upama rek studi banding jeung jepang, tong kapalang atuh kang haji. rada
negtog ah kasimpulanana. ngabeberkeun fakta yen karate jeung kendo di jepang
diajarkeun ti sd mula, tapi kasimpulanana jadi humandeuar kurang percaya
diri. mun jepang bisa, naha urang make teu bisa?

mun nitenan film-film jepang atawa korea, maranehna aya upaya nu soson-soson
pikeun "nga-global-keun" warisan lokalna. hasilna jiga nu katitenan ku urang
sarerea: olah raga bela diri lokal khas jepang jiga karate diglobalkeun,
diekspor ka mancanagara; kadaharan khas jepang nu sahuap-sahuap, juga "neng"
susi, diglobalkeun, diekspor nepi jadi kadaharan urang bandung; malah
dongeng jepang, ngimpi jepang, rahul jepang ge teu kaliwat, komik jepang
doraemon diglobalkeun ka satungkebing langit satangkaraking jagat.

tah, naon salahna mun "silat sunda" bisa dikemas jadi pangajaran nu bisa
diterapkeun sacara masal, sacara global, nu bisa dijarkeun ka manungsa
sakolong jagat. nu katinggali ku uing paling henteu aya dua hal nu
ngalantarankeun karate jepang bisa dimasalkeun: kahiji nyusun materi ajarna
saluyu jeung tingkatan umur; kaduana nyusun peringkat pelatih nu make sistem
layer, ti mimiti sabuk bodas nepi ka sabuk hideung. tah katinggalina mah dua
unsur ieu nu ngalantarankeun karate bisa diglobalkeun sacara masal.


2010/11/19 Jalak Pakuan <[email protected]>

>
>
> Kumaha pami Studi Banding ka Jepang atuh, diditu dialajar karate, kendo ti
> SD keneh, aman aman wae tah. Tapi tradisi di urang silat diajarkeun di
> pasantren, di paguron silat atanapi di lingkungan kulawarga, lamun di ka SD
> keun rada mangmang masalah disiplin!
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
>  ------------------------------
> *Dari:* "[email protected]" <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Terkirim:* Kam, 18 November, 2010 06:17:35
> *Judul:* Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the
> intangible cultural of heritage of humanity
>
>
>
> Abdi mah tetep teu panuju silat diajarkeun di sakola, dah kedahna di
> padepokan atanapi pasantren. Sabab ari bela diri mah kedah disarengan ku
> olah batin, nyaeta kedah tiasa nyepeng peso bari teu palay ngeureut
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: *[email protected]
> *Sender: *[email protected]
> *Date: *Thu, 18 Nov 2010 03:27:46 +0000
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: *[email protected]
> *Subject: *Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the
> intangible cultural of heritage of humanity
>
>
>
> Satuju lah akang2, penca silat diajarkeun di sakola. Selain untuk olah raga
> tapi kanggo olah jiwa oge... He he he
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: *[email protected]
> *Sender: *[email protected]
> *Date: *Thu, 18 Nov 2010 03:25:37 +0000
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: *[email protected]
> *Subject: *Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the
> intangible cultural of heritage of humanity
>
>
>
> Ari abdi mah soal angklung satuju, soal silat diajarkeun di sakola teu
> panuju..
>
> Ayeuna wae teu aya pangajaran silat, barudak sakola garelut wae, komo mun
> diajarkeun silat... Atuh beuki angot barudak teh garelut...
>
> Aya bahan nu gelut na moal murid wungkul engke mah, guru na oge bakal milu
> pakepuk peureup
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: *Aschev Schuraschev <[email protected]>
> *Sender: *[email protected]
> *Date: *Thu, 18 Nov 2010 11:15:19 +0800 (SGT)
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: *[email protected]
> *Subject: *Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the
> intangible cultural of heritage of humanity
>
>
>
>   Sumuhun. Satuju pisan.
>
>
>
>
> --- On *Wed, 11/17/10, mh <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: mh <[email protected]>
> Subject: Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the
> intangible cultural of heritage of humanity
> To: [email protected]
> Date: Wednesday, November 17, 2010, 7:40 PM
>
>
>
> nu kaimpleng ku uing mah sementara aya dua kamonesan karuhun nu perlu
> dikokolakeun leuwih geten titen teh: angklung jeung penca silat.
>
> aya hadena mun ieu dua kreasi karuhun teh diasupkeun kana kurikulum sakola
> di tatar sunda. paling henteu jadi ko-kurikuler pangajaran di sakola.
>
> penca silat hade pisan keur ngawangun karakter barudak sunda nu hade
> wawanen. supaya daraek ancrub kana widang pulitik. apan kiwari mah urang teh
> jadi jalma aneh saalam dunya, urang sok harayang boga pamingpin sunda boh
> lokal oge nasional, tapi mumul ancrub kana pulitik. sanes aneh ari kitu?
> hehehe
>
>

Kirim email ke