]
>Sent: Thu, August 19, 2010 6:24:08 AM
>Subject: Re: [kisunda] Ngeunaan TUHAN
>
>  
>Maksad na tina ayat teh urang moal nepi kana Memahami Zat Allah, tapi lain teu 
>kenging mempelajari Makrifat ka Allah ... kulantaran memahami berarti 
>membatasi 
>naon2 anu ku urang batasan. ku kituna perlu ayana elmu makrifatillah boh 
>jalanna 
>tinu sabab ka akibat atawa dina akibat ka sabab.boh jalanna ku elmu kalam boh 
>jalanna ku elmu filsafat atawa jalanna ku elmu tasawuf, irfani. anu sbenerna 
>mah 
>eta elmu teh bersumber oge dina Alquran.
>
>kulantaran lamun urang teu makrifat kana Allah jeung sifat2nya anu disebatkeun 
>dina Alquran maka urang bisa2 menyerupakanana jeung membatasiNa di na alam 
>khayal urang, sapertos kaum anu mentasybihkan jeung menjismikan Allah. 
>sapertos 
>Allah gaduh leungeun , Allah gaduh mastaka, suku jeung rarai, anu seueur 
>geuning 
>pendak dina kitab2  anu menafsirkan  Alquran dzahirna wungkul, saperti Ibnu 
>taimiah anu nyebatkeun yen Allah boga leungeun.
>
>
>sok lanjutkeun deui pembahasan makrifatullah na...
>
>
>
________________________________
From: Muhammad Ziaulhaq <[email protected]>
>To: [email protected]
>Sent: Wed, August 18, 2010 10:30:27 PM
>Subject: Re: [kisunda] Ngeunaan TUHAN
>
>  
>Pihatur Milis Kisunda,
>
>
>Tuhan ceuk bahasa Indonesia -satuju sareng Kang MH- dina létah Sunda mah geus 
>biasa "Gusti" atawa "Pangeran". matak teu kudu hésé ngabahas Tuhan maké letah  
>Sunda ogé.
>
>
>Aya perbédaan nu jélas antara nulis (t)uhan jeung (T)uhan.. bisa ditingali 
>tina 
>kalimat syahadat :
>"teu aya tuhan-tuhan (ilaaha) salian ti Tuhan (Allah)", kitu jeung Cak Nur 
>mah." 
>model tuhan -mun versi hadits- samodél riya nu termasuk "syirik kecil - 
>syirkul 
>asghor". mun maké bahasa Hasan Mustopa mah : "mangeran kanu lain-lain", artina 
>tong népi ka migusti ka salain Gusti.
>
>
>Nanya tentang Pangeran atau  Tuhan?
>"Idza saalaka ibadi 'anni fa inni qorib" - Mun aya hamba-Na nya tentang Allah 
>: 
>Kuring teh deuket, ceuk Allah téh.
>Dina lain ayat, tong nanya tentang Dzat Allah, tapi tanyakeun naon wae nu ku 
>Allah ciptakeun keur manusa di alam dunia.
>
>
>Wallahu a'lam.
>Mangga dilajeng...
>---  On Wed, 8/18/10, mh <[email protected]> wrote:
>
>
>>From: mh <[email protected]>
>>Subject: Re: [kisunda] Ngeunaan TUHAN
>>To: [email protected]
>>Date: Wednesday, August 18, 2010, 6:49 AM
>>
>>
>>  
>>nya naon hesena "tuhan" rek disundakeun ge. di lembur uing aki-aki, nini-nini 
>>geus biasa
>>nyebutna teh "pangeran" atawa "gusti" cenah.
>>
>>
>>2010/8/18 Abbas Amin <[email protected]>
>>
>>  
>>>Anggap we TUHAN teh bisa ditarima sabage Bahasa Sunda.
>>>
>>>Saminggu nu kalangkung Kang Muhammad Zen tos ngajakan wargi2 kanggo
>>>ngabahas TUHAN ieu; tapi teu aya response ti nu sanesna; mung Abbas Amin
>>>wungkul nu ngaresponse teh.
>>>
>>>Tah ku margi diantos antos, teu aya wae nu mitembeyan ka na ieu topik, atuh 
>nya
>>>si abah AA heula we lah ngawani wani maneh. sawios da kapan debatable ieuh.
>>>Jadi sadaya gaduh kabebasan kanggo ngalungkeun pikiranana.
>>>
>>>Samemeh kuring nepi ka na definisi atawa deskripsi; urang bahas heula topik 
>>>Tuhan teh rek ngabahas naon, eksistensi Tuhan? Atawa dimana Tuhan?
>>>Atawa naon ari Tuhan teh ?
>>>
>>>Jadi nyata sebutan TUHAN teh teu gampang kitu wae jadi TOPIK; lantaran can
>>>puguh jejer nu disebutkeun ku si A, sarua jeung Jejer nu disebut ku Si B; di 
>na
>>>hal ieu kudu ditempo heula naon nu rek dicaritakeun  teh.
>>>
>>>Geus kitu mucunghul masalah lain deui nya eta: naha TUHAN teh nu NYIPTA
>>>manusa, atawa manusa nu NYIPTA Tuhan ?
>>>Wah tambah     ngalegaan deui ambahanana.
>>>
>>>Masalah eksistensi Tuhan. Naha enya aya kituh Tuhan teh ?
>>>
>>>Masalah dimana Tuhan ? nyebut Tuhan2 sababaraha kali. tapi dimana atuh eta
>>>nu disebut Tuhan teh ?
>>>
>>>Kuring ayeuna mah maning ge nyaritakeun TUHAN nu sagemblengna, atawa
>>>eksistensi sakaligus dimana Tuhan tea.
>>>
>>>Ti mana kuring ngamimitian ieu caritaan ? Kuring bakal ngamimitian ti na 
>>Qur_an;
>>>atawa ti na Asmaul HUSNA; lantaran nya ti dinya pisan urang bakal beuki jelas
>>>ka sosok nu disebut TUHAN teh.
>>>
>>>Tah ku sakitu, pasti ieu bakal panjang lebar..................
>>>enya ge kuring ngamimitian, tapi can puguh tuntas ; tah di na waktu nulis 
ieu;
>>>bebas satiap anggota milis nuliskeun pikiranana . Sok mangga.............
>>>
>>>HANCA
>>> 
>>>
>> 
>
>
>
 


      

Kirim email ke