Ngiringan... Sapuk pisan pami silat diajarkeun ti bubudak.

Pangalaman sim kuring diajar menca ti kelas opat SD dugika SMA, laju ku 
beladiri 
sanesna saatos eta, asana teh arang langka pisan ngaheurasan batur, komo dugika 
tungal teungeul mah. Malah paur nu aya. Paling sakali dua kali midang ge di 
panggung, ring atanapi di arena, da eta tempatna. Nu puguh mah asa keuheul mun 
ningali aya nu tungal-teungeul atanapi gelut rampogan teh. Atuh positifna 
janten 
teu patos hariwang bade ngalalana ka ditu ka dieu oge, asa aya cecepengan 
sanaos 
teu patos ajeg oge :D

Peerna panginten kumaha nyitak pelatih Silat anu masagi boh elmuna boh 
panemuna. 
Keun we eta mah tingal serahkeun ka ahlina, para inohong di depdiknas.
Nuhun,

Deni




________________________________
From: mh <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, November 20, 2010 15:28:14
Subject: Re: Silat ti SD Bls: [kisunda] Angklung - the world representative of 
the intangible cultural of heritage of humanity

  
nyaeta falsafahna mah keur nyiptakeun urang sunda nu teuneung ludeung tea. 
hahaha. 



2010/11/20 Jalak Pakuan <[email protected]>

  
>Mh sigana urang kedah netepkeun tujuan oge meureun falsafahna naon pentingna 
>silat diajarkeun ti (di) SD. Ari di Jepang beladiri utamana kendo diajarkeun 
>ti 
>SD teh supaya tetep mulasara "Jiwa Kebangsaan, Ksatria".Ieu reaksi ka penjajah 
>amerika nu ngalarang bangsa Jepang nyekel samurai sapopoe, padahal samurai teh 
>simbol!! Hasilna rek kumaha oge tetep nepi ka ayeuna "Cinta tanah air" tetep 
>dipulasara ku maranehna. Ayeuna lamun rek ngajarkeun silat sunda ti SD keneh 
>nya 
>kahade lamun teu ajeg fondasina, salah2 kurang disiplin jadi area preman.
> 
> 
> 
>Makarya Mawa Raharja
>
>
>
>
>
________________________________
 Dari: mh <[email protected]>
>Kepada: [email protected]
>Terkirim: Jum, 19 November, 2010 07:59:50
>Judul: Re: Silat ti SD Bls: [kisunda] Angklung - the world representative of 
>the 
>intangible cultural of heritage of humanity
>
>
>  
>upama rek studi banding jeung jepang, tong kapalang atuh kang haji. rada 
>negtog 
>ah kasimpulanana. ngabeberkeun fakta yen karate jeung kendo di jepang 
>diajarkeun 
>ti sd mula, tapi kasimpulanana jadi humandeuar kurang percaya diri. mun jepang 
>bisa, naha urang make teu bisa? 
>
>
>mun nitenan film-film jepang atawa korea, maranehna aya upaya nu soson-soson 
>pikeun "nga-global-keun" warisan lokalna. hasilna jiga nu katitenan ku urang 
>sarerea: olah raga bela diri lokal khas jepang jiga karate diglobalkeun, 
>diekspor ka mancanagara; kadaharan khas jepang nu sahuap-sahuap, juga "neng" 
>susi, diglobalkeun, diekspor nepi jadi kadaharan urang bandung; malah dongeng 
>jepang, ngimpi jepang, rahul jepang ge teu kaliwat, komik jepang doraemon 
>diglobalkeun ka satungkebing langit satangkaraking jagat.
>
>tah, naon salahna mun "silat sunda" bisa dikemas jadi pangajaran nu bisa 
>diterapkeun sacara masal, sacara global, nu bisa dijarkeun ka manungsa 
>sakolong 
>jagat. nu  katinggali ku uing paling henteu aya dua hal nu ngalantarankeun 
>karate jepang bisa dimasalkeun: kahiji nyusun materi ajarna saluyu jeung 
>tingkatan umur; kaduana nyusun peringkat pelatih nu make sistem layer, ti 
>mimiti 
>sabuk bodas nepi ka sabuk hideung. tah katinggalina mah dua unsur ieu nu 
>ngalantarankeun karate bisa diglobalkeun sacara masal.
>
>
>
>2010/11/19 Jalak Pakuan <[email protected]>
>
>  
>>Kumaha pami Studi Banding ka Jepang atuh, diditu dialajar karate, kendo ti 
>>SD keneh, aman aman wae tah. Tapi tradisi di urang silat diajarkeun di 
>>pasantren, di paguron silat atanapi di lingkungan kulawarga, lamun di ka SD 
>>keun 
>>rada mangmang masalah disiplin!
>> 
>>Makarya Mawa Raharja
>>
>>
>>
>>
>>
________________________________
 Dari: "[email protected]" <[email protected]>
>>Kepada: [email protected]
>>Terkirim: Kam, 18 November, 2010 06:17:35
>>Judul: Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible 
>>cultural of heritage of humanity
>>
>>  
>>Abdi mah tetep teu panuju silat diajarkeun di sakola, dah kedahna di 
>>padepokan 
>>atanapi pasantren. Sabab ari bela diri mah kedah disarengan ku olah batin, 
>>nyaeta kedah tiasa nyepeng peso bari teu palay ngeureut 
>>
>>Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________
 
>>From: [email protected] 
>>Sender: [email protected] 
>>Date: Thu, 18 Nov 2010 03:27:46 +0000
>>To: <[email protected]>
>>ReplyTo: [email protected] 
>>Subject: Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible 
>>cultural of heritage of humanity
>>
>>  
>>Satuju lah akang2, penca silat diajarkeun di sakola. Selain untuk olah raga 
>>tapi 
>>kanggo olah jiwa oge... He he he 
>>
>>Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________
 
>>From: [email protected] 
>>Sender: [email protected] 
>>Date: Thu, 18 Nov 2010 03:25:37 +0000
>>To: <[email protected]>
>>ReplyTo: [email protected] 
>>Subject: Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible 
>>cultural of heritage of humanity
>>
>>  
>>Ari abdi mah soal angklung satuju, soal silat diajarkeun di sakola teu 
panuju..
>>
>>Ayeuna wae teu aya pangajaran silat, barudak sakola garelut wae, komo mun 
>>diajarkeun silat... Atuh beuki angot barudak teh garelut...
>>
>>Aya bahan nu gelut na moal murid wungkul engke mah, guru na oge bakal milu 
>>pakepuk peureup 
>>
>>Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________
 
>>From: Aschev Schuraschev <[email protected]> 
>>Sender: [email protected] 
>>Date: Thu, 18 Nov 2010 11:15:19 +0800 (SGT)
>>To: <[email protected]>
>>ReplyTo: [email protected] 
>>Subject: Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible 
>>cultural of heritage of humanity
>>
>>  
>>Sumuhun. Satuju pisan.
>>
>>
>>
>>
>>
>>--- On Wed, 11/17/10, mh <[email protected]> wrote:
>>
>>
>>>From: mh <[email protected]>
>>>Subject: Re: [kisunda] Angklung - the world representative of the intangible 
>>>cultural of heritage of humanity
>>>To: [email protected]
>>>Date: Wednesday, November 17, 2010, 7:40 PM
>>>
>>>
>>>  
>>>nu kaimpleng ku uing mah sementara aya dua kamonesan karuhun nu perlu 
>>>dikokolakeun leuwih geten titen teh: angklung jeung penca silat.
>>>
>>>aya hadena mun ieu dua kreasi karuhun teh diasupkeun kana kurikulum sakola 
>>>di 
>>>tatar sunda. paling henteu jadi ko-kurikuler pangajaran di sakola.
>>>
>>>penca silat hade pisan keur ngawangun karakter barudak sunda nu hade 
>>>wawanen. 
>>>supaya daraek ancrub kana widang pulitik. apan kiwari mah urang teh jadi 
>>>jalma 
>>>aneh saalam dunya, urang sok harayang boga pamingpin sunda boh lokal oge 
>>>nasional, tapi mumul ancrub kana pulitik. sanes aneh ari kitu? hehehe
>>>
>>> 
>
>

 

Kirim email ke