2010/12/4 oman abdurahman <[email protected]> > > > Dina studi/elmu humaniora, mitos teh bisa jadi salah sahiji sumber > bebeneran. Hartina, aya bebeneran atawa aya elmu anu bisa ditarik tina hiji > mitos. Upamana wae, sakumaha catetan abah Surya ngeunaan "dongeng" salah > sahiji suku Dayak di pedalaman Kalbar anu nyaritakeun yen asal-usul > luluhurna eta 3 dulur ti "Sunda" anu nyebar alatan banjir gede rebuan taun > mangsa katukang (ieu carita lisan langsung katampi ku abah Surya ti hiji > kepala suku Dayak di Kalbar). Apan aya elmu anu bisa dikali tina eta "mitos" > teh. Keur naon atuh elmu anu kitu patut? Aeh...masih naroskeun manfaat elmu > nya? Mangga pilarian wae ngeunaan manfaat elmu mah da seueur ieu sumber > rujukanana. > > > Bisa jadi aya kaitan antara Sunda jeung Dayak atawa Banjar. Sakadar info awal, loba kosa kata bahasa Dayak, oge Banjar nu mirip bahasa Sunda. Malah mun ditilik tina aspek frekuensi migunakeun alfabet, antara bahasa Sunda, Dayak jeung Banjar, sarimbag pisan, tiluanana dominan migunakeun aksara "a".
-mh-
