Teu siap, sagalana katingali teu siap, ngadadak, asal bisa nenangkeun rahayat.. 

Nagara batur mah ukur nagara batur, nu ngurus kasalametan rahayat urang nya 
pamarentah urang sorangan

Mun pamarentah teu sanggup ngurus rahayat sorangan, nya urang kudu hideng 
ngurus diri sorangan

Nyaho pamarentah teu sanggup mulasara kasalametan urang, kunaon urang wani2 adu 
nyawa di nagri sejen ? Di nagri sorangan ge kasalametan urang teu kajaga.. Teu 
aman, bisa ujug2 bom ngabeledug hareupeun irung

Jadi ceuk kuring mah, diajar mulasara, ngajaga kasalametan diri sorangan, ulah 
ngandelkeun batur atawa pamarentah

Ulah beunang dibibita ku gedena gaji, pikir bulak balik resikona.. Mun teu siap 
diadu kaahlian di luar nagreg nya ulah nekad bari picilakaeun

Mun geus siap sagalana dina diri, kakara wani ngalengkah ka nagri sejen

Ngarah teu ditincak harga diri bangsa urang teh, ngirim jalma2 bodo katotoloyo 
ka luar nagreg, ngerakeun... Pantes we batur beuki teu ngahargaan ka urang...

Duh cape, kalah kukulutus
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: oman abdurahman <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Mon, 22 Nov 2010 23:05:46 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] SBY, TKI jeung Handphone?

Kumaha rek bisa ngagunakeun HP lamun jalmina dikerem, malah HP na kaburu
direbut. Dasar....:) Ngabandungan padungdengan diskusi soal TKI/TKW bieu di
salah sahiji statsiun TV aya sababaraha kacindekan sakumaha dihandap ieu:

- Kasus2 TKI (umumna TKW) di LN kacida mataka nalangsana jeung kawilang loba
(rebuan). Aya anu nasibna (baca: mayitna) can kapaluruh geus 3 taun lilana
nepi ka ayeuna;
- Urusan ngirim jiwa raga manusa Indonesia, leuwih ngenes deui, awewe anak
bangsa Indonesia, tetela leuwih loba dipasrahkeun ka swasta. Fungsi
pangawasan ti Pamarentah teu jalan. Swasta - ngaranna oge bisnis - tangtu
wae leuwih neangan untung tinimbang paduli ka nasib para TKW;
- Ku sakitu lemahna pengawasan, loba TKW anu ragrag kana perdagangan manusa;
- Ajen bangsa uran, dina hal ieu TKW,  handap pisan di LN
- Perlu moratorium pengiriman TKW ka sababaraha nagara kaasup ka Arab Saudi;
- Pamarentah katangen pisan teu boga strategi jeung rencana aksi ngokolakeun
TKW anu biluk ka nasib rahayatan sajalan bareng jeung ngaronjatkeun
kasajahtraan wargana.

manar

2010/11/22 <[email protected]>

>
>
> Maksad bah jebe mah, mikir ku tuur tea panginten hehehe
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Kumincir Wikidisastra <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Mon, 22 Nov 2010 22:43:09 +0700
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [kisunda] SBY, TKI jeung Handphone?
>
>
>
> ari nu teu boga uteuk bisa boga pamikiran kitu? mikir atuh!! hihihih...
>
> sikandar
> kumincir.blogspot.com
> su.wikipedia.org
>
> 2010/11/20 JeBe
>
>>    Ideu anu teu berkualitas alias LEBAY...
>> Pamikiran jalma nu teu boga uteuk!!!
>> Keuheul aing mah
>>
>   
>

Kirim email ke