Lamun postingan kang Halimun bisa mayen siga anu ieu, ditambah hancengan
harewos gaibna dikurangan atawa dibere katerangan anu sifatna handap asor
(upamana: yen eta harewos teh bisa wae salah), wah bakal kacida
didaragoanana ku anggota milist sejenna. Komo lamun ditambahan ku sumber
literatur atawa sumber wartana sakumaha saran Mh, baris kacida munelna.

Hiji deui catetan: maksud dimoderasi lain hartina dikaluarkeun ti milist,
tapi postinganana dipilih. Jadi, teu kudu pundung :).

manar

2010/12/4 Kumincir Wikidisastra <[email protected]>

>
>
> Hiji deui kaliwat... Hampura kuring sua-sia ka anjeun, ari sugan téh moal
> kasigeung... Da sakanyaho kuring, ari nu sok diharéwosan mah geus galib
> ngadéngé sua-sia nguang-ngaing.
>
> sikandar
>
> 2010/12/4 Kumincir Wikidisastra
>
>> Tah kitu atuh ari posting teh, ulah ukur hahaheheh kjsaasmn iamscmksajch,
>> make jeung ngaku-ngaku urang israel sagala. Jeung saha deuih nu rek
>> dikaluarkeun? Kakara dikitukeun wae ni pundung, kawas lain urang sunda
>> wae...
>>
>> 2010/12/4 Halimunan
>>
>>>   Ngan di daerah kuring mah ukur beda carita soal siliwangi teu matak
>>> jadi papaseaan nepika kaluar bahasa sia aing jiga di ieu milis.
>>>
>>  
>

Kirim email ke