Ari mireng angklung teh, sok inget jaman waktu sakola SMP baheula (awal 1970 
an). Harita di SMPN Kadipaten-Majalengka aya sa set angklung pikeun barudak 
diajar kasenian. Biasana mah maen angklung teh kaasup kana palajaran ekstra 
Kurikuler. Ari latihanana teh sore-sore nepi ka wanci magrib. Guru kasenianana 
teh Pak Dodo Darsodo ngarangkep jadi Guru Basa Inggris. Guru basa Inggrisna pa 
Dodo,  waktu tolab di Bandung nyaeta Pa Suhud Warnaen.

Pak Dodo teh jago maen biola. Jadi upama barudak maen angklung, pak Dodo mirig 
laguna ku biola. Harita kuring diajar lagu-lagu standar kayaning "burung 
kakatua" nepi ka lagu-lagu  kroncong. Sok diajarkeun oge lagu-lagu klasik barat 
kayaning Lapaloma, Ramona jrrd. Jadi kuring mah samemeh bisa maen hitar (gitar) 
teh maen angklung heula. Diajar wawanohan nada-nada do re mi fa so la si do teh 
nya tina angklung. Salian angklung teh aya oge  awi ged anu fungsina pikeun 
ngagantian alat musik bas. Aya oge drum, pikeun ngaramekeun nada-nada tina 
angklung. jadi angklung teh lengkap jiga hiji grup band, aya bas, drum jeung 
angklung.

Kamari tanggal 7 November, kuring saparakanca babaturan saangkatan di FISIP UI 
ngayakeun reuni, ngayakeun bakti sosial di Sakola SD Gunung Mas Puncak Bogor. 
Nyumbang sa set angklung lengkap (3 oktaf), anu bisa dimaenkeun ku 30 siswa SD, 
husus mesen ti Saung Mang Udjo. Hargana Rp 3.750.000. Padahal harita teh can 
kaluar angklung jadi hiji warisan budaya takbenda ti UNESCO. Sacara pribadi 
ngarasa reueus bisa nyumbang angklung pikeun barudak SD, sakalian nineung jaman 
baheula waktu SMP.


      

Kirim email ke